Kapilihna Ketua PGRI Cabang Tegalwaru, Lain Nepotisme
PURWAKARTA - Grup Majalah Warta Sunda,-Konferensi PGRI Cabang Kecamatan Tegalwaru masa bhakti 2025 - 2030, nu témana "Guru Berdaya Purwakarta Istimewa", ieu minangka jargon Pangurus anyar pikeun leuwih ngantebkeun keorganisasian PGRI.
Kukituna Pinilih Ketua Cabang PGRI Tegalwaru Purwakarta, Akhmad Sudar, S.Pd.I, M.M., masa bakti 2025-2030, sapoé konferensi cabang jeung diistrenan pangurusna, Rebo 6 Agustus 2025. Prosesi lumangsungna konferensi PGRI Cabang Tegalwaru, tiisuk di gedong PGRI Cabang Tegalwaru sukses sabada salat duhur nepika diistrénan langsung ku Wakil Ketua 1 PD II PGRI Kabupatén Purwakarta nu dibantu ku Sekretaris PD II PGRI Kabupatén Purwakarta tina prosesi istrénan.
Kagiatan Konferensi Cabang PGRI Kecamatan Tegalwaru minangka ngajalankeun amanat organisasi 5 tahunan dina milih pengurus anyar, kalayan ngalaksanakeun program kerja organisasi guru dina merjuangkeun nasib sareng hak-hak guru ngalewatan wadah PGRI
khususna di Cabang PGRI Kecamatan Tegalwaru. Malah mandar gerakan perjuangan PGRI tetep komitmen jadi organisasi guru nu bajuang dina ngasejahterakeun guru, ngalindungi guru sarta sinergi jeung pamaréntah, pikeun ngawujudkeun pendidikan nu berkualitas.
Acara Konferensi Cabang PGRI Tegalwaru langsung dibuka ku Sekretaris PD II PGRI Kabupatén Purwakarta, Kusnaédi, S.Pd, sarta peupeujeuhna Pangurus anyar yén tangtangan organisasi ayeuna mah, PGRI Tegalwaru némbongkeun program-program kapayuna kedah nunjuk pangurus nu bisa digawé di di kapangurusan. Lantaran aya sababaraha kecamatan, pangurusna tuk cing alias dibentuk cicing. Tapi alhamdulillah di Kecamatan Tegalwaru luar biasa anu antusias ilubiung tiap kagiatan PGRI Kabupatén. Lian ti éta ogé, solidaritasna cukup tinggi.
Sedengkeun nu saur H. Ade Solihin, S.Pd, Pupuhu manten PGRI Cabang Tegalwaru, inyana biantara dina kagiatan ieu téh minangka nu terakhir di Pangurusan masa bakti 2020-2025 téh, tangtu seueur kakirangan dina pelayanan bohna nu sanésna.
"Mugia kapangurusan nu anyar tiasa Hambalang kakirangan pelalayanan." Pokona Adé Solihin.
Dina kesempatan éta, puluh pinilih Cabang PGRI Tegalwaru Purwakarta, Akhmad Sudar, S.Pd.I, M.M., basa dipénta kamandangna ku grup Majalah Warta Sunda, inyana dina kapangurusan mass bakti 2025-2030 ieu bakal neruskeun program pun lanceuk, kang Adé Solihin.
Malahan ngajéntrékeun, yén ka pilih na ieu lain nepotisme pedah wargi. Tapi ku kapercantenan para anggota nu milih secara aklamasi lantaran pesertana mung ukur sim kuring. Kitu na ogé, sim kuring diojok-ojok jadi ketua.
"Ngahaturkeun rewu-rewu nuhun, ka anggota nu parantos masihan kepercayaan pikeun mupuhuan PGRI husus na Cabang Tegalwaru. Neda pangrojongna ti para senior ogé Pangurus Kabupatén pikeun nanjeurkeun ajén-inajén organisasi ieu." Pokona Akhmad Sudar.
Lain deui nu kasauran wawakil ti perwakilan guru Maman, ti SDN 3 Batutumpang ka Grup Warta Sunda ngeceskeun via selulernya. "Ditingal tina pigur para pangurus nu ayeuna mah tangtos jalmina kompeten, mugia organisasi kapayuna langkung ngaronjat deui, malahan tiasa berintegrasi sareng PGRI Kabupaten. Lian ti éta, ngahaturkeun nuhun ka rekan-rekan wawakil janten lebet kapangurusan, tetep sumanget."***
0 Response to "Kapilihna Ketua PGRI Cabang Tegalwaru, Lain Nepotisme"
Posting Komentar