Carpon - SABOT NUNGGUAN
SABOT NUNGGUAN
K
|
ESEL, tao! kitu kuring
ngagorowok dina HP. Duka surtieun duka henteu. Tapi pan aya tanda seru, maenya
teu surtieun yen eta teh betusan rasa kakeuheul. Saha anu teu keuheul atuh
menunggu Godot oge matak cangkeul hate. Komo ieu…
Nu lalar liwat geus
teu kapencrong deui. Teu fokus. Tunduh deuih. Enya sagala rupa eunteup ari keur
kieu teh. Padahal ceuk anjeun mah… dalam menunggu banyak yang bisa dilakukan.
Cumah! Ari nganteug ka nu dituju bari teu nepi-nepi mah. Padahal ceuk anjeun
deui, ari ihlas mah moal karaos ngan-tosan oge… Ihlas! Ihlas! Duka ah keuheul
Hayoh bae nungguan. Naha sih? Ari kuring tepat waktu bae, ari dikau? Padahal
ceuk anjeun deui. Lilahita'ala atuh Neng. Pasti tiasa ihlas. Lilahi! Lilahi!
Masih banyak yang
harus kukerjakan tao! Pan barang damel teh kedah salse kedah rnerenah
tumaninah, ari ieu hanas nyantongkeun waktu sangkan geura-geura nepi ka nu
dituju… kalah kudu ngadaweung di dieu! Rek maca, murel. Rek nulis, teu mawa
diari, rek nyieun sajak, teu mood. Tungtungna gado beuki manjangan.
Kutuk gendeng teh
mani kamana karep nya. Eta basa geus teu kaukur, naha lemes, naha kasar, naha
loma. Kuma karep teuing. Ngaranna ge nu keuheul! Pragmatik we lah! Enya eta teh
tanda tina ahlaqul karimah nu teu kajaga. Eta teh mazmumah! Astagfirul-laharadziem.
Enya ari ku ambek mah sok ngilangkeun wiwaha. Paingan saur Rosul, jaga amarah,
jaga amarah, jaga amarah. Tuh nepi ka tilu kali. Atuda keur napsu mah leupas
tah kadali teh.
Rarat-reret. Kabeh
keur anteug. Nu sorangan bari ngalamun. Nu duaan bari ngobrol. Nu tiluan bari
ba-barakatakan, najan sangu laluncatan tina biwima. Nu opatan, nu limaan.
Kabehanana anteng nyang-hareupan piring masing-masing. Ah naon hesena,
lelerkeun amarah teh ku mesen inuman.
Jus jambu tong
diesan, ceuk kuring. Pelayan unggeuk. Ieu keur barusuh. Mending ku jambu
mending ku tomat? Ah geus kapalang. Long kuring ngalamun deui. Teu kaur anteug
da mahasiswa aya we nu babarakatakan. Waktu ngareret ka beulah kenca… Ke, ke,
ke. Siga Pa Dindin guru Fisika basa keur di SMA baheula? Tanya tong? Ah antep.
Can tangtu apaleun ka kuring mah, da bodo dina mata pelajaran eksak mah. Ongkoh
kaajar ge ngan semester ahir kelas tilu wungkul, da ti kelas hiji mah ku Bu Emi
nu oge jadi wali kelas”. Tah, mun Bu Emi mah pasti apaleun, da enya atuh uteuk
teh teu bisa dibawa mikir kana matematik, kimia, jeung fisika mah. Beda deui
jeung nyanghareupan biologi -matak milih jurusan teh BIOLOGI - atawa basa
Indonesia, atawa sejarah, atawa agama mah. Komo basa Indonesia mah. Saha atuh
nu teu apal ka nu jago ngarang? Nyieun sajak? Maca puisi? Wening-sukmawangi?
Moal bireuk deui.
Tapi na… dina Kimia?
Dina semester hiji mah, jeblag teh angka 5. Ampun! Saumur-umur, kakara meunang
angka beureum kitu! Era nataku. Padahal kuring teh meunang beasiswa di SMP,
bentang pelajar ti kelas hiji nepi ka kelas tilu SMP. Ku naon nya? Shock
meureun, nyanghareupan sakola pavorit, nu muridna pada ngajugjug ti 10
kacamatan. Ambek etah ka guruna, Bu Lilis. Sebel we ningalina.
