Bungah Amarwatasuta keur Désa jeung SMPN 1 Darangdan Narima MBG
Bungah Amarwatasuta keur Désa jeung SMPN 1 Darangdan Narima MBG
Pihak SMPN 1 Darangdan narima Program Makan Bergizi Gratis (MBG) disaksikan ku Kepala Désa Darangdan. *
DARANGDAN - Grup Majalah Warta Sunda,-
Program Makan Bergizi Gratis (MBG) nu diimplementasikan ka sabaraha sakola di Kabupaten Purwakarta, ti Januari 2025 nu kaliwat. Program Présiden Prabowo Subianto éta disalurkeun ka unggal sakola sa-Indonésia hususna disakuliaheun sakola nu aya di Purwakarta.
Saperti halna poé Salasa, (19/8/2025) ayana distribusi Program Makan Bergizi Gratis nu dipuseurkeun di Kecamatan Darangdan, malah mandar di puseurkeunna di Dapur SPPG Depok, minangka program mitembeyan, program Makan Bergizi Gratis.
Malah mandar pikeun mitembeyan program éta téh SMPN 1 Darangdan Narima MBG, Bungah Amarwatasuta keur Desa jeung SMPN 1 Darangdan mah.
Ceuk Kepala SMPN 1 Darangdan, Cucu Agus Hidayat, S.Pd, M.Pd., ka Grup Majalah Warta Sunda, ngecéskeun yén tina data kurang leuwih 585 urang siswa SMPN 1 Darangdan nu narima Makan Gizi Gratis ti Pa Presidén Prabowo nu di alokasikeun ku dapur SPPG Yayasan Al-Baroqah Depok Darangdan.
"Bungah keur Désa Darangdan sarta warga sakola ku mitembeyan program Présiden ngeunaan Makan Gizi Gratis éta. Lantaran keur Kecamatan Darangdan, minangka program munggaran dina distribusi MBG ka sakola-sakola téh," kitu kasauran Pa Kasek.
Hal éta ogé, dihaminan ku Kepala Désa Darangdan, Robiyul Maulana, S.Sos nalika nyaksian pihak dapur SPPG Yayasan Al-Baroqah Depok Darangdan ka nu narima di SMPN 1 Darangdan. "Keur sim kuring, bingah pisan yén barudak SMPN 1 Darangdan narima Makan Gizi Gratis éta.
"Ngahaturkeun rewu-rewu nuhun ka pihak nu kompeten, yén siswa-siswi SMPN 1 Darangdan tos dipasihan kasempetan nampi penyaluran program Makan Gizi Gratis. Mugia ieu program tiasa berkelanjutan ka unggal sakola sa-Kecamatan Darangdan." Pokna Bapa Kadés Darangdan.
Siswa SMPN 1 Darangdan, nyaéta siswa kelas 7-D, Dipa, Zamzam jeung Raqil, sarta kelas 8-B Perdi jeung Ayi, barungah pisan kagilir narima program Makan Gizi Gratis ti Bapa Présiden, Prabowo Subianto
Dina kasempetan éta ogé, redaksi ngawawancaraan ka Siswa SMPN 1 Darangdan, nyaéta siswa kelas 7-D, Dipa, Zamzam jeung Raqil, sarta kelas 8-B Perdi
jeung Ayi, barungah pisan kagilir narima program Makan Gizi Gratis ti Bapa Présiden, Prabowo Subianto. Lantaran rata-rata nu sapopoéna biasa makan serba instan, saperti mie, endog, asin.
"Ayeuna paket Makan Gizi Gratis, Alhamdulillah ditampi pisan, menuna raos pisan," pokna Dipa ngawakilan babaturanana.***
0 Response to "Bungah Amarwatasuta keur Désa jeung SMPN 1 Darangdan Narima MBG"
Posting Komentar