WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

HUT Pramuka Ka-64 di Lapang Kecamatan Pléréd, Ayana Pamasrahan Layang Pangajén.

HUT Pramuka Ka-64 di Lapang Kecamatan Pléréd, Ayana Pamasrahan Layang Pangajén.  PLÉRÉD - Grup Majalah Warta Sunda, - Ping 14 Ag...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

HUT Pramuka Ka-64 di Lapang Kecamatan Pléréd, Ayana Pamasrahan Layang Pangajén.

HUT Pramuka Ka-64 di Lapang Kecamatan Pléréd, Ayana Pamasrahan Layang Pangajén. 

PLÉRÉD - Grup Majalah Warta Sunda, -
Ping 14 Agustus 2025 minangka poéan mielingna Pramuka ka-64. Kukituna Dina raraga miéling Hari Ulang Tahun (HUT) Pramuka ka-64 éta, sakola-sakola, kwarran-kwarran ngayakeun upacara jeung kagiatan nu lainna. Saperti halna di Kwarran Kecamatan Pléréd, dinten Kemis, 14 Agustus 2025.
Mabicam Pléréd, Ka Heri Anwar, S.H., Kp., MM, nyematkeun tiska Panca Warsa ka Ka Yeti Heryeti, S.Pd.I. (Ketua Kwarran Pléréd. *

Acara ieu dihadiran ku ratusan anggota Pramuka ti SD, SMP, nepi ka SMA, sarta para pembina, guru, sareng pejabat ti Kwaran Pléréd. Upacara utama dipingpin langsung ku Mabicam Pléréd, Ka Heri Anwar, S.H., Kp., MM salaku pembina upacara.

HUT Pramuka taun ayeuna temanan : “Kolaborasi untuk Membangun Ketahanan Bangsa”. Luyu téma éta téh lain ukur perayaan, tapi momen pikeun nguatkeun deui semangat satia, siap, jeung jujur dina diri anggota Pramuka,” saur ka Mabicam dina pidatona.

Lain deui nu kasauran Ketua Kwarran Pléréd, Ka Yeti Heryeti, S. Pd.I., ka Grup Majalah Warta Sunda, sarengsena upacara, diayakeun masihan layang pangajén Panca Warsa nu dibacakeun ku Ka. Éndang Sekar hasil data ti pihak Kwarcab Purwakarta. Sedengkeun lomba-lomba nu parantos digelar, saperti Pesta siaga nuju kaping 11/8/2025, aya lomba melukis layang layang sareng nyusun puzzle ogé permainan siaga. Kajaba éta ogé ti bulan Januari dugika Juni aya lomba SKU challenge.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "HUT Pramuka Ka-64 di Lapang Kecamatan Pléréd, Ayana Pamasrahan Layang Pangajén. "

Posting Komentar