WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Geus Waktuna Masarakat Cerdas, Kitu nu Jadi Harepan Kadés Cibogohilir Pléréd

Geus Waktuna Masarakat Cerdas, Kitu nu Jadi Harepan Kades Cibogohilir PLÉRÉD - Grup Majalah Warta Sunda,- DÉSA Cibogohilir, n...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Geus Waktuna Masarakat Cerdas, Kitu nu Jadi Harepan Kadés Cibogohilir Pléréd


Geus Waktuna Masarakat Cerdas, Kitu nu Jadi Harepan Kades Cibogohilir

PLÉRÉD - Grup Majalah Warta Sunda,-
DÉSA Cibogohilir, nu dipingpin ku Asép Hariyanto, basa dipénta kamandangna ngeunaan Angka Putus Sekolah nu diguluyurkeun ku Gubernur Jawa Barat nepika nerbitkeun kawijakan ngeunaan Pencegahan Anak Putus Sekolah, SK-na Nomor : 463.1/Kep.323-Disdik/2025 jo. Nomor 421.3/Kep.346-Disdik/2025 ngeunaan Petunjuk Teknis Pencegahan Anak Putus Sekolah ke Jenjang Pendidikan Menengah. Dirina geus ngadata "zero" alias nareruskeun luyu sareng jenjangna masing-masing.

Kituna ogé, pikeun di Désa Cibogohilir sapuk sareng ikhtiar Pamérintah Daérah Provinsi Jawa Barat pikeun ngajamin hak pendidikan keur satiap anak di Jawa Barat, hususna anak-anak ti keluarga teu mampu sarta rentan putus sekolah luyu jeung pendidikan karakter Pancawaluya nyaéta cageur, bageur, bener, pinter, tur singer.

"Alhamdulillah nepika ayeuna angka putus sekolah zero, nilik ti kasadaran warga masyarakat ku penting-pentingna pendidikan. Kacatét yén di Désa Cibogohilir, Lulusan SMA aya kana 25 persen, lulusan nu kuliah 20 Persen. Malah mandar aya Pengangguran Produktif nu biasa digawé di luar provinsi Jawa Barat sapertos didamel di Bata Api daérah Aceh aya kana 80 persen aranjeunna dikontrak.

"Teu ngabibisani tina 0,1 persen yén usia diatas 17 taun nu teu sakola, alatan budakna alim sakola, sok sanajan kolot na ngajurung-jurung sakola. Ku hal éta, tinggal masrahkeun ka kolotna sewang-sewangan. Pihakna tos satekah polah koordinasi sareng kolotna," Kitu nu kasauran nenehna Kang Asép.

Sajaba ti éta, yén pihakna tos ngupayakeun semaksimal mungkin pikeun ngarojong progran pamaréntah sangkan arasup sakola, rék iraha deui sarakola, sangkan warga masayarakat caledras.

Kang Asép nenehna, keur marahan lauk di lokasi Ketahanan Pangan Bumdés Cibogohilir. (20/8/2025). *

Inyana ogé miharep ka pihak stakeholders hususna ngeunaan jenjang nu teu kuliah atawa sakola paguron luhur, ka pihak BLK aya progran BLK masuk Désa. Kitu saur kang Asép nutup wangkonganna.

Nurutkeun data nu dikumpulkeun ku Redaksi yén jadi Kepala Désa téh aya teureuh ti uyutna nyaéta Kepala Désa Cibogohilir ka-1 nyatana Lurah Adong. Sedengkeun ti aki lurah nu ka-2 wastana Yunus. Lian ti éta ogé ka amangna nyaéta Pa Honto, Kepala Désa nu ka-5. Ayeuna sim. Kuring neruskeun jejak karuhun janten Kepala Désa anu ka-8. Tina Jumlah pendudukna 8.500 warga, hak pilih 6.500 urang warga.***



Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Geus Waktuna Masarakat Cerdas, Kitu nu Jadi Harepan Kadés Cibogohilir Pléréd"

Posting Komentar