WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Lengkah Majuna Pariwisata Purwakarta Ngalewatan Aplikasi “SiPinter Berisi”


Purwakarta - Warta Sunda Onliné,
K
amajuan dina teknologi informasi dirasakeun beuki dieu, beuki ngaronjat. Pikeun etalase, penguasaan teknologi informasi di hiji daérah nepika bisa ngapresentasikeun kamajuan kabupatén atawa kota.
Dina hal ieu mah, yén Kabupatén Purwakarta tarékah jeung patéahna ku cara inovasi dina ngamangpaatkeun teknologi informasi pikeun layanan ka masarakat. Ku nyuguhkeun mangrupa aplikasi website pon kitu deui aplikasi berbasis android.
Kitu nu di tepikeun dina biantarana Bupati Purwakarta, Hj. Anne Ratna Mustika dina agenda sosialisasi jeung lounching aplikasi Sistem Informasi Pariwisata Terintegrasi (Sipinter Berisi), pokna Bupati Purwakarta, Rebo, (9/10).
“Keur ngalengkepan layanan ka masarakat tina widang pariwisata. Poé ieu, pamaréntahan Kabupatén Purwakarta ngaliwatan Bidang Pariwisata dan Kebudayaan Disporaparbud ngayakeun terobosan inovasi. Lounching aplikasi ieu téh mibanda benefit pikeun kamajuan masarakat tina widang pariwisata,” pokna.
Nurutkeun anjeunna, dipiharep aplikasi ieu téh luyu sareng fungsina dina ngalayanan ka para wisatawan jeung layanan pamaréntah ku cara ngolah usaha pariwisata dihijikeun kana aplikasi berbasis website nu dikoneksikeun kana media informasi jeung promosi pariwisata.
Ku mekarna pariwisata Kabupatén Purwakarta, ayeuna beuki dieu, beuki ngaronjat. Ngaronjat tina jumlah jeung jenis destinasi wisata, tangtu kudu tetep nyaimbangan sinergitas antara pamaréntah daérah jeung para pelaku usaha pariwisata.
“Sim kuring ngarasa reueus ku rojongan jeung inovasi nu dilakukeun ku Bidang Pariwisata dan Kebudayaan Disporaparbud," pokna.
Harepan bupati, mugia aplikasi ieu téh tiasa mangpaat pikeun warga masarakat Kabupatén Purwakarta, para wisatawan sarta pamaréntah daérah pikeun bahan upaya mapping urusan kepariwisataan.
“Engkena, bisa nangtukeun langkah kawijakan anu hadé dina hal ngamekarkeun pariwisata Kabupaten Purwakarta,” pokna Anne.
Dina kasempetan éta ogé, Kadisporaparbud Kabupaten Purwakarta, Agus Hasan Saefudin, negeskeun. Pihakna ngahaja nyieun aplikasi éta téh, pikeun ngagampangkeun masarakat. Utamana mah, keur aranjeuna nu ngabutuhkeun informasi ngeunaan kepariwisataan di wilayah gawéna.
“Sakabéh informasi ngeunaan kepariwisataan di Purwakarta aya dina hiji média nu diaranan Sipinter Berisi,” pokna Agus.
Anjeunna ogé, ngajentrekeun, yén média informasi kepariwisataan berbasis digital ieu téh disimpen di unggal hotel jeung fasilitas umum nu lainna. Sajeroning kitu, kakarek opat unit nu geus nyebar téh. Salahsahijina di Hotel Harper.
“Inyana mastikeun yén sakabéh hotel jeung fasilitas publik nu jadi inceran téh tempat-tempat anu ramé rék dipasang media informasi téa. Ari idelana mah, dipasang di 20 titik,” pokna.
Kadis ogé ngajelaskeun nu saujratna, yén aya sababara menu pilihan pikeun layanan dina média informasi éta. Contona ngeunaan informasi rumah makan has, café, tempat nongkrong jeung lokasi wisata (alam, kuliner sarta religi) nu aya di Kabupatén Purwakarta.
Engkena, ceuk Agus. Média éta téh bakal nampilkeun lokasi nu dipikahayang jeung nu dituju ku masarakat, kajaba aya petunjuk arah jalan. Lian ti éta ogé, dina média informasi éta masarakat bisa ningali data ngeunaan jumlah pengunjung wisatawan dimasing-masing destinasi.
“Ku ayana layanan média informasi éta, layanan kepariwisataan leuwih praktis,” pokna Kadisporaparbud Kabupatén Purwakarta.
Lain halna ceuk Sekretaris Disporaparbud, Heri Anwar, SH. Inyana ngararancang ieu téh tianggalna pikeun ngagampangkeun warga masarakat hususna tempat-tempat mana waé nu jadi tempat keur pangreureuhan para wisatawan. Malahan pihakna geus ngadata tina taun 2018 ahir téh, yén tempat-tempat destinasi anu dibina aya kana 81 tempat wisata.***

Subscribe to receive free email updates: