WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

"NGAHURIPAN JEUNG NGAHIRUPAN RSUD AL-IHSAN: Sawangan Metamorfosis Kukupu”

“NGAHURIPAN JEUNG NGAHIRUPAN RSUD AL-IHSAN: Sawangan Metamorfosis Kukupu” Di alam, kahirupan kukupu dimimitian ti hiji endog l...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

"NGAHURIPAN JEUNG NGAHIRUPAN RSUD AL-IHSAN: Sawangan Metamorfosis Kukupu”

“NGAHURIPAN JEUNG NGAHIRUPAN RSUD AL-IHSAN: Sawangan Metamorfosis Kukupu”


Di alam, kahirupan kukupu dimimitian ti hiji endog leutik (Ind; telur) nu jadi Hileud (Ind: Ulat), mun nepi ka mangsana ngabulen diri jadi cacaka (Ind: kepompong), tuluy ligar mindah rupa ngajanggélék jadi Kukupu (Ind: Kupu-kupu) anu sarwa éndah kelir jangjangna tur bisa hiber ngalayang ngalanglangan saban patempatan. Néangan saripati kembang pikeun manjangkeun hirupna.

Kuku pun hirupna nyangkolong kana waktu, bajoang, jeung mindah rupa dina sagala wujudna. Kitu ogé perjalanan RSUD Al-Ihsan, ti mimiti lahir minangka rumah sakit milik masarakat Jawa Barat nu dikokolakeun ku yayasan "Al Ihsan Bandung" nepi ka kiwari ngajanggelek minangka RSUD Welas Asih, mangrupakeun hiji metamorfosis juuh ku harti– spiritual, sosial, budaya, sarta institusional-- lenyepaneun urang sadaya.

1. Mangsa Endog Kasucian: Lahirna RS Islam Al-Ihsan (1993)
Sagalana dimimitian dina taun 1993, waktu sawatara tokoh Islam di Jawa Barat ngawujudkeun hiji niat suci, cita luhung: ngawangun rumah sakit pikeun kamaslahatan umat, utamana di Jawa Barat. Éta “endog” kahadean diimpleng ku
Drs. H. Ukman Sutaryan (suargi) jeung 5 tokoh séjénna ti Yayasan Al-Ihsan. Batu dadasar wangunan RS Al Ihsan munggaran dibebeskeun kana taneuh Baleéndah dina tanggal 11 Maret 1993, pas jeung 17 Ramadan, simbol Nuzulul Qur’an – nyambungkeun niat sosial jeung spiritualitas.
Taya béda jeung endog nu leutik tapi pinuh poténsi, RS ieu ngalakukeun tugas munggaran di taun 1995: ngabuka layanan UGD jeung poliklinik. Eta fase masih kénéh rapuh lir ipisna cangkang endog nu babari peupeus, tapi mungkus mataholang kahirupan jeung kahadéan di jerona.

2. Mangsa Hileud: Tuwuh jeung Tangtangan (1995–2004)
Lir hileud nu loba baranghakan pikeun ngumpulkeun énergi, RS Islam Al-Ihsan terus tuwuh. Tapi dina prosés éta, datang rupa-rupa tantangan, kaasup masalah tata kelola. Mangsa ieu nuduhkeun yén hiji lembaga, sanajan tujuanna luhur, butuh transparansi jeung wewegna integritas.
Kasus hukum nu ngagulung pendiri Yayasan Al Ihsan nyababkeun RS ieu kudu leupas tina yayasan, pikeun leumpang ka arah nu leuwih profesional jeung akuntabel. Ieu bagian tina ‘ngamumulé diri’ – ngolah manéh saméméh asup kana mangsa nu leuwih jero.

3. Mangsa Cacaka: Pindah ka Pemerintah & Transisi Identitas (2004–2019)
Lir cacaka, RS ieu aya dina mangsa reureuh jeung reformasi di jero. Taun 2004, RS resmi dipindahkeun ka Pemerintah Provinsi Jawa Barat, jadi RS milik publik. Ngan, kaputusan ieu lain ahir, tapi ngamimitian robah kana sistem modern.
Di 2009, RS Al-Ihsan meunang status BLUD, mangrupa sinyal yén éta lembaga siap jadi badan nu mandiri, akuntabel, jeung adaptif. Sanajan waktu éta kawas “teuteundeunan cocoan”, sabenerna meureun, ieu teh cara pikeun nyiapkeun jangjang-jangjang anyar.

4. Mangsa Ligar Kupu-Kupu: RSUD Al-Ihsan Jadi Welas Asih (2019–kiwari)
Dina mangsa ligarna, RSUD Al-Ihsan ngajanggelek jadi kupu-kupu kaséhatan nu ngigelan jaman, adaptif, jeung masagi. Dipingpin ku dr. Dewi Basmala, MARS ti 2019, RS ieu ngalakukeun rupa-rupa transformasi:
- Akreditasi Paripurna
- Palayanan leuwih ngajul muser ka layanan publik.
- Layanan unggulan puser kanker, Stroke, Diabetes jeung bedah jantung.
- Digitalisasi sistem
- Kinerja BLUD nu sehat
- Rékor MURI (pianis angklung ku pasien jantung)
Jeung réa deui prestasi nu dihontal ku RSUD Al Ihsan mangsa dr. Dewi Basmala, MARS nu jadi dirékturna.
Taun 2025, haneut kénéh Gubernur Dedi Mulyadi netepkeun ngaran anyar: RSUD Welas Asih – nyalurkeun “rupa jeung rasa” budaya Sunda nu nyambung jeung nilai Islam. Padanan tina Al-Ihsan nu hartina amal ibadah nu ikhlas, Welas Asih ngajembaran makna silih asah, silih asih, jeung silih asuh nu dibulen rohman jeung rohimna nu Maha Welas tur Maha Asih.
Sakumaha kupu-kupu anu méh teu katingali prosésna dina cacaka, robahan RS ieu ogé teu sadayana kapireng ku nu di luar mah. Tapi waktu ligar mekar, tangtuna méré kelir nu nyata jadi tapak-tapakmangsa 33.

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to ""NGAHURIPAN JEUNG NGAHIRUPAN RSUD AL-IHSAN: Sawangan Metamorfosis Kukupu”"

Posting Komentar