Bandera Beureum-Bodas Ngajomantara Sakuliaheun Cibatu
CIBATU - Grup Majalah Warta Sunda,-
Dina raraga mapag poé Kamerdikaan Republik Indonésia ka-80, Dinas Pendidikan (Disdik) Kabupatén Purwakarta magelarkeun Kegiatan Pembagian Bendera Merah Putih di wilayah Kantor Kecamatan Cibatu, Juma'ah (08/08/2025).
Plt. Kepala Dinas Pendidikan (Kadisdik) Sadiyah, M.Pd langsung mingpin kegiatan pembagian bendera éta baturan Camat Kecamatan Cibatu Bayu Permadi, Kapolsek Cibatu AKP. Udin Samosir, jajaran pejabat sarta staf Disdik, Pengawas jeung Penilik sarta MKKS Kabupatén Purwakarta.
Dina biantarana Sadiyah, nembrakeun yén kagiatan ieu lain sakadar ngabagikeun bandera wungkul tapi kanya'ah cinta tanah air ogé sakaligus méré sumanget ka masarakat pikeun nguatan sikep nasionalisme tur patriotisme.
Lain halna ceuk Camat Cibatu, inyana ngahaturkeun rewu-rewu nuhun ka Disdik Purwakarta nu masihan 2000 bandera Beureum - Bodas (Merah-Putih) keur dibagikeun ka warga masarakat Cibatu.
Bagi-bagi bandera ieu, tujuannana keur ningkatkeun rasa nasionalisme warga utamana dina gara-gara HUT Kamerdikaan RI ka-80. Kegiatan ieu diiharep pikeun nambahan sumanget cinta tanah air di Kacamatan Cibatu.
Kagiatan bagi-bagi bandera nu dilaksanakeun patalimarga Cibatu ogé sabudeureun kantor kacamatan kalebet dibagikeun ka sakola tur Puskesmas nu disambut antusias ku warga masarakat nu narima bandera Merah Putih.***
0 Response to "Bandera Beureum-Bodas Ngajomantara Sakuliaheun Cibatu"
Posting Komentar