WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Maniis Jalan Umum di Maniis, Ayeuna Jalanna Leucir

Maniis Jalan Umum di Maniis Ayeuna Jalanna Leucir PURWAKARTA – www.wartasunda.id Luyu jeung nu jadi udagan Pamar é ntah...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Akhmad Sudar - Nyiptakeun Alat Kompor Rumah Tangga tina Bahan Oli Urut


Katerangan Poto :
Alat Kompor tina Bahan Oli Urut.*

 TEGALWARU – Warta Sunda Onliné,
H
IJI deui inovasi juru atik di Kecamatan Tegalwaru Kabupatén Purwakarta ngamangpaatkeun limbah rumahan, malahan ayeuna mah limbah kendaraan motor ogé digarap jadi pibahaneun bakar rumah tangga. Saha atuh juru atik éta téh!!!

Redaksi Warta Sunda Onliné narima video ti salahsaurang guru nu mangpirang-pirang kreasi inovasina. Saperti halna témbong videona hasil inovasi pemanpaatan teknologi sederhana.


Dina hal ieu mah, Akhmad Sudar hiji guru di SDN 1 Karoya Kecamatan Tegalwaru sok pirajineun ngainovasi sagala limbah nu aya diwewengkon sabudeureunna. Saperti ayeuna ngamangpaatkeun limbah bengkel mangrupa oli urut nu geus jarang diarah.

Ku pangalamanna dina ngolaborasi bahan-bahan limbah dimangpaatkeun keur kabutuhan ibu rumah tangga. Tina hasil videona ka titen, yén oli-oli urut téh disulap jadi bahan bakar keur kompor.

“Teu pira ukur ngamodalan kompan, corong, kran katut pipah beusi leutik jeung nu sedeng, plat beusi, kompresor.

Tina cara kerjana mah, bahan-bahan éta dirakit sedemikian rupa jadi mangrupa alat saperti témbong dina gambar jeung vieo.

Hasil bahan éta diaranan Kompor ngagunakeun oli urut. Alat éta, kiwari ngan ukur conto can diperbanyak. Lantaran masih dina uji coba jeung ngemas tur inovasi bahan-bahan. Kitu ceuk guru nu kungsi jadi pinunjul Teknologi Sederhana Tingkat Provinsi sawatara waktu katukang.

Nyiptakeun alat ieu téh, inyana sok ningalian di bengkel motor jeung mobil. Basa ningali oli urut nu geus hideung. Kapikir, bahan éta keur jadi inovasi.***    

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Akhmad Sudar - Nyiptakeun Alat Kompor Rumah Tangga tina Bahan Oli Urut"

Posting Komentar