Carpon - ROSTIKA
ROSTIKA
D
|
ina lawang panto imah, Rostika nga-janteng,
ngajajap-keun salakina anu rek digawe. Imut nga-gelenyu. Nembongkeun pamlu
hegar marah-may. sangkan salakina bisa manggihan kabag-jaan. Nyorang rumah
tangga anu kakara dua bulan. Pon kitu deui, salaki Rostika, teu weleh mere
sikep anu pinuh kanyaah tur kadeudeuh. Sanajan ukur boga ladang usaha anu
pas-pasan. Tapi salakina teu pondok harepan. Tina juru panonna, aya sumanget nu
erus ngagedur. Nga-lakonan kahirupan anu karasana beuki ripuh. Salakina
tihothat digawe indit isuk balik peuting, nyupiran angkutan kota. Atuh ladangna
pikeun nyugemakeun anu jadi pamajikan.
Hanjakal pisan. Tina teuteup
Rostika aya kalangkang hideung. Anu mimiti moekan paningalina. Basa salakina
naek angkot batanganna, sarta ngabiur ka jalan raya. Kalangkang hideung dina
paneuteup Rostika beuld ngandelan. Nga-belegbeg lir moekan satungkebing alam
dunya.
Rostika ngarahuh bari
meubeutkeun awakna kana kasur nu aya di rohangan tengah, anu sakaiian dijieun
rohangan kamama. Leutik pisan imah kontrakanna teh. Ngan aya dua rohangan
Nyaeta anu harita dipake ngagoledag ku Rostika, hili deui mah komo leuwih
leutik. Biasana sok dijieun dapur. Ari kamar mandina aya di luareun imah.
Diajangkeun ku nu boga kontrakan keur pakeeun sarerea, sakur anu ngalontrak di
eta wewengkon. Kalah matak kararagok pikeun Rostika mah. Komo ari mangsana
bagean ka cai, kudu ngaliwatan heula lawang panto imah batur. Lamun kaparengan
kudu ngantri, kurang-kurangna matak aral. Kungsi sakali mangsa, Rostika ngadon
mandi tengah poe ereng-erengan. Aya hiji lalaki pangangguran noong tina liang
konci kamar mandi. Atuh barang bray dibukakeun teh katara beureumna paroman
Rostika awahing ku keuheul. Ari lalakina. kalahka sura-seuri gumasep. Jaba bari
memener calanana, siga aya nu disumputkeun, sangkan teu kataraeun ku Rostika.
lamun lain ka tatanggana boa geus digampleng eta lalaki anu campelak teh.
Rostika cengkat tina kasur, bari
leungeunna ngarongkong kaca eunteung anu ngagoler dinaa luhureun meja pendek.
Rostika neuteup beungeut sorangan. Breh sabuleudan rupa anu taya cawadeunna. Ti
mimiti buuk anu hideung meles, ngarumbay samet cangkeng, matak geregeteun
hayang ngaranggeum. Cacakan pakusut keneh, tacan diangir balas sapeupeuting
diusapan ku salakina. Ret kana panon sorangan, cureuleuk hideung matak reueus.
Tuluy kana irungna anu mancung: Biwirna ipis beureum kareueut. Gadona lir endog
sapotong. “Tapi naha atuh aing teh bet meunang jodo supir angkot?” gerentes
hatena. Panonna teu lesot tina kaca eunteung. Ras inget kana kajadian minggu
kamari, basa salakina geus indit gawe. Kira wanci tengah poe, aya anu ngetrokan
panto imah. Barang bray panto dibuka. Anu keketrok teh Iwan. Budak cikal nu
boga kontrakan. Kasep Iwan teh. Awakna jangkung badag. Matak kapincut wanoja
anyar pinanggih. Kaasup Rostika. Manehna molohok mata simeuteun. Neuteup Iwan
anu ngajanteng dina lawang panto. Iwan ngoloyong ka jero. Nutupkeun panto.