Tah harita ku wali
kelas, Bu Emi, dipanggil. Ditanya lemah lembut. Dititah ka imahna, dilelemu,
jeung sajabana bae. Asa jadi jelema nu pangbodo-bodona harita. Era. Wirang.
Jadi apatis weh kana pelajaran eksak teh. Padahal da kuring teh resep macaan
petualang-petualang ilmuan (fisikawan, kimiawan) dunya jeung elmu-elmu praktis
eksakta.
Pa Dindin, enya Pa
Dindin, kaciri dina pipina aya karangan. Kumisna ngajiripit ipis. Rapih bae Si
Bapa. Teu robab-robah guru mah geuning. Eta kumis, baheula Si Susi mani
tergila-gila, kitu istilahna Si Eta nyebut kagegeloan teh. Guru ngora anyar
diangkat, kasep. Wah sabiwir hiji di SMA teh.
Harita mah mani asa
loba guru anyar lalaki jaba kararasep deuih. Geura nya: Pa Candra guru Biologi,
Pa Rangga guru Matematika. Pa Dindin guru Fisika, Pa Budi guru Kimia. Ituh
geura, eksak kabeh jaba karumisan deuih. Mun atuh guru basa Indonesia nu anyar
bari kasep teh. Ieu mah ngan Bu Kartinah deui, Bu Kartinah deui, urang Jawa nu
geus aya umur tapi geulis keneh. Jeung lalagasan keneh. Bosen.
Geura urang tataan
guru-guru kasep teh. Mimiti Pa Candra guru biologi. Pa Candra mah kumisna loba
-lain kandel, tapi rapih. Awak jangkung gede, bangbang. Pasipatanana, mun di
awewe mah antieum teu loba nyarita, tapi lamun geus nerangkeun, reseeep teh,
babari kahartina. Sorana agem halimpu. Ari kulitna hejo carulang.
Nu kadua. Pa Rangga
guru matematika. Pa Rangga mah awakna teu jangkung gede tapi jangkung lampayat,
kasep. Kumisna rada kandel tapi teu ngajedig. Rada flamboyan anjeunna mah.
Nerangkeun matematika teh sok bari imut atawa seuri. Imutna kumaha nya mun
digambarkeun mah? Ngagoda kitu? Komo socana. Ah pikiran kuring bae meureun, nu
nakal. Atuda resep neges-neges. Tah kulit Pa Rangga mah hideung santeu.
Nu katilu, Pa Dindin
guru fisika. Ieu mah awakna sedeng, teu jangkung teu pendek. Pakulitan koneng
umyang. Kumisna ipis ngajiripit matak tergila-gila Si Susi jeung siswi-siswi di
SMA. Mun imut socana milu imut jeung peureum, da sipit.
Nu kaopat, Pa Budi
guru kimia. Ieu mah dikaca mata. Jangkung gede bodas. Kumisna ipis ngageleng.
Ari raray inocen ari seuri mani sok ngagakgak, surup kana soanteuna nu
handaruan. Pa Budi di antara nu tiluan nu pangfamiliarna, akraban
jeung teu jaim alias teu jaga imej atawa teu balaga.
“Hua ha ha ha ha,..”
mahasiswa tukangeua ngagetkeun. Jus jambu geus sateugahna.
Geus sajam kuring
ngumbar lamunan di dieu. Ka mana atuh ari dikau? Ngareret deui ka Pa Dindin.
Nuju naon nya di dieu? Di Bandung? Kuliah deui kitu? Mun disampeurkeun emuteun
keneh teu nya? Pan kantos tepang waktu peneropongan bentang. Emuteun sigana
lamun disampeurkeun mah tapi moal ah. Pan eukeur mah kuring rada apatis tea,
pendak di kelas ngan sasemester, anjeunna rada jaim -atawa kitu meureun
karakter urang eksakta mah, tara basa-basi teu cara urang basa; matak rada
ningnang ka kuringna, sieun malah ngaruksak suasanana.
Duh jeung
guguruwukan deuih beuteung teh, menta eusi. Ret kana jam, geus waktuna dulur
beurang hoream oge, kuring pesen sangu jeung soto bandung. Teu lila kurunyung
nu nanggeuy baki. HP hurung.
Antosan. Nuju
nyarios di forum. Aya tamu ti Medan bade magang. Ngadamel sajak heula we nya!
Hih, dasar. Memangna bisa nyieun sajak bari beuteung lapar jeung hate
murukusunu?
Ceuk Abdullah
Mustappa dina bukuna Wirahma Sajak, aya dua golongan panyajak teh cenah. Nu
kahiji panyajak antusias, nu nyajakna ngan bisa merejel waktu dirina aya dina
kaayaan mood, dina suasana hate nu antusias waktu ngamalirkeun gagasanana. Ieu
mah golongan panyajak handay keneh lantaran masih keneh sumender kana stimulus
luareun dirina pikeun kondisi hateua. Nu kadua aya panyajak plastis cenah.
Panyajak ieu mah geus bisa meruhkeun saluar dirina ku hateua nepi ka teu malire
kana lajuna waktu, jeung kakuatan basana pinuh ku daya-daya nu rohaka.
Ari kuring? Ngaku we
panyajak. Enya panyajak antusias meureun. Da teu bisa meruhkeun hate nu keuheul
ujug-ujug jadi genah merenah tur ngadukung dina ngaekspresikeun karya.
Beda deui ceuk
Chairil Anwar mah. Aya dua golongan sastra teh cenah. Kahiji sastra (sajak)
kamar, nu eusi sajak-sajakna heureut ambahanana, sawates rohang kamar
taya ajen nu hebat
nu nembus lulurung waktu. Nu kadua sastra (sajak) mimbar, sajak nu eusina
nawarkeun ajen luar biasa nu bisa cacarita ngeunaan ajen-ajen kamanusaan jeung
kahirupan.
Ari kuring? Sajak
teh ngagorowokkeun rasa sorangan bae. Teu aya leuwihna. Matak murel saenyana
mah tapi da kumaha kadang leungeun teh bagerak sorangan nuliskeun diksi-diksi
jadi puisi ban kadang kuring teu ngarti naon saenyana nu dituliskeun teh. Eta
kitu nu disebut tan kasadaran nu nyampak dina diri panyajak/pangarang, ceuk
Juhl teh? Lain teu sadar kana tanggung jawab salaku panyajak/pangarang dina
ngajaga ajen-ajen moral, tapi leuwih dina proses ekspresi bae, katarsis ceuk
Aristoteles mah.
Aeh naha jadi medar
nu kitu sagala rupa. 'Duka ah! Enggal atuh!' kuring keuheul deui dina sms.
Mangga. Tong ngaroko
nya! Kuring mesem. Puguh tadi geus haseum cangkem teh
tapi kaburu lapar.
Nya ayeuna waktuna, geus dahar, pangeunah-ngeunahna melenyun. Kuring ngodok
saku. Aya keneh Star Mild we nu hampang. Baheula mah enya roko 234,
ngebul terus lir lokomotif.
Sanggeus panggih jeung manehna bae ngurangan porsi jeung ngahampangan nikotin
ge. Cekes korek api. Sep, ditelen haseup teh bul tina liang irung. Emh ni'mat…
Kudu ngopi ieu mah. Tuh da enya, kalah hujan deuih, ngadukung pisan lah. Kuring
ngageroan pelayan, pesen kopi. Rada kerung panonna semu curiga. Tapi tuluy
ngaleos.
Nuju ngaroko nya?
Teu isin? Istri ngaroko? Iraha bade liren. Awon jalingkak. Pan tos jangji.
Smsna datang deui. Nyahoeun euy! Hayang pisan puguh. Tapi hese ning. Kudu kuat
niat. Harita ge taun-taun geus lila eureun. Ngan waktu ngajelegur perang
Hiroshima-Nagasaki, kuring teu bisa ngadalian maneh. Hirup kuring, mun tea mah
susunan balok ti A nepi ka Z, maruragan, pasolengkrah, ancur, lebur! pimp kudu
ngamimitan deui ti enol. Enolna ge badag. Sacara material, kuring teu teu
ngijir hal-hal fisik, cumah, sabodo, dunyawiah ieuh, tapi sacara immaterial,
psikologis, ancur burakrakan. Kuring kudu ngainstal deui perasaan, pamikiran,
emosi, jeung hal-hal nu sifatna batiniah, unsur jero. Utamana kapercayaan diri
nu leungit. Nepi ka kuring gupuy-gapay ngarawelan mangsa heubeui nu kungsi
ngaliwat. Ngan untungna, ti baheula, kuring mah teu kabongroy narkoba bae.
