WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Saba Budaya Kampung Dukuh jeung Workshop PKP Guru Basa Sunda SMP/MTs. sa-Kabupatén Garut



Ku: Hendi Ahmad Sarip

D
ina raraga ngajanggélékeun rarancang gawé tur aspirasi parapupuhu rayon katut sakumna anggota, Musyawarah Guru Mata Pelajaran (MGMP) Basa Sunda Kabupatén Garut ngayakeun ‘Studi Banding’ ka Kampung Dukuh, luyu jeung pamerdih kurikulum Basa Sunda ngeunaan matéri ‘Kaulinan Barudak Lembur’ di kelas VII, matéri Artikel kelas VIII tur matéri ‘Déskripsi Kampung Adat’ di kelas IX. Salian ti éta, tujuan kagiatan ieu téh pikeun ngariksa, ngaraksa tur ngaronjatkeun ajén-inajén budaya  bangsa titinggal karuhun nu linuhung.

Kagiatan dilumangsungkeun dina poé Saptu – Ahad, ping 5 – 6 Oktober 2019. Anapon tempat pamiangan ti Masjid Agung Garut dina jam 05.00 WIB, Subuh. Dumasar kana taliparanti, sakur tatamu nu datang ka kampung Dukuh, pamilon awéwé diperdih sangkan maké papakéan sarwa bodas, sedeng lalakina mah dipangsi hideung.
Pasamoan di kampung Dukuh nu ngawengku acara prosési bubuka; rajah kampung Dukuh ku kersana Drs. H. Iden Suparno, M. Pd., salaku pengawas pangajaran Basa Sunda; pangbagéa ti Bu Lilis Yuniarningsih Wiranatakusumah, S. Pd., salaku pupuhu MGMP Basa Sunda Kabupatén Garut; reujeung pangbagéa Mama Uluk, salaku pupuhu adat. Salian ti ngabagéakeun, Mama Uluk gé ngabébérkeun ngeunaan sajarah katut taliparanti masarakat adat.
Saréngséna acara bubuka, kagiatan diteruskan kana mikawanoh kaulinan barudak lembur Kampung Dukuh bari balakécrakan nu disayagakeun ku pupuhu éta lembur; salahsahiji kabiasaan dina ngabagéakeun paratatamu.

Saméméh jarah ka makam Syéh Abdul Jalil; nu munggaran dumuk di kampung Dukuh, sakabéh pamilon kudu kuramas heula kalawan satutasna, awak teu meunang dielap ku anduk; cukup sagaring-garing ku samping nu dipaké. Turta nalika ziarahna teu meunang maké papakéan jero. Pikeun lalaki, ka handapna, cukup dibunian ku sarung. Dipahing mawa alat éléktronik sarupaning hapé atawa nu lianna ka wewengkon makam.
Réngsé kagiatan di kampung Dukuh éta, lalampahan diteruskeun ka Gedong Lapan Santolo Pameungpeuk pikeun ngagelar kagiatan séjénna. Di antarana; workshop, pinton unjuk kabisa wawakil ti tiap rayon katut nyusun laporan kagiatan.

Poé Ahad, sakabéh pamilon pelesiran di sabudeureun basisir Santolo tepi ka waktu nu geus ditangtukeun pikeun mulang ka bumina sewing-sewangan.***

Subscribe to receive free email updates: