WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

3 Pesan H. Sobari Pada Kelas 6, Disambut Baik Ketua Yayasan Al-Muhajirin

3 Pesan H. Sobari Pada Kelas 6, Disambut Baik Ketua Yayasan Al-Muhajirin Lembaga Sekola Madrasah Ibtidaiyah di Kampus 4 Sukatan...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Tatabahan, Tatabeuhan Jeung Tatabuhun Dina Ruwatan Bumi Désa Batusari.

 


SUBANG - Warta Sunda Onliné,

Bulan Muharam, di padesaan tatar sunda jadi bulan nu rempeg ku acara ruwat bumi. Dina bulan éta di tiap daérah di saban lawang atawa gang, raweuy ku rupa-rupa hasil tatanén anu digarantungkeun . Lain éta waé, seni tradisi saperti gembyung jeung wayang, laris ditanggap di saban tempat.

Ruwat bumi, hiji tradisi/upacara adat di tatar sunda, nu geus ngabudaya  jeung jadi kagiatan nu lumangsung unggal taun. mangrupa hajat sukuran ka Hyang Agung (Allah Subahanahuwataala) tina hasil tatanén nu geus jadi kahirupan urang désa. Ruwat bumi ogé diayakeun pikeun tulak bala jeung ngahormat para sesepuh/karuhun.



Di tengah abah covid masi lumangsung nu ngajadikeun ketatna sistim protokoler kaséhatan, ngabatasi gerak laku dina hirup kumbuh sabihari, tapi upacara adat iyeu masih tetep lumangsung di unggal désa. Kaasup Desa batusari. Senén, 7 September 2020 Dusun batusari  RW 05 Desa Batusari Kec. Dawuan – Subang ngayakeun hajat lembur ruwat bumi ieu sacara basajan.

“Sanaos taun ieu teu diayakeun di desa jiga taun-taun kamari, samalah saukur basajan diayakeun di unggal kampung, tapi kagiatan ruwat bumi nu tos jadi agenda rutin tetep lumangsung. Nu penting, ritualna kapaju. Rasulan, ngaijabkeun jeung ngadoakeun para sesepuh tur nyuhunkeun kasalametan tur dijaga diriksa tina sagala balai ka Allah subhanahuwataalla”  Wawan, minangka aparat kampung Batusari salaku Kapala Dusun, méré katerangan.

Katerangan Kadus wawan dieuyeuban ku Casman, minangka katua Panitia Ruwatan lembur Batusari yén ruwatan taun iyeu lumangsung sabasajanna. Dana dikumpulkeun tina iuran sukaréla masyarakat.

“Meujeuh kanggo mayar tatabeuhan sareng waragad séjénna. Alhamdullillah masyarakat cukup ngarojong ku sagala rupana.

Teu dipungkir yén ruwat lembur téh geus jadi tradisi nu ngadarah daging. Geus kawas kagiatan nu teu meunang henteu, kudu lumangsung di satiap taunna. Sanajan pabeuklit jeung protokoler Covid, tapi acara tetep lumangsung bari jeung diawal ketat ku aparat saperti Bhabinkamtibmas nu ngaping ti awal tepi ka ahir. 

“Nu penting mah tilu unsur nu aya dina satiap acara ritual ruwatan bumi, nu teu bisa dipisahkeun tVh kacumponan. Nyaéta tatabahan, tatabeuhan jeung tatabuhun” ceuk Aiptu Carya.

Tatabahan téh nyatana kadaharan, bahan nu ngarojong acara utama. Nu pasti aya di satiap acara ruwatan salian ti hasil bumi/tatanén nu dipidangkeun diraweuy-raweuy téh ogé geus jadi kabiasaan sakabéh masarakat sili asaan. Marawa sangu tumpeng tuluy dihajatkeun diriung ku para pinisipuh. Tatabeuhan nu sok rajeun ditanggap minangka tatabeuhan ritual miangka wayang. Tatabuhun, salian ti syukur ka Allah téh dina ruwat bumi jadi panginget keur para karuhun ku cara ngadoakeun.***


(Ratna Ning)

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Tatabahan, Tatabeuhan Jeung Tatabuhun Dina Ruwatan Bumi Désa Batusari."

Posting Komentar