Target Kadés Cadasmekar, Ngadata Anak Putus Sekolah, Saminggu
CADASMEKAR - Grup Majalah Warta Sunda,
Gubernur Jawa Barat geus nerbitkeun kawijakan ngeunaan Pencegahan Anak Putus Sekolah, SK-na Nomor : 463.1/Kep.323-Disdik/2025 jo. Nomor 421.3/Kep.346-Disdik/2025 ngeunaan Petunjuk Teknis Pencegahan Anak Putus Sekolah ke Jenjang Pendidikan Menengah.
Ku hal ieu, minangka bagian tina ikhtiar Pamérintah Daérah Provinsi Jawa Barat pikeun ngajamin hak pendidikan keur satiap anak di Jawa Barat, hususna anak-anak ti keluarga teu mampu sarta rentan putus sekolah luyu jeung pendidikan karakter Pancawaluya nyaéta cageur, bageur, bener, pinter, tur singer.
Ungkapan diluhur éta, keur Désa Cadasmekar, Kecamatan Tegalwaru Kabupatén Purwakarta, dihaminan. Malah Mandar pihakna ngerespon program nu keur dihangeutkeun ku Pa Gubernur.
Basa Grup Majalah Warta Sunda, ngadongdon ka Désa Cadasmekar, poé Senen, 11/8/2025, langsung tepung jeung nu jadi pupuhuna (kadés). Désa Cadasmekar ngadumaniskeun program Gubernur Jabar, ngeunaan Pencegahan Anak Putus Sekolah.
Malahan, Sim kuring salaku Kepala Désa Cadasmekar, (Édin), ayeuna keur mitembeyan ngajaring anak putus sekolah, nya kaleresan aya dua budak putus sekolah geus 2 taun teu ngalanjutkeun sakola ka SMP. Pikeun nyumponan jeung ngalaksanakeun éta program, sim kuring kataji. Dua urang budak éta téh, cep Ipan Kp. Babakan RT.03/02 ayeuna tos 2 minggon sakola, nu hiji deui nyaéta Muhammad Hoerul Nizam, enjing Pareto bade didaftarkeun ka SMPN Satap Rawasari.
Ku hal éta, inyana ngajamin yén hak pendidikan pikeun budak nu teu mampu, mendapatkan pendidikan yang layak. "Nya, simkuring hoyong sasieur-sabeunyeureun ngabantos anak nu putus sakola.
Kukituna upaya désa dina nga minimalisir bangbaluh angka putus sekolah ku cara ngadaftarkeun dua urang siswa lebet ka SMP, nyaéta di sakolakeun ka SMPN Satap Rawasari, Pléréd. ***
0 Response to "Target Kadés Cadasmekar, Ngadata Anak Putus Sekolah, Saminggu"
Posting Komentar