Tuluy ditulakan. Rosiika lain teu wani nyarek, tapi asa aya nu nyelek dina
tikorona, asa aya nu ngahalangan.
Iwan ngajak imut. Metot awakna
kana kasur. Lain teu wani ngambek Rostika teh. Tapi imut Iwan lir nanceb dina
jajantung. Basa Iwan ngagalentoran awakna bari ngalaan baju Rostika lalaunan,
Rostika kalah peureum. Awakna lir kakalayangan. Teuing aya di mana. Teuing rek
dibawa ka mana. Rostika renghap ranjug. Panonna neuteup lalangit. Lir hayang
nobros ka luhur, brasna ka awang-awang. Dina mega bodas, Iwan ngajak
leuleumpangan. Ngalingling wiati ngalanglang jomantara. Tapi Rostika ngorejat.
Manehna asa rek labuh tina mega. Reuwas kareureuhnakeun. Rostika kakara sadar
kana kaayaan. Ngan sakilat awak Iwan disurungkeun nepi ka ngajengkang.
Rostika buru-buru mulungan
bajuna anu ngalayah dina kasur, terus dipake deui.
“Kaluar …!” Rostika nyentak.
Leungeunna nyekel gunting anu kabeneran ngagoler dina panel. Antare naker, Iwan
make deui baju. Tapi renghapna ngahegak keneh. Bari semu teu panuju, Iwan
Ninggalkeun Rostika nu molohok mata simeuteun.
Rostika satekah-poilah miceun
kalangkang Iwan. Tapi keukeuh bae, hate leutikna ngaku yen Iwan teh lalaki anu
dipikaresepna. Cacakan lamun teu inget kana doraka mah sabenerna hate leutikna
mah ngarasa hanjelu. Teu bisa samemena leuleumpangan jeung Iwan dina mega.
Sawangan Rostika beuki mancawura. Inget deui mangsa keur nyorang kahirupan di
lemburna, samemeh rumah tangga jeung salakina di Bandung.
Kota kacamatan anu kaitung rame,
tempat dumuk Rostika teh. Harita Rostika jadi kembang nu hegar, nyambuang
sapatamanan. Nepi ka Rostika lir nyengcelak di lemburna. Teu aneh lamun loba
lalaki anu kaedanan. Cep Cucu, anak Pa Camat, teu sirikna unggal burit
ngaheroan Rostika. Dani, pangusaha mebel, sarua mindeng ngaheroan. Kageulisan
Rostika geus jadi sabivvir hiji, jadi kacapangan balarea. Kungsi aya sawatara
lalaki anu pasea rongkah, bentrok basa kaparengan tepung di imah Rostika. Ngan
anu watir mah Agus, tukang ojeg anu sarua bogoheun ka Rostika. Kungsi diciduhan
ku Rostika, hareupeun pisan babaturanana bari dialungan kaca eunteung.
Di antara lalaki anu mikahayang
ka Rostika, taya saurang oge anu bisa meruhkeun hatena. Kabeh bati medenghelna.
Cep Cucu mah nepi ka puasa mutih 40 poe-40 peuting. Rostika pipilih teuing.
Kahayangna meunang lalaki anu bener-bener luhur kuta gede dunya, sangkan bisa
nyenangkeun kahirupanana. Atuh basa dina hiji mangsa aya babaturanana anu
ngajakan digawe ka Bandung, Rostika mani haripeut, boga harepan susuganan bisa
manggihan lalaki anu mindeng kaimpi-iimpi.
Datang ka Bandung, Rostika
digawe di salasahiji pabrik tinun. Najan digawe kasar, tapi teu matak beurat
pikeun Rostika mah. Manehna boga kayakinan, dina hiji waktu baris panggih jeung
lalaki anu dipiharepna.
Dina hiji poe, basa Rostika
balik digawe, papanggih jeung saurang jajaka perlente. Ginding naker. Katambah
turun tina mobii anu kacida mewahna. Teu pira mimitina mah, eta lalaki teh
nanyakeun alamat Dasar sarua keurpapada sengserang panon. Tina nanyakeun alamat
teh jadi tuluy wawanohan. Malah nepi ka Rostika dianteurkeun balikna kana mobil
eta jajaka.
