Ceuk : SRI MULYANI”, Maenya “GURU MENJADI BEBAN NEGARA”.
Ceuk : SRI MULYANI”,
Maenya “GURU MENJADI BEBAN NEGARA”.
Sim kuring salaku pangsiunan guru ngarasa prihatin, nguping cariosan Menteri Keuangan “SRI MULYANI”, yén saurna “GURU MENJADI BEBAN NEGARA”.
Teu pantes ogé sanés solusi hiji menteri anu saurna pinter, tapi nyariosna jiga kitu.
Tos sanés rusiah deui yén urang sadayana tiasa ngitung, maca sareng nulis, sadayana jasana guru.
Satiap nagara utamana negara-negara maju pasti hormat ogé ngahargaan guru, diantarana ku cara masihan kasejahteraan ka guru, nga-advokasi guru, anu merenah, standar luyu kaperyogian kahirupan sapopoéna.
Ibu Sri Mulyani…!!! ceuk kuring: “Pagawé anu jadi beban nagara mah LAIN GURU, TAPI PAGAWĚ-PAGAWĚ ANU SOK KORUPSI”. Sok uruskeun ku Ibu Sri Mulyani, lamun perlu “DIHUKUM MATI SUPAYA KAPOK”
Sanajan jumlah guru loba, tapi Tupoksi guru jelas ogé pasti pikeun NGALAKSANAKAN AMANAT UNDANG-UNDANG DASAR 1945 UNTUK MENCERDASKAN KEHIDUPAN BANGSA.
Anu teu jelas mah “GAJI GURU YANG JAUH DARI UMR INDONĚSIA”.
Ibu Sri Mulyani, saupami badé merenahkeun guru mangga talungtik kasus di lapangan anu ceuk cenah ogé ceuk béja, wallahu alam bener salahna……… aya iuran atanapi pungutan ka guru-guru ti oknum organisasi anu tara ngabélaan guru. Kawajibana wé ditungtut ogé kudu dilaksanakeun, na……...ari hakna teu diuruskeun………
Tos biasa guru mah sok dizolimi, sabab dijadikeun sasaran empuk. Alhamdulillah guru teu weléh sabar……
Sakuduna..….. lamun ieu mah lamun, di Indonesia aya organisasi guru anu bisa melindungi guru, membela guru, mengadvokasi guru jeung men-sejahterakan guru, nya…. “AYEUNA WAKTUNA KETUA ORGANISASI BERGERAK UNTUK MEMERINTAH DAN MEMBERI KOMANDO KEPADA SELURUH GURU DI INDONESIA AGAR BERHENTI MENGAJAR SEBAB GURU MENJADI BEBAN NEGARA”.
Jigana leuwih alus, lamun guru jadi beban negara, mangka di Indonésia teu kudu aya guru, sakali deui sabab guru jadi beban nagara…………… Jadi teu kudu aya guru di Indonésia………..
Kadeudeuh, kanyaah sim kuring ka guru: “NEGARA YANG MAJU ADALAH NEGARA YANG PENDIDIKANNYA MAJU, TERMASUK GURUNYA MENDAPAT KESEJAHTERAAN IDEAL DAN SESUAI STANDAR UMR”.
Ya Allah….mugia aya jalmi anu leres-leres wantun kanggo ngabéla guru tanpa kapentingan pribadi ogé kelompok…….
Ya Allah……… mugia sadayana guru dipaparin kawani kanggo mélaan dirina sorangan…….. Ya Allah……… mugia sadayana guru dipaparin kakiatan, kaséhatan, kasabaran, katabahan sareng katawakalan…….. Aamiin.
Jum’at, 22 Agustus 2025.
Curhat haté minangka kaprihatinan,
kadeudeuh sareng kanyaah ka guru.
Ade Suryadin
0 Response to "Ceuk : SRI MULYANI”, Maenya “GURU MENJADI BEBAN NEGARA”. "
Posting Komentar