Seni Buhun nu Aya di Darangdan, Dihudangkeun deui ku Danramil
DARANGDAN - Grup Majalah Warta Sunda,-
Gawe bareng nu rancage antara Koramil Darangdan jeung DPC PPSI Darangdan pikeun ngajomantarakeun pencak silat di sakuliaheun Darangdan. Meh 10 taun katukang, kagiatan pencak silat téh nepika pareum. Dina hal ieu mah Seni Buhun (Penca Silat) nu aya di Darangdan, dihudangkeun deui ku Danramil.
Kukituna Koramil Darangdan basa ngainventarisir seni pencak silat. "Geuning aya kénéh seni pencak silat téh. Alhamdulillah tiasa ngajomantara deui nepika tepung sareng Ketua DPC PPSI Darangdan, Ustadz Wawan, S.Pd.I." Kitu ceuk Danramil 1903/Darangdan Purwakarta, Lettu Kav. Unang Sunarya ka Grup Majalah Warta Sunda di kantorna, Saptu (9/08/2025).
Salasahiji paguron némbongkeun unjuk kabisa tandang makalangan Pasanggiri Pencak Silat di Koramil Darangdan.*
Danramil 1903/Darangdan Purwakarta, Lettu Kav Unang Sunarya, boga kanyaah pikeun ngalestarikeun budaya Pencak.
"Sok sanajan 7 bulan mupuhuan, di Koramil Darangdan kuningal kaayaan seni pencak silat nu hampir tumpur, di Darangdan boga karep pikeun ngamekarkeun tur ngamulasara dunya pencak silat." Pokna Danramil Darangdan.
Anapon kitu, di dunya Pencak silat ieu téh parantos masihan kontribusi ka pamaréntah pikeun paranonoman kana edukasi jeung kepribadian barudak sangkan mental anu tangguh cageur, bageur, pinter, singer, ogé luyu sareng jargon sadu, santai, budi, Silat, solat, siliwangi.
Ijen antara Ketua DPC PPSI Darangdan, Ustadz Wawan, S.Pd.I, sareng Danramil 1903/Darangdan Purwakarta, Lettu Kav. Unang Sunarya.*
"Kagiatan Pencak silat nu dipasanggirikeun di Koramil Darangdan ieu téh, Saur Danramil, dipiharep kapayunna langkung manjur deui," Pokona.
Kasangtukangna kagiatan ieu téh, dina raraga miéling kamerdikaan nu ka-80, ogé pikeun ngemutan mangsa katukang yén Pencak silat ieu aya pakuat-pakait kana perjuangan pasukan Siliwangi keur merjuangkeun NKRI.
Ku magelarna kegiatan ieu ogé, pikeun Ngawarikseun sumanget juang Sikep Nasionalisme paranonoman, malah Mandar ngeusi kamerdikaan ku cara ngamumulé Seni budaya buhun ieu, ogé aya hubungannana kana ngagem Pencak silat.
Dina kesempatan éta ogé, Ceuk Ketua DPC PPSI Darangdan, Ustadz Wawan, S.Pd.I, memang leres ieu kagiatan téh keur masihan motivasi kanggé pesilat ogé sepuh-sepuhna supados wanoh yén Seni Budaya hususna Seni Pencak Silat téh, seni buhun nu kedah di mumulé sangkan dipikawanoh ka paranonoman.
Tumali acara Pasanggiri Pencak Silat, dina magelarkeun téh, persiapan rapat pembentukan panitia mung ukur 14 poé timimiti koordinasi jeung kolaborasi sareng Danramil Darangdan.
Lain deui ceuk salahsahiji wawakil pamilon
ti paguron Mande Buhun, Ipin Mulyadi salahsahiji pangurus Mande Buhun, inyana ngeridkeun pamilonna sangkan milu aub dina kagiatan ieu. Saperti néng SANIA NURSALAM ieu, diwanohkeun pikeun tandang ma kalangan dina Pasanggiri Penca Silat.
Nurutkeun data nu dikumpulkeun ku Grup Majalah Warta Sunda, yén para pamilon nu ngiring aub téh 87 pamilon aya 7 paguron ngawengku diantarana :
1. Mande Buhun (Désa Linggamukti);
2. Mekar Budaya (Désa Linggamukti);
3. Mekar Citra Domas (Désa Linggamukti);
4. Putra Wargi Domas (Désa Legoksari);
5. Buka Wargi Putra 2 (Désa Nagrak);
6. Sinar Panca Nandéan (Désa Nangewer);
7. Lingga Budaya (Désa Cilingga).
Lian ti éta, nu ditandangkeun téh nyaéta :
1. Rampak Usia Dini Putra/Putri;
2. Rampak anak Putra/Putri;
3. Rampak Remaja Putra/Putri;
4. Katagori Tunggal Putra/Putri.
Disagedengeun éta, yén pencak silat téh perlu diwanohkeun deui ka paranonoman, Seni buhun nu jadi warisan buyut urang, tos jadi Warisan Budaya Tak Benda (WBTB) nu diangken ku UNESCO.***
0 Response to "Seni Buhun nu Aya di Darangdan, Dihudangkeun deui ku Danramil"
Posting Komentar