Anto ngaran eta lalaki teh.
Ngakukeun urang Jakarta anu keur ngagarap borongan proyek di Bandung. nyaritana
oge teu bisaeun make basa Sunda. Kawantu aslina mah ti Surabaya, cenah. Rostika
anu karek nenjo dangdananana, bet ujug-ujug kataji. Katambah salian ti kasep,
Anto teh ngakukeun boga pausahaan di tujuh tempat. Imahna boga lima. Di Bandung,
Jakarta, Surabaya, Jogja jeung Bali. Rostika beuki kabawa ku sawangan sorangan.
Hayang bisa hirup salieuk beh.
Beuki lila Rostika jeung Anto
mingkin raket bae. Meh unggal poe Rostika diantar-jemput ka tempat gawena. Hiji
poe Anto ngajak ulin heula ka imahna. Rostika bujeng hingga nampik, malah
kacida atoheunana.
Bener bae, imah Anto teh mani
hurung-herang. Sarwa mewah. Rostika lir henteu bosen nengetan naon anu aya di
jero imah. Sawanganana geus teuing aya di mana. Asa geus laksana ngarangkep
jeung Anto, hirup ngahenang-ngahening. Teu aneh. Basa leungeun Rostika
diranggeum ku ramo Anto, manehna nyangsaya dina dada Anto. Rostika teu bisa
baha, basa awakna disangkeh dibawa ka kamar. Digolerkeun dina kasur. Rostika
oge teu wani nolak basa ramo leungeun Anto mimiti ngaragamang, mawa ngapung
ngawang-ngawang. Rostika siga anu teu ngarasa kaduhung. Padahal mustikaning
dirina leungit dina ranggeuman ramo Anto. Rostika pasrah sumerah. Lir teu inget
ka temah wadi. Tapi basa naon anu dipiboga ku Rostika geus dipasrahkeun, Anto
kalah ngiles, luntra teuing ka mana. Teu beja teu carita, estuning taya
raratanana.
Rostika hanjelu liwat saking.
Manehna maluruh laratan Anto. Kaasup imah agreng tea, basa manehna ngadon
ngapung jeung Anto. Hanjakal pisan, basa Rostika keketrok ka eta imah, manehna
kalah nyaksian sapasang lalaki jeung awewe keur anteng ngumbar birahi. Rostika
langsung indit bari mawa hate anu rajet Enya eta oge, anu keur guley teh lain
Anto. Tapi manehna beuki ijid. Ceuk pikima, eta imah teh kawasna remen dipake
teu uni.
Anto henteu kungsi nepungan
deui. Padahal balukar tina pagawean nirca, geus mimiti karasa. Rostika mindeng
utah-utahan. Sok ngadadak hayang bubuahan anu hararaseum. Rostika kakandungan.
Hatena asa beuki diwewejet.
Sabulan, dua bulan, Rostika teu
weleh nganti. Susuganan Anto datang deui. Tapi anu didago-dago teu embol-embd.
Beuteungna katara beuki ngagedean. Bumi alam ngadadak asa tungkeb. Rostika lir
peunggas harepan. Dina hiji poe, manehna nekad rek ngagelengkeun maneh di jalan
raya. Rostika meureumkeun panon basa hiji angkot nyemprung, anu ditaksir bakal
nutupkeun riwayat hirupna.
Tapi eta supir kacida tapisna
mengparkeun mobil ka katuhueun jalan. Satengah ngambek bari jeung reuwas
kareureuhnakeun, supir turun tina mobil. Tapi barang rek nyarekan, panonna
kalah molotot mata simeuteun. Bangun teu percayaeun kana tetenjoanana.
“Ros…” kadenge eta supir nyebut
ngaran manehna. Rostika ngaranjug. Neuteup ka supir angkot.
“Kang Agus…” ceuk Rostika.
Manehna oge kawas cangcaya bisa papanggih jeung Agus, batur salembura anu
bareto kungsi diciduhan. Teu sadar. Rostika ngagabrug Agus bari tuluy ngagukguk
ceurik balilihan. Ceuk Agus, ti saprak ditampik sapajodogan ku Rostika, manehna
nekad pindah ka Bandung, nyiar pacabakan anu anyar tug nepi ka jadi supu
angkot.
Rostika oge teu hese nyaritakeun
lalakon hirupna. Agus sakedapan ngahuleng semu cangcaya. Nenjo kanyataan kitu,
Agus ngarakacak. Ramo leungeunna ngaranggeum ramo leungeun Rostika pinuh ku
kanyaah. Malah kaluar kecap, cenah Agus rek ngawin Rostika, sanajan dina
kaayaan keur kakandungan.
Kawilang sabar Agus teh. Sanajan
unggal peuting sare sagebrug jeung Rostika, tapi manehna teu wanieun ngaganggu
kandungan Rostika, sanajan Rostika moal nolak lamun Agus ngajak reureujeungan
ilaharna panganten anyar. Rostika mimiti sadar, horeng Agus teh kacida belana.
Dina hiji poe, basa Rostika keur
mandi, manehna tisoledat. Labuh kana tembok Atuh puguh Agus kareureuwasan.
Rostika langsung dibawa ka dokter. Rostika kaguguran. Aya rasa sedih anu
nyangkaruk dina hate Rostika jeung Agus. Tapi duanana sadar kana papasten
Gusti. Moal bisa dihalang-halang ku saha bae.
Sanggeus utun inji anu dikandung
ku Rostika teu bisa gumelar ka alam dunya, meunang sawatara waktu mah
rumah-tangga teh repeh-rapih. Taya pipaseaeun. Atuh komo deui Agus geus bisa
laksana nyandingkeun Rostika. Pangantenan jeung wanoja anu kaada dipikacintana.
Kanyaah jeung kadeudeuh Agus tamplok pisan ku Rostika. Bumelana, kasabaranana.
Tapi Rastika leumpeuh yuni.
Manehna mimiti katarajang deui kasaldt kadunyaan. Ngarasa teu sugema boga
salaki ka supir angkot. Datang deui kahayang pikeun meunangkeun lalaki anu bisa
ngangkat darajatna. Lir ngadadak poho ka Agus anu geus nulungan manehna.
Antukna, ti poe ka poe, anu
dilakonan ku Rostika teh ngan ukur jijigaan, ngan akon-akon. Kanyaahna ka Agus
teu nepi kana bayah. Beungeut nyanghareup ati mungkir.
***
Rostika seuri sorangan bari
neundeun deui kaca eunteung kana luhureun kasur. Dina hatena geus gilig rek
ngageroan Iwan. Rek ngajak leuleumpangan deui dina mega. Sanggeus memener
pakeananana, Rostika ngalengkah muru kana panto. Tapi Barang rek djbuka, kaburu
aya anu keketrok ti luar.
“Pasti eta teh Iwan,” ceuk
gerentes hatena. Rostika teu jadi mukakeun panto. Manehna kalahka ucul-ucul,
ngalaanan pakeanana bari ngagoledag kana kasur. Awakna ditutupan ku simbut.
Geus kitu mah manehna ngadedempes bari ngadedengekeun sora anu keketrok. Teu
pati lila panto dibuka ti luar. Lalaunan naker. Rostika ngagulitik nangkuban.
Api-api keur sare tibra. Simbutna ngahaja disingkabkeun. Rostika seuri dina
hatena. Aya sora lengkah ka jero kamar. Teu lila karasa aya nu ngadeukeutan,
siga anu geregeteun hayang ngerekeb.
Rostika api-api teu inget, basa
awakna aya nu ngagulang-gaper. Panon Rostika angger peureum. Rostika oge kabawa
renghap ranjug. Panonna peureum. Kajadian basa kakalayangan jeung Iwan,
leuleumpangan dina mega, harita kalakonan deui. Rostika lalaunan beunta. Barang
breh, kacida ngaranjugna ningali anu keur ngalempreh di gigireunnana.
“Mas Anto …!” pokna Rostika.
“Maafkan saya, Ros. Dulu saya
tidak bilang sama kamu waktu mau berangkat. Soalnya saya mendadak harus
menyelesaikan proyek yang terhambat di Jaya Pura,” tembal Anto semu ngalengis.
Ramo-ramona ngusapan buuk Rostika.
“Mas Anto tahu dari mana saya
tinggal di sini?”
“Saya teman dekat Iwan. Jadi
saya tahu banyak tentang kamu dari Iwan.” Rostika katara semu ngaranjug. Kawas
manggih kareuwas dadak-dadakan. Beungeut Iwan jeung Anto piligenti dina
tetenjoanana. Katembong deui, Agus nu keur luut-leet kesang nyupiran angkot.
“Ayo kita pulang ke rumah kita,”
ceuk Anto.
Rostika ngadadak siga anu
ditenung. Kawas nu poho basa manehna rek ngagelengkeun maneh di jalan raya.
Rostika nurut kana kahayang Anto. Rostika teu baha basa leungeunna dikenyang,
dibawa kaluar ti dinya.
Di Imah nu baheula, Rostika
jeung Anto sukan-sukan nyacapkeun kasuka. Iwal ti eta, Rostika oge teu eureun
ngalegukan inuman. Pikiran Rostika ngalanglang ka awang-awang. Asa aya di alam
mana. Di tempat nu sarwa anyar. Les bae Rostika teu inget di bumi alam.
Bray, panon Rostika beunta.
Karasa aya anu tipepereket ngeukeupan awakna bari renghap ranjug. Barang breh,
Koceak… Rostika ngajerit. Saurang lalaki tengah tuwuh rerengosan ngadeukeutan
beungeutna. Tapi Rostika teu bisa kukumaha. Teu walakaya. Ngan bati sumerah.
Tina sela panonna, ngadadak aya nu merebey.
“Anto biadab, Anto setan …!”
Tapi ukur dina hatena. Tina biwima teu bijil kecap nanaon. Iwal ti haharegungan
nahan kanyeri.
“Hapunten abdi, Kang Agus …”
gerentes hatena.
***
Satengah lungse, Rostika turun
tina ojeg. Gembolan dijingjing. Panonna neuteup wangunan imah anu geus sakitu
taun ditinggalkeun. Katembongna geus semu doyong, siga anu rek runtuh. Lalaunan
Rostika leumpang, lir taya tangan pangawasa.
Anjog ka buruan imah, ngahuleng
sakedapan. Di jero imah pinuh ku jelema. Di pipir aya nu dokdak neukteukan awi.
Srog kana golodog, panggih jeung Pa Erte.
“Aeh, geuning Neng Rostika. Nya
ka mana bae?” Pa Erte nanya.
Rostika teu ngajawab. Manehna
buru-buru asup.
Barang breh, lanceuk-lanceukna
geus ngariung. Indungna diuk di tunjangeun nu ngajepat di tengah imah, bari
sarerea rawah-riwih.
“Saha nu maot?” Rostika nanya ka
nu diuk gigireunana.
“Apan bapa Eneng!”
Rostika ngaranjug. Sakedapan mah
teu bisa nyarita. Tapi bangun anu teu sadar, Rostika nelenyeng ka hareup.
Gabrug kana layon. Terus ceurik ngagukguk.
Keur anteng ngumbar kasedih,
karasa taktakna aya nu nyekelan. Rostika jadi inget, kana usap ramo hiji lalaki
basa manehna rek kageleng mobil.
“Ari Nyai ka mana bae, ku Akang
diteangan. Sugan teh miheulaan mulang ka lembur. Hampura Akang nya, sing sabar
bae ayeuna mah. ” ceuk hiji sora anu pikeun Rostika mah geus kacida wanohna.
*”*
Ranggon Panyileukan, 2000