WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Dina Ningkatkeun Perekonomian, Pemkab Purwakarta Nga-genjot Pangwangunan Jalur Lingkar Timur

Melalui TMMD Kita Wujudkan Percepatan Pembangunan Untuk Kesejahteraan Rakyat”.

SALAHSAHIJI program Purwakarta Istimewa nu kiwari keur diteruskeun ku kapamingpinan Hj. Anne Ratna Mustika, nyaéta ngeunaan pangwangunan infrastruktur Jalan Lingkar Timur jeung Lingkar Barat.
Pangwangunan tina infrastruktur téh mangrupa jalan lingkar timur jeung lingkar barat, kiwari terus-terusan dilaksanakeun pikeun ngaronjatkeun paekonomian masarakat Purwakarta.
Pangwangunan di jalan lingkar barat éta téh, ayeuna keur ngawangun sasak. Malahan dipiharep ayana sasak éta téh, pikeun akses anu kacida pentingna. Lantaran kapayunna bisa dipaké keur patalimarga antar kabupatén, kayaning keur ngaronjatna paekonomian masarakat sacara umum.
Kajaba ti éta, keur jalan lingkar timur téh, ayeuna keur lumangsungna pangwangunan jalan diwilayah Kecamatan Campaka. Pastina mah, di Désa Cisaat, pangwangunan ngalewatan program TNI Manunggal Membangun Désa (TMMD) ka-106 nu témana “Melalui TMMD Kita Wujudkan Percepatan Pembangunan Untuk Kesejahteraan Rakyat”.
Sedengkeun Jalan lingkar timur éta téh, ngahubungkeun ti mimiti Kecamatan Kiarapedes, Cibatu, Campaka, Bungursari sarta Kecamatan Babakancikao. Kajaba terintegrasi ka jalan lingkar barat.
Sajeroning kitu, keur pangwangunan jalan lingkar timur minangka program TMMD ieu téh, nu geus tiheula dibuka langsung ku Wakil Bupati Purwakarta, H. Aming.
“Pihak Pemkab Purwakarta, ngarojong pisan program TMMD pikeun nungtaskeun pangwangunan keur kapentingan warga masarakat Kabupatén Purwakarta hususna,” kitu nu ditepikeun H.  Aming.
Lian ti éta, saur anjeuna, kalayan sinergitasna antara pamaréntah katut phak Kodim 0619 Purwakarta ieu, dipiharep leuwih gancang dina ngalayanan ka warga masarakat bisa kahontal.
“Targetna dina percepatan pelayanan ka masarakat,” pokna H. Aming. (Adv)

Subscribe to receive free email updates: