PELESIRAN : Hidden Valley Hills Nyaritakeun Raja-Raja Galuh Purba jeung Sunda Kuno - Bagéan 1
Hidden Valley Hills
Nyaritakeun Raja-Raja Galuh Purba jeung Sunda Kuno
Bagéan 1
Anto Sukanto
Keterangan Poto :
Prasasti Kuda Terbang zaman walanda Kuno Anno anu ditulis taun 1898 Masehi
Basa nepika ka lokasi nu
disebutna tempat wisata “Hidden Valley Hills” di Désa Cibodas Kecamatan
Sukatani Kabupatén Purwakarta. Natrat katingal yén ditempat éta téh ayana tugu
nu disebut “7 Pilar Legenda Purba Hidden Valley”. Lokasina di puncer nu luhurna
sarua jeung Gunung Cupu di ketinggian 362 Mdpl téh, témbong sakurilingeunnana
ti mimiti imah-imah (pemukiman) warga, jalur jalan Tol Purbaleunyi, areal
pasawahan, pemandangan gunung-gunung, wahangan Citarum nepika Bendungan
Jatiluhur.
Di lokasi éta, kasampak Pa
Hendry Chandrawinata salaku Owner Hidden Valley Hills Purwakarta méré
kasempetan keur ngawangkong jeung Galura
ngeunaan kasang tukang ngadegkeun wisata legenda karajaan Sunda Kuno di lembur
Désa Cibodas Kacamatan Sukatani, Kabupatén Purwakarta.
Dina wangkonangan Pa Hendry
ngajelaskeun yén lahan nu dipimilik ti taun 2014 éta téh nalika rék ngawangun
bangunan keur tempat istirahat pribadina. Manggihan tugu atawa prasasti buatan
zaman walanda Kuno Anno anu ditulis taun 1898 Masehi nyaéta manggih prasasti Kuda
Terbang kondisina geus ruksak nu aya diluhureun batu bari jeung anting-antingna
geus laleupas amarayah di unggal léngkob nu ayeuna disebut wewengkon Cianting. Patula-patalina
anting-anting éta téh jeung carita Gunung Cupu.
Ku kituna nepika sim kuring
ngawangun ieu wahana wisata téh, “dumasar kana ayana wates abadi ti Karajaan
Sunda jeung Karajaan Galuh Purba nu diapit ku Wahangan Citarum, Gunung Cupu
(362 M), Gunung Parang (963 M) jeung Gunung Bongkok (975 M),” pokna lalaki 72
taun Insinyur Sipil Parahiyangan.
Sedengkeun visi misi Hidden
Valley Hills (362) nyaéta “Negeri dongéng
diatas awan terangkum indah sebagai serpihan surga di Purwakarta, terlahir dari
inspirasi Tugu Belanda Kuno Anno 1898 ini. Hidden Valley Hills mempunyai
ketinggian 362 Mdpl yang sama dengan Gunung Cupu. Dengan view pegunungan 360O
Sungai Citarum, Gunung Bongkok, Gunung Parang di depan kita adalah batas abadi
dari Kerajaan Sunda dan Kerajaan Galuh Purba.”
Sasakala
Gunung Cupu
Kacaritakeun
aya tujuh widadari ti kahyangan anu resep ngalanglang ka bumi. Maranéhna resep kokojayan bari silalanglang
di hiji talaga anu hérang caina.
Dina
hiji soré, waktu tujuh bidadari keur anteng kokojayan di talaga, kurunyung
jajaka nyampeurkeun ka éta tempat.
“Lakadalah,
ieu widadari anu dicaritakeun ku urang lembur téh!” pokna ngagerendeng
sorangan. Tuluy manéhna nyumput di satukangen rungkun nu ngababadeg di sisi
talaga. Panonna mencrong ka tengah talaga, ngawaskeun parawidadari anu teu
nyahoeun aya jalma nu ngintip.
Sanggeus
rada lila ningalikeun paripolah parawidadaari, kereteg dina haté éta jajaka aya
niat rék ngiwat pakéan widadari anu ngalumbuk di luhur batu sisi talaga.
Sanggeus kitu manéhna keketeyepan nyampeurkeun pakéan, tuluy dicokot sapasang.
Waktu
widadari réngsé mandi, nu séjénna ngabelesat ka jomantara, baralik deui ka
kahyangan. Iwal nu saurang kalah ceurik balilihan lantaran pakéan kahyanganna
leungit. Si Jajaka tuluy nyampeurkeun, “Kunaon putri bet nangis di dieu,”
pokna.

“Ku
kaula dibikeun, asal Nyai Putri daék jadi pamajikan kaula.” Ceuk si jajaka.
Lantaran
teu aya deui jalan, kapaksa Nyai Putri téh narima kana panglamar si jajaka
pikeun jadi pamajikanana.
Gancangna
carita, dina hiji mangsa waktu Nyi Putri rék nyokot paré ka leuit lantaran rék
nutu béas, manéhna manggihan pakéan kahyangan anu baheula leungit téa. Geus
waktuna manéhna mulang deui ka kahyangan. Ku kituna, rap waé éta pakéan dipaké
sarta tuluy bébéja ka salakina anu harita aya di kebon.
Si
Jajaka teu bisa ngahalangan kana kahayang pamajikanna. Lantaran ceuk pamikirna,
mana kapanggih ogé pakéan anu baheula disumputkeun téh hartina geus waktuna
manéhna papisah jeung pamajikan.
Sanggeus
kitu mah belesat waé Nyi Putri téh balik ka kahyangan ninggalkeun anak jeung
salaki di bumi. Ngan, saméméh mulang, manéhna ninggalkeun cupu wadah perhiasan
pikeun cecekelan keur anakna, bisi dina hiji mangsa hayang panggih jeung nu
jadi indung.
Nepi
ka ayeuna cupu titingal Nyi Putri téh cenah aya kénéh di hiji gunung. Ceuk nu
kawénéhan mah geus biasa unggal aya katumbiri sok aya widadari anu ngajugjug ka
éta gunung pikeun nepungan nu jadi anak jeung salakina.
Lila
ti lila, gunung tempat nyimpen cupu téh katelah waé Gunung Cupu nu aya di
wewengkon Sukatani.

Unggal pilar éta téh dipasang
tulisan gantar kakaitna jeung carita-carita legenda kuno saperti Karajaan Hindu
Purba diantarana Karajaan Salaka Negara : Teluk Lada Raja Dewa Warman Resi
India (130 – 352 M), Karajaan Tarumanegara Bekasi (358 - 669 M) palaputrana
Jaya Singawarman (359 - 382 M), Dharmaya Warman (382 - 395 M), Purnawarman (395
- 434 M), Wisnu Warman (434 – 455 M), Indra Warman (455 – 515 M), Chandra
Warman (515 – 535 M), Surya Warman (535 – 561 M), Kerta Warman (561 – 628 M),
Lingga Warman (628 – 669 M).
Dina hal ieu mah yén Karajaan
Tarumanegara anu terahir téh nepi runtag jadi dua nyaéta Karajaan Galuh nu
rajana Wretika Dayun sarta Karajaan Sunda rajana Tarusbawa.

Sedengkeun Karajaan Galuh Purba
Karang Kamulyaan ti mimiti 612 – 1579 M nyaritakeun Karajaan Wreti Kadayun 612
– 702, Mandi Minyak 702 – 709 M, Sena 709 – 716 M, Purbarosa 716 – 723 M,
Sanjaya 723 – 732 M, Permana Dikusuma 732 M, Tamperan Barmawijaya 732 – 739 M,
Ciung Wanara 739 – 783 M, Prabu Dharma Sakti 783 – 799 M, Prabu Kertajaya 799 –
806 M, Prabu Brajanegara 806 – 813 M, Prabu Linggabumi 813 – 852 M, Prabu Gajah
Kulon 852 – 891 M, Prabu Dewa Niskala 1475 – 1482 M, Prabu Siliwangi 1482 –
1521 M.
Lain deui sareng Karajaan Sunda
Galuh Bogor 669 – 1579 M ti mimiti Raja Tarus Baya nepi ka Prabu Surya Kencana.***
0 Response to "PELESIRAN : Hidden Valley Hills Nyaritakeun Raja-Raja Galuh Purba jeung Sunda Kuno - Bagéan 1"
Posting Komentar