WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Ade Jo Sukses Ngorbitkeun Adi Kurniawan Tarigan Jadi Ketua PWI 2025-2028

PURWAKARTA - www.wartasunda.id,-   Ngangkat harkat darajat hiji jalma teu sagampang malikeun dampal leungeun. Tapi ku kayakinan jeung kar...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Taman Pamekar

Taman Pamekar


Sanajan geus rangsak, buku ieu teh tuluy dipupusti. Da kumaha atuh, bakat ku kajojo tea ku eusi carita jeung basana anu basajan mintonkeun kahirupan sapoe-poe weh. Ras inget keur leutik, mun usum pere sakola atanapi mun rajeung keur ngabuburit, buku ieu teu sidikna digulang-gaper.

Buku ieu teh buku pangajaran sakola. Asa geus langka ayeuna manggihan buku pangajaran sakola anu bisa nobros kana hate, anu bisa dikoleksi nepi mangtaun-taun. Taman Pamekar teh aya sababaraha jilid. Bisi bacacar, nya ku bapa teh buku ieu dihijikeun. Dibundel. Ngan kuring bet helok nempo carana buku ieu dibundel: dipaku tuluy dilakban.

Kitu....

Adrenaline Katarsis

Subscribe to receive free email updates:

2 Responses to "Taman Pamekar"

  1. Bacaan nu di pikaresep waktos SD, judul2 caritana masih aremut keneh

    BalasHapus
  2. Abi nuju milarian ieu buku, kapungkur kantos gaduh mung reksak ku banjir :(

    BalasHapus