Carpon - KARORONCODAN
KARORONCODAN
D
|

Ari dikamar hotel sagala disadiakeun, saperti: ace, tipi, kulkas, telepon,
kamar mandi panas-dingin; geus puguh ari cai kopi mah ngan kari nguyup.
Datang ka kamar teh Uwa mah langsung wemencet ace, nyetel tipi, terus
ngebel Pa Deden, Pa Zaenudin, Pa Iwan, Pa Asep, ka sarerea weh. Top, minuman
tina kulkas, pan edun lalajo tipi digeberan ku ace, bari kekedengan dina kasur.
Teu nyaho eta minuman teh ari rek balik kudu diduitan. Atuh panitia
karoroncodan ku mangmayarkeun da loba nu nyarokot minuman. Babakuna mah anu nyaaya
siga Uwa, sugan teh ngatis.
Jam lima sore, Uwa rek mandi. Cor, jolang gede teh dipinuhan. Na atuh, ari
gebrus teh Uwa langsung ngoceak. Singhoreng kran cai panas jeung kran citiis
kudu dibarengkeun mukana, ambeh haneut. Ari Uwa ngan muka kran panas wungkul.
Atuh puguh Uwa asa kaleob. Jeung basa ngising Uwa kokotetengan neangan sisiuk.
Ari pek teh di hotel mah ombeh teh tara disiukan. Cukup disusutan ku tisu. Yey,
lamun aya nu nempokeun, wirang temen.
Jam dalapan peuting, makan malam diteruskeun kana acara perpisahan. Mani
lalega da kudu fulldress, make jas di
dasi; teu nyho meunang nginjeum. Komo Si Bonsay mah, awak leutik make jas. Kalah
jiga diharudum, tapi leutik-leutik oge, ngabojegna mah meakeun batur. Basa ka
Gembira Loka we, enya ka Ka kebon Binatang, pajarkeun teh: “Kepada binatang
supaya turun dari beus,” cenah.
“Ari Pa Ipin nu ti Bojonggambir?”
“Pa Ipin nu putrana kasurupan, hoyong we nyanyi kapan-kapan. Na ari geus
cageur, si budak teh leungit di Borobudur. Geus kitu Ibu Ipin ditutur-tutur ku
nini-nini. Panyangka sarerea mawa paraji, da Ibu Ipin keur bubureuyeung. Ari
pek teh, nini-nini rada gelo. Hahahahah ...”
“Ari Pa Yaya urang Cigolentang, kumaha Uwa?”
“Pa Yaya mah jeung istrina kabawa tikusruk di Maliboro, mani katuruban pisan
ku beca. Taktak Pa Yaya raheut, gancang ku Pa Nanang di tawaran obatna eta mah
Pa Yaya lain menta obat, kalah menta sarung. Duka keur naon, hahahah.... tah
anu resep mah waktu hiburan, Pa Encud duet jeung Bu Encud, laguna ‘Kunanti
jawabanmu’ teu sangka Pa Encud soantenna halimpu kitu; kawas sora Rakhmat
Kartolo keur salesma. Soantenna mah serak-serak basah, enya basah-basah kuyup
kawas sora kaset ngageol, hahahaha.....”
“Meunggeus Uwa, pamali ngomongkeun batur, mending urang ngontrol
ngageuingkeun batur,” ceuk Odoy bari kaluar ti garduh. Atuh bral wae arindit
bari narakolan kohkol.
***