Radèn Machjar Angga Musumadinata
PEDARAN KAĚLMUAN KARAWITAN, PADALANGAN SARENG BASA SUNDA
Ku : Add Suryadin, S. Pd, M. Pd
Kahatur dulur sa-group baraya sa-WA!
Manawi aya anu kagungan pangaweruh kaélmuan widang karawitan, padalangan sareng basa Sunda, mangga tiasa dikintun heula ka sim kuring (Japri), salajengna ku sim kuring baris dikintun ka ieu group WA. Saupami kintunan seratan kénging nyutat ti nu sanés, sapertos tina buku, google, jsb, wayahna sumberna diserat.
Kintunan seratan tiasa sakali tamat, tiasa ogé nyambung.
Kanggo mitembeyan sim kuring badé iber pangaweruh ngeunaan Radén Machjar Angga Kusumadinata.
Sumangga wilujeng anu badé nyerat!
Raden Machjar Angga Koesoemadinata, lahir di Sumedang, 7 Désémber 1902, pupus di Bandung 9 April 1979 dina yuswa 76 taun.
Nikah sareng Ibu Saminah salah sawios lulusan pertama sekolah guru wanita Van Deventer (Pleiades Kweekschool) di Salatiga. Kagungan putra 10, nanging teu aya hiji ogé anu neuleuman atanapi neraskeun ramana dina widang kesenian, kumargi umumna ancrub dina widang élmu alam.
Para putra Pa Machjar:
• Machjeu Koesoemadinata (alm),
• Kama Kusumadinata (alm, ahli volkanologi pada Direktorat Vulkanologi, Departemen Pertambangan),
• Ny Karlina Sudarsono (alm),
• dr. Soetedja Koesoemadinata (alm),
• Prof. Dr. R. Prajatna Koesoemadinata (guru besar emiritus dalam ilmu geologi ITB),
• Dr. Santosa Koesoemadinata (alm, pensiunan peneliti biologi di Departemen Pertanian),
• dr. Rarasati Djajakusumah (alm),
• Prof. Dr. Roekmiati Tjokronegoro, (gurubesar dalam ilmu kimia di Universitas Padjadjaran),
• Drs. Moehammad Sabar Koesoemadinata, MSP. (ahli Geologi Kwarter pada Pusat Penelitian dan Pengembangan Geologi),
• Ir. Margana Koesoemadinata (alm, ahli akustik di LIPI dan kemudian di KLH).
Dipikawanoh ku sebutan Pa Machjar atanapi Pa Mahyar nyaéta seniman sareng musikolog Sunda. Anjeuna dipikawanoh salaku pangarang lagu-lagu Sunda, pendidik anu ngahususkeun diri dina ngamajukeun pendidikan seni-suara Sunda, panalungtik sarta ahli teori musik Sunda, pecipta sistem notasi nada Sunda da mi na ti la sareng penemu sistem 17 tangga nada Sunda, hususna étnomusikologi dina pélog sareng saléndro. Pangaweruhna ngeunaan seni musik pélog sareng saléndro dipimilik ti bubudak ogé guguru ka juru tembang sareng nayaga, diantarana diajar rebab ka nayaga ulung Pa Etjen Basara, Pa Sura sareng Pa Natadiredjo, diajar gamelan ka Pa Sai sareng Pa Idi, lajeng diajar tembang ka Pa Oetje juru pantun kakoncara di Bandung.
Wawanohan Pa Machjar sareng métode sains sareng ilmu fisika, ogé ilmu musik barat kajadian dina waktu anjeuna janten murid di sakola guru (Kweekschool sareng Hogere Kweekschool). Kalayan dasar élmu musik barat sareng élmu fisika anu cukup jero, anjeuna ngukur ogé nalungtik ngeunaan frekuensi sora-sora tina gamelan sareng lagu-lagu anu dikawihkeun ogé dimaénkeun dina rebab. Dina taun 1923 (masih di bangku sakola) anjeuna tos nyiptakeun serat kanayagan (notasi tangga nada Sunda) da mi na ti la, sarta nulis buku téori seni suara Sunda anu judulna “Elmuning Kawih Sunda”. Saréngséna namatkeun HKS sareng ditempatkeun salaku guru di HIS Sumedang (1924-1932), anjeuna mngalajengkeun panalungtikan ngeunaan téori seni raras.
Hiji hal anu utami dina karierna salaku panalungtik nyaéta amprokna sareng Mr. Jaap Kunst, etnomusikologi Walanda, antara taun 1927-1929, anu keur nalungtik rupaning seni suara di sakabéh kapulauan Nusantara. Nya nepi ka tukeur élmu, antara élmu musik ti Jaap Kunst sareng élmu gamelan atanpi pelog-salendro ti Pa Machjar. Dina période ieu anjeuna nyangking kaélmuan anu leuwih ngeunaan konsep getaran suara sarta cara ngukurna ku instrumén ngeunaan konvérsi matématikna ka sekala musik kalayan ngagunakeun nilai logaritma, konsép interval cénts dari Ěllis (1884) sareng Hornbostel (1920) sarta music rule ti Reiner.
Taun 1933, anjeuna ditugaskeun kanggo membentuk pendidikan seni suara di sadayana sakola-sakola pribumi di Jawa barat nganggo sistem da mi na ti la. Dina zaman pendudukan Jepang (1942-1945) anjeuna ngawulang di sakola guru, lajeng ti taun 1945 dugi 1947 anjeuna damel salaku guru ilmu alam, sajarah ogé bahasa Inggris di (SMP/SMA) Bandung. Saparantos kitu, anjeuna diangkat janten kepala kantor Pendidikan (koordinator Pendidikan Rendah) di Sumedang (1947-1950), salajengna ditugaskeun kanggo pendidikan seni-suara di sakola-sakola rendah sareng menengah Jawa Barat di Bandung (1950-1952). Alajengna anjeuna damel salaku staf ahli di Jawatan Kebudayaan Jawa Barat di Bandung. Dina taun 1958 dugi ka taun 1960, anjeuna diangkat janten Diréktur utama Konsérvatori Karawitan (KOKAR) Bandung. Padamelan tambihan, anjeuna janten dosén luar biasa mengajar ilmu akustik sareng gamelan di Konsérvatori Karawitan Surakarta (1953-1959).
Penemuan sareng hasil karya:
Salaku seniman pangarang lagu, Pa Machjar nyipta lagu-lagu Sunda tradisional saperti Lemah Cai, Déwi Sartika, Sinom Puspasari, kalebet penggubah lagu-lagu Sunda traditional sareng diserat dina notasi da mi na ti la. Salaku seniman anjeuna ogé penulis sandiwara sareng memelopori Gending Karesmén (opera Sunda) anu disebatna salaku Rinenggasari kalayan karyana, diantarana: Sarkam Sarkim (1926), Permana Permana Sari (1930), Sekar Mayang (1935), Tresnawati (1959) sareng Iblis Mindo Wahyu (1968).
Salaku ahli téori musik, hususya dina widang Pélog sareng Saléndro, anjeuna memformulasikan sistem notasi da mi na ti la kanggo lagu-lagu Sunda, nalungtik ogé nyerat téori ngeunaan seni raras sareng gamelan di antarana: Ringkesan Pangawikan Rinengga Swara (1950), Ilmu Seni Raras (1969) sareng buku lagu-lagu Sunda. Pa Machjar sareng Mr. Jaap Kunst, seueur ngahasilkeun seratan-seratan (publikasi) ngeunaan téori musik gamelan. Diantara hasil panalungtikan sareng penciptaan ti Pa Machyar nyaéta gamelan éksperimental dengan 9-tangga nada (1937) kanggo pélog sareng gamelan 10-tangga nada kanggo saléndro (1938), duanana leungit dina zaman pendudukan Jepang (1942-45). Salian penciptaan gamelan monuméntal Ki Pembayun (1969), anjeuna ogé ngadamel gitar akustik 17 tangga nada.
Sumbangan anu kacida gedéna, nyaéta tina hasil panalungtikanana bener-bener sifatna ilmiah anu ngarujuk ka universalitas (unified theory) tina seni suara nyaéta téori 17 tangga nada Sunda (1950) di mana satu oktaf kawengku ku 17 interval anu sarua ti 70 10/17 cénts, yén nada tina satiap laras (tangga nada) Sunda bisa dicokot. Modél ieu sifatna universal kusabab ngabogaan nada-nada anu lengkep sareng bisa dimaénkeun kanggo mirig lagu-lagu tina rupaning tangga nada.
Dina panalungtikanana, anjeuna ngagunakeun alat pengukur getaran suara monochord anu dijeiun kalayan dibantuan ku ahli kecapi sareng nayaga ulung Pa Idi. Alat ieu dilengkepan ku sekala getaran (frekuensi) anu dipimilik tina jasa hadé Mr. Jaap Kunst ti laboratorium musikologi di Europa. Satiap kali monochord éta rék digunakeun, saméméhna dikalibrasikeun sareng garpu suara kalayan getaran anu baku (660 hz). Alat éta tétéla cukup akurat dugi ka digunakeun ku pakar-pakar musikologi saperti Prof. Collin McPhee ti Amerika Serikat sareng C. Campagne, diréktur sakola musik di Bandung. Alat monochord ieu mangrupakeun alat utamana anu marengan ka mana-mana dina ngalakukeun panalungtikan ngeunaan Pélog Saléndro dugi ka tilar dunyana.
Ki Pembayun
Ku Prakarsa ogé bantuan ti Industri Pariwisata P.D. Provinsi Jawa Barat, anu dipingpin ku R.A. Sjukur Dharma Kesuma, dina taun 1969 Pa Machjar nyiptakeun gamelan anu dingaranan “Ki Pembayun” (hartina Si Cikal) anu mangrupakeun gamelan gedé tur ahéng anu pernah aya di Indonésia. Gamelan ieu dijieun pikeun nuduhkeun panalungtikan téorina sistem 17 tangga nada. Salian Laras Saléndro, madenda, degung, kobongan Mataraman, lagu-lagu anu bertangga nada musik Barat bisa dimaénkan dina gamelan ieu.
Sanajan gamelan Ki Pembayun sacara téknik susah dimaénkeunana, kusabab mangrupakeun hiji hal anu teu umum sareng merlukeun waktu lila pikeun pelatihanana, tapi keur bahan kajian, kaayaanana utama pisan. Teu saeutik para pemikir ti nagara lain kagum kana ayana gamelan éta. Nurutkeun ahli étnomusokologi Andrew Weintraub (2001), munculna gamelan selap anu berkembang ayeuna, mangrupakeun pangaruh ti gamelan Ki Pembayun. Hanjakal pisan gamelan Ki Pembayun raib (leungit). Hiji-hijina anu masih aya kénéh jigana ngan dina permaénan gamelan ieu anu sempet dirékam sareng difoto ku Dr. Margaret Kartomi, profésor musik ti Monash University, Australia.
Layang Pangajén
Diantara layang pangajén anu parantos katampi ku Pa Machjar, nyaéta: Penghargaan tertinggi dalam bidang budaya, Piagam Anugerah Seni, salaku ahli sareng panyusun téori Karawitan Sunda ti Menteri Pendidikan dan Kebudayaan (17 Agustus 1969), layang pangajén salaku pencipta lagu rampak sekar Ibu Déwi Sartika (4 Désémber 1975), sareng layang pangajén ti Ikatan Seniman Sunda (9 Méi 1959).
Sumber:
*.* Wikipedia Bahasa Indonesia, Ensiklopedia bebas
*.* Detikcom
• Ajip Rosidi (ed), 2000, Mahjar Angga Kusumadinata: Ensiklopdi Sunda - Alam, Manusia dan Budaya (termasuk budaya Cirebon dan Betawi), Pustaka Jaya, Jakarta, hal, 390
• Ellis, Alexander J., 1885, On the musical scales of various nations: Journal of the Soc. of Arts, p. 487
• Heri Herdini, 2002, Raden Machjar Angga Koesoemadinata Pikiran Aktivitas Dan Karya, Universitas Gadjah Mada Yogyakarta, 271 hal.
• Heri Herdini, 2002, Raden Machyar Angga Koesoemadinata, Sosok Manusia Ideal. Pikiran Rakyat, kolom khasanah
• Heri Herdini, 2002 Gamelan Ki Pembayun, Bukti Sejarah yang Hilang Tanpa Jejak. Pikiran Rakyat, kolom khasanah
• Hood, Mantle, 1954, Patet in Javanese Music, J.B Wolters-Groningen-Djakarta, 323p.
• Hornborstel, Erich M. von, 1921, Eine tafel zur Logarithmischen Darstelung von Zahlenverhaltnissen; Z. f. Physik, VI, p. 29
• Koesoemadinata, R.M.A, 1940, Ringkesan Elmoening Kanajagan, Tjitakan ka-1, Departement O. & E.,Weltevreden
• Kunst, Jaap en R.M. A Koesoemadinata, 1930, Een en ander over Pelog en Salendro; Tijdschrift voor Indische Taal-, Land- en Volkenkunde, LXIX (1929-30), p. 320-352,
• Kunst, Jaap, 1934, De toonkunst van Java, Deel I en Deel II, Gravenshage, Martinus Nijhoff, 519p.
• Kusumadinata, R.M.A, 1950, Ringkesan Pangawikan Rinenggaswara (Ringkesan elmuning kanajagan), Pelog 9 raras, Salendro 15 raras dan Salendro 17 raras, Noordhoff Kolf NV, Djakarta
• Kusumadinata (Koesoemadinata), R.M.A, 1969, Ilmu Seni Raras; Pradnja Paramita, Djakarta, 139p.
• Priadi Dwi Hardjito, 1983, Etnomusikologi Filsafat Nada, ASTI
• Sutardjo A. Wiramiharja, 2009, Ngadegung Ku Gitar, Kenapa Tidak?, Pikiran Rakyat (Sabtu 18 Juli 2009).
• Weintraub, Andrew N., 2001, Instruments of Power: Sundanese “Multi-Laras” Gamelan in New Order Indonesia, Ethnomusicology vol. 45, No 2society for Ethnomusicology, Publish University of Illinois Press, page 197-227.
• Weintraub, Andrew, N. 2004, Power Plays: Wayang Golek Puppet Theater of West Java, (page 134), Ohio University Press,, 320 pages.
Diantawis lagu Pa R. Machjar Angga Kusumadinata, nyaèta *Dèwi Sartika*
0 Response to "Radèn Machjar Angga Musumadinata"
Posting Komentar