WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Puskesmas Gawé Bareng jeung PTGMI sarta Himpaudi Sukatani, Magelarkeun Bhakti Sosial

Puskesmas Gawé Bareng jeung PTGMI sarta Himpaudi Sukatani, Magelarkeun Bhakti Sosial  SUKATANI - Grup Majalah Warta Sunda,- Pers...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Puskesmas Gawé Bareng jeung PTGMI sarta Himpaudi Sukatani, Magelarkeun Bhakti Sosial


Puskesmas Gawé Bareng jeung PTGMI sarta Himpaudi Sukatani, Magelarkeun Bhakti Sosial 

SUKATANI - Grup Majalah Warta Sunda,-

Persatuan Terapis Gigi dan Mulut Indonesia (PTGMI) DPC Kabupatén Purwakarta, ngalaksanakeun kagiatan bakti sosial kesehatan gigi anak. Kegiatan ini dilaksanakeun di GOR PGRI Sukatani, Juma'ah (15/08/2025). 

Ket. Poto : Raksukan jas hideung, H. Aa Hidayat (Sekmat Sukatani) poto bareng Babinmas Polsek Sukatani (Ardianto), Ketua PTGMI, Daniel Zaianal Haqi Muharam sarta  Himpaudi Kecamatan Sukatani Sri Wahyuni.*


Sekcam Kecamatan Sukatani, H. Aa Hidayat, sim kuring ngawakilan Pa Camat, ngiring bungah réhna, kadongkapan ti pihak Persatuan Terapis Gigi dan Mulut Indonesia (PTGMI) DPC Kabupatén Purwakarta. Tangtu masihan kadeudeuhna ka barudak PAUD hususna sa-Sukatani dina pakuat-pakait kesehatan. 

Ungkara nu ditegeskeun ku pihak kecamatan dihaminan ku Ketua PTGMI, Daniel Zaianal Haqi Muharam, AMKG dina biantarana, yen pamilonna téh cukup lumayan hadir, sim kuring ngahaturkeun rewu-rewu ka pihak kecamatan nu  parantos menjembatani kalumangsungan kagiatan ieu. 

Ketua PTGMI DPC Kabupatén Purwakarta, Daniel Zaianal Haqi Muharam, AMKG. *

Inyana ogé ngajelaskeun, yen kagiatan éta téh luyu sareng téma : "Gigi sehat, Anak Hebat: Edukasi Kesehatan Gigi untuk Generasi Muda yang cerdas dan Berkualitas".

"Tangtu pikeun barudak TK/PAUD, dibekelan élmu kumaha caranya  menggosok gigi yang benar, bagaimana menjaga kesehatan gigi dan mulut bagi anak, oleh terapis gigi dan mulut," pokona. 

Kegiatan ieu ogé tujuanna pikeun ningkatkeun perilaku sehat saperti cara nyikat gigi bener ti keur leutik kénéh. 

Para pamilon ti 10 Himpaud Kecamatan Sukatani. *

Dina kesempatan éta ogé, ceuk Ketua Himpaudi Kecamatan Sukatani : Sri Wahyuni, S.Pd basa dipénta kamandangna ku Grup Majalah Warta Sunda nyebutkeun pihakna ku diangken ku pihak Puskesmas, ngarasa bingah, lantaran murangkalih didikna dipasihan kasempatan pikeun narima layanan kesehatan, saperti ngadongkapkeun pihak PTGMI ku ngayakeun layanan kesehatan gratis. 


Pihakna ngeridkeun siswa-siswi TK/PAUD ngalaksanakeun edukasi jumlahna aya kana  260 urang ngawengku ti 10 TK/PAUD nu aya di Sukatani. Lian ti éta, ieu rojongan kaélmuan cara ngosumsi makan sehat, layanan ka ibu guru jeung sepuh wali murid. 

Pihak Puskesmas nu diwakilan Kasubag TU, Aryn. *

Keur pihak Puskesmas nu diwakilan Kasubag TU, Aryn, ngawakilan Ka Puskesmas Sukatani, ibu Neni Ruhyawati, teu tiasa hadir kemari aya kaeryogian nu sanés. Ngahaturkeun nuhun ku ilu biungna barudak TK/PAUD sa-Sukatani, hadir nedunan pangulemna Persatuan Terapis Gigi dan Mulut Indonesia (PTGMI) DPC Kabupatén Purwakarta. Ogé ngahaturkeun nuhun ka Bapa Camat anu parantos masihan tempat lumangsung ieu kagiatan. 


Dilokasi kagiatan, Grup Majalah Warta Sunda,-ngahaja ngawangkong jeung wawakil siswa pamilon saperti Sabriel ti PAUD Al-Ayyubi nu diaping ku orang tua siswa Euis Damarwulan, nalika ditaros ngeunaan mu rang kali hna ngiring kagiatan éta. Malah ngiring diparios layanan kasehatan Haratis, komo murangkalih abdi dugika, di diukur tinggi ogé ditimbang berat badan katut cara nyikat gigi anu bener.***


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Puskesmas Gawé Bareng jeung PTGMI sarta Himpaudi Sukatani, Magelarkeun Bhakti Sosial "

Posting Komentar