Mimiti deui kuring
hirup umbaran, bohemian. Awak ruksak. Pagawean ngalanto unggal peuting ukur
keur ngahuleng di nu rame. Hirup teu neut paeh teu hos. Tapi anehna kuring bisa
nyumputkeun semu ka koleha. Ka batur sapagawean. Teu aya nu leungiteun
atawa aneheun ku
sikep kuring. Tugas-tugas ngentep beres bae. Padahal pikiran mah ramijud.
Padahal asa rek ilang kasadaran teh. Asa dina tungtung hirup kasadaran teh.
Hiji nu diperedih ti Gusti Nu Maha Kawasa: salametkeun akal-pikiran kuring. Eta
meureun nu mageran kuring tina leungit kawarasan. (Asa jadi Edmond Dantes dina
Monte Cristo-na.
Dumas, nu dipanjara
dina sel bawah tanah. Dina kateuwalayaanana dina jero sel nu poek mongkleng,
dina kaputusharepanana kana kabebasan deui hirupna, inyana ngan menta hiji ti
Gustina: salametkeun pikiranana!) Urat saraf kuring ge masih ditangtayungan.
Teu nepi ka pegat atawa kongslet. Najan ceuk ukuran elmu psikologi mah kuring
teh gering, cenah. Naon geuning ngaranna: neurosis, najan teuing naon ngaran
hususna mah. Tapi sakieu mah, nuhun Gusti. Kuring masih cling ka purwadaksi;
kana kaoteutikan diri, atawa kasajatian diri najan bari sawareh wiwaha saab.
Nepi ka panggih
jeung manehna. Ceuk manehna nu leungit dina diri kuring teh, aspek spiritual,
cenah. Geus lila kosong. Teu dibina, diantepkeun ngaranggas sorangan. Jauh ka
Gusti. Ah, anjeun, mani nanceb ngabaloborankeun getih cariosan teh. Ceuk anjeun
deui. Neng mah kudu dinyenyeri heula ku dikesek-kesekkeun kokotor ruhanina,
supaya getih kotorna ngaburial kaluar. Proses penyembuhan. Malah kuduna bari
dirukyah. Sangkan daki-daki nu geus ngadagleg teh diseretu. Ganti ku nu anyar.
Ruhani anyar. Hhh bener meureun. Tapi kudu aya nu ngabingbing atuh, Engkang.
Tah ieu, kari udud
we ayeuna mah. Ngulayaban geus henteu. Solat mimiti deui. Ngaji mimiti deui.
Sirungan deui harepan teh.
Aduh! Dua jam.
Kacida teuing, anjeun. Hujan geus raat. Naon deui atuh. Mani kitu-kitu teuing
kana jangji teh. Padahal sms we, moal tiasa ayeuna kituh, sibuk! Meureun kuring
ge moal ayeuna ka dieu. Atawa balik ti tadi keneh.
Roko tinggal sauted
deui, sakarna nu geus panjang pisan diteuteup. Can diketrukkeun. Lahhh… najan
bari hoream tuluy diketrukkeun bae kana pisin gelas kopi. Bari rek cengkat nu
sauted teh dikenyot heula, jero naker, lebar. Waktu rek diserebungkeun…
“Sukma!”
“Sukma!”
Dua sora
ngageureu-wahkeun. Kuring ngalieuk. Anjeun jeung Pa Dindin. Tuluy anjeun
papelong-pelong jeung Pa Dindin.
“Pa Agus?!
Kordinator layanan peneropongan bentang?!” anjeun unggeuk.
“Pa Dindin? Ti SMA
Sukabumi nu nyandak siswa?” Pa Dindin unggeuk.
Duanana nunjuk ka
kuring.
“Sukma?!” Aduh Pa
Dindin wawuheun keneh geuning. Kuring katohyan ngaroko ku duanana. Ka mana ieuh
miceun beungeut? Bet saha teuing deuih nu daek mulungna? Sarebu kaheran sigana
rek diburakeun ku Pa Dindin. Sarebu kahanjelu dipentang ku panon anjeun.
Tinggal kuring nu hareugeueun kudu kumaha mungkaskeun carita…***
Sukawangi, 29
Januari 2008.
Dimuat di Majah
Mangle No. 2161.