WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Latihan Gabungan Pramuka Siaga Tiap Gugus Kwarran Sukatani Menggelar "Persiapan Pesta Siaga 2025"

KEPANDUAN - Grup Warta Sunda,- Kegiatan Latgab Pramuka Siaga merupakan rangkaian kegiatan Siaga yang kemarin di awali dengan keg...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Istrenan Pangurus Kwarran Sukatani jeung Kegiatan Gianpinrung

KEPANDUAN - Grup Majalah Warta Sunda,-

Luyu sareng Kwartir Ranting Gerakan Pramuka Sukatani diistrenan ku Ketua Harian Kwarcab sarta Kegiatan Gladian Pimpinan Barung (gladianpinrung), Kagiatan ieu dibuka langsung ku , Kak Koyaman, Salasa, 29 Juli 2025 tempatna di SDN 1 Malangnengah, Sukatani Purwakarta.

Acara dihadiran Kapusdiklat Tri Komaryani, S.Pd, Ketua Harian Kwarcab Koyaman SW, S.Ip, Aef Supriatna (Orgakum), Aa Hidayat perwakilan Mabiran, Ardianto urusan Polsek Sukatani. 


Dina kegiatan ieu, hususna kapangurusan Kwarran Sukatani masa bakti 2025-2028 ieu, loba wajah-wajah pangurus anyar. 

Mugia kapangurusan nu anyar ieu tiasa nanjeurkeun ajén-inajén dunya kepanduan luuu sareng tema : "Iklas bakti bina bangsa berbudi bawa laksana"  janten motivasi yen kepramukaan di Sukatani langkung daria.

Ketua Harian Kwarcab Purwakarta, Koyaman SW, S.Ip, nalika ngistrénan pangurus Kwarran Sukatani Masa Bakti 2025-2028.*

Anapon kitu, sangkan pramuka tong nepika aya nu ngobok-ngobok, malah nga hiji sabeungkeutan numpas pasualan éta. 

Lian ti éta ogé, kumaha carana numuwuhkeun ka regenerasi ku cara méré penugasan ka para pembina, ayana tapak ngarobah sikap nu tanggungjawab babarengan, keur mawa tuturus ka generasi emas, hususna widang kepanduan. Kitu ceuk Ketua Harian Kwarcab Purwakarta, Koyaman SW, S.Ip, basa peupeujeuh dipayuneun para pangurus Kwarran Sukatani Masa Bakti 2025-2028 sarta ka paramabigus.

Di handap ieu SK Kapangurusan Kwarran Sukatani Masa Bakti 2025-2028 :

Lain halna ceuk Aéf Supriatna (bidang Organisasi & Hukum) Kwarcab Purwakarta, basa uar pangajakna ka Andalan Ranting Urusan Komunikasi dan Informatika, yén kedah langkung ngapublikasikeun dina media sosial naon waé, hususna tiap pakuat-pakait kegiatan kepanduan di Sukatani. 

Nurut keun data nu dikumpulkeun ku Grup majalah Warta Sunda, yén GERAKAN PRAMUKA RANTING SUKATANI luyu sareng SURAT KEPUTUSAN KWARTIR RANTING SUKATANI NOMOR: 004/11.05.04-A/2025 TENTANG PETUNJUK PELAKSANAAN GLADIAN PEMIMPIN BARUNG KWARRAN SUKATANI TAHUN 2025.***




Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Istrenan Pangurus Kwarran Sukatani jeung Kegiatan Gianpinrung"

Posting Komentar