WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bupati Purwakarta : Saepul Bahri Binzein di Kritik ku Verrel Bramasta Soal Pendidikan Berkarakter di Barak Militer

Bupati Purwakarta : Saepul Bahri Binzein di Kritik ku Verrel Bramasta Soal Pendidikan Berkarakter di Barak Militer "Kuring geus lalajo ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

PEPERNIAN - NGARUAT

N G A R U A T

HATUR KATINEUNG KA PANGERESA :
H. RD. ADEG ABDUSSALAM ( AKI SABILULUNGAN )
” DI KALANGGENGAN ”
NU PUPUS DI MADINAH AL – MUNAWARAH
3 PEBRUARI 2006 M / 4 MUHARAM 1427 H
NALIKA ANJEUNA NUJU NGALAKONAN IBADAH HAJI
MUGIA ANJEUNA AYA DINA RAHMAT KUBUR
DITAMPI SAGALA AMAL KASAEANANA
DIHAPUNTEN SAGALA DOSANA
KALAYAN DI “ ADEGKEUN “ DINA TEMPAT ANU MULYA
MUNGGUH ALLAH S.W.T
AMIN YA RABBAL A’LAMIN

OGE IEU EUNTEUNG KATINEUNG KEUR KI LANCEUK PANGERESA :
DALEM SEPUH PUPUHU LEMBUR DI PUSER DAYEUH
KANG ANOM SUSULUR DALEM DI KAHURIPAN
KANG ANOM PRAJA DI PAGUYUBAN
KANG HIDAYAT SURYALAGA DI SUNDA NET COM
KANG ULIS ASEP GUMELAR DI PAGUYUBAN
KANG DEDEN GUNTARI DI PALANGENAN
WA NANA NU NYAWANG TI KAANGGANGAN
EYANG KAMOJANG NU NGAGEUGEUH KARESIAN
KANG ADUD NU TEUING DI MENDI
KANG DIAN HENDRAYANA DI RAWAYAN
” TABE PUN ”
TUR SAKUR DULUR NU KEUR NGUNGKUNG PADUNGDUNG, NGENGKLAK PEPETA, TANDANG MAKALANGAN
MIDANG MAGELARAN
NGOKOLAKEUN KISUNDA
DI PURWAKARTA MANGSA KIWARI
PAREBUT OMONG PACOWONG – COWONG
NEANGAN HARTI JATINING DIRI
” KI SUNDA ANU SAWAWA ”

PIHATUR NU NYUSUN

S
améméh urang nengetan leuwih jero kana pedaran hal ngaruat “Batara Kala“, anu saterusna engké lalakonna bakal kapintonkeun ku basa ugeran (Basa anu kauger ku rupa-rupa patokan), anu patokanana :
1. Lobana engang dina saban-saban padalisan ;
2. Lobana jajaran dina saban-saban pada ;
3. Kumaha dang-ding-dungna jeung kumaha margaluyuna.
Ayeuna leuwih utama lamun ti mimiti urang nganyahokeun heula katerangan-katerangan, cara-cara jeung peta-petana rék ngaruat ku basa lancaran (Basa bebas nu teu kauger ku rupa-rupa patokan), malar supaya gampang nerangkeunana kanu rék ngulik gasik metikna harti, kanu maksad hayang gancang ngandungna luang.
Agung bendu nya paralun anu kasuhun, jembar pangampurana nu kateda, utamina kanu reugreug dipageuhna, kanu weruh disemuna, réhna nu nulis geus kumawani mintonkeun eusi ati seni dangding, nyusun lagu nu babaku, warisan ti nini aki urang sadaya, anu judulna ngariwayatkeun “ NGARUAT ” Batara Kala. 
Wondening kitu pimanaeun atuh sok upama bener, sadalah salah ogé hampuraeun nu weruh, pamuga ulah nganggap “lawan“ pikeun bitotama dina medan satra, tapi kudu dianggap “satia kawan“ dina raraga rempug jukung sauyunan bajoang ngamajukeun kasusastraan Sunda, anu kiwari rék ampir leungit/tumpur, “ Jati Kasilih Ku Junti “.
Anu nulis sanajan mepetek ogé nahap-nahapkeun manéh, satekah polah ngabisa-bisa, milu jabung tumalapung, campur gaul ulubiung, kajurung ku rasa paur terus katalanjur, nahan sieun henteu kawalahanana ruksakna basa Sunda katut dangdingna, nya kapaksa nguliat cengkat, lulungu tina kasaréan, sanajan bari jeung kabeurangan atawa geus katinggaleun ku “Busway“ ogé, dibelaan jumarigjeug najan pinuh ku pangceuceub, ngingetkeun ngemban subaya amanat ti Pajajaran, nyungsi pasini piwarti ti Siliwangi, pikeun ka seuweu-siwina, yen : Ki Sunda ulah kamalinaan !.
Komo ceuk pamoyokan jalma ayeuna anu geus pinuh teuing kaancikan ku ka-modérn-an jeung ka-globalisasi-an mah, magarkeun téh ceunah teu dipisono, nyuguh-nyuguhkeun baé basa buhun anu geus teu dipikabutuh, éta mah jaman tai kotok dilebuan. Keun baé antep anu nyarita kitu mah da moal matak bohak, balikanan manéhna pangna bisa ngawujud jentul kitu téh apan turunan ti karuhun-buhun, kocoran ti kolot-kuno. Moal aya manéhna lamun henteu aya karuhunna, moal gelar jaman ayeuna lamun henteu sambungan pagelaranana ti jaman baheula.
Parandene kitu genténg-genténg ulah potong, henteu jadi halangan pikeun ka jalma anu butuh ku panemu, halabhab ku atikan anu sampurna mah, geusan nambah-nambah pangalaman, numbu-numbu pangaweruh, nambih-nambih pangarti. Komo ngingetkeun kana pamadeganana Ki Sunda anu jatnika, nu moal mopohokeun kana basa jeung sastrana sorangan mah, leuwih maher Kasundaanana, ciri-ciri hayang ngawangunkeun basana katut sastrana henteu “ Cul Dogdog Tinggal Igel “. Basa katut dangding Sunda téh ulah amburadul teuing, sok sumawona nepi ka pareum mah, duh bararaid teuing ! kahayang mah masing hirup-hurip sapapanjangna tug nepi ka anak-incu-buyut-janggawareng-kaitsiwur jeung saterusna, basa katut sastra Sunda téh ulah leungit ku musim werit saperti kiwari, suda ku jaman mamala kawas ayeuna, rehe simpe ku rame monetér jeung BBM, sing terus banglus nepi ka runtagna ieu dunya, apan geus pada apal lain ? yén maju jeung mundurna hiji bangsa jeung nagara téh gumantung kana maju jeung mundurna basa, adat, budaya, sarta tingkah paripolah rahayatna. Ku kituna hayu urang pada ngamumulé.
Ngan sakitu pihatur anu nyusun, henteu butuh ku cecela anu teu puguh, butuh soteh ku maksud anu silih benerkeun, silih oméan, silih béjaan, geusan ngamajukan basa katut sastra Sunda anu sampurna. Da apan urang mah salaku urang Sunda nu kudu ngabogaan rasa SILIH ASAH - SILIH ASIH - SILIH ASUH, nu dina udagan deukeutna bisa ngahontal Ki Sunda nu WIBAWA KARTA RAHARJA. 
Rahayu Swasti Astu Nirmala Seda Malilang Sampura Isun. Cag !
Garokgék, 8 Pebruari 2006 M / 9 Muharam 1427 H
Panyusun, Pun ;
RD. DEDEN IPAN SULAEMAN


BUBUKA
M
éméh prung medar ngeunaan ngaruat, leuwih ti heula nu nulis seja nembrakeun pamuka carita nu mangrupa “paneteg diri” ti “kasumedangan”, nu saban mangsa tiap-tiap rék milampah hiji garapan, teu weleh di mimitian ku ngikrarkeun ieu kedaling pangarti nu bihari, catur panemu nu kapungkur, carita pangawasa nu baheula, nu diamanatkeun kanu nyusun sasatna tinu jadi guru, nu dipiharep malar taya halangan harungan dina nembrakkeun ieu pedaran. Tabe pun.

HANA SIRA RATU DIBJA RENGEN
RINGAJI KABEH NAMA NATAMOLI
HONGNA MANING ALLOH YA SAJATI
PANGERAN KARO IJIKU SULAEMAN
BRAY GEREMET…………………………..BRAY GEREMET ……………………….
INGKANG WIJIKU PURUS PERSANI CEKEL BUGEL
LUPA LUPIKU BRAJA MUSTI
LUPI LUPAKU BRAJA SAMPURNA
ROSULA GIA MUNGGUH MUHAMMAD LAGIA TEKA
RASA NIRA RASA NISUN
CIPTA NIRA CIPTA NISUN
PAN TUNGGAL SIRA KALAWAN ISUN
BIBIT TIRA MUSA
BAPA NIRA MUSA
YA ISUN NABI MUSA
HU DAT, HU IRODAT, HU SAMA
RAMPES SARI DAHAR RASA
TILUHUR JADI TANAGA
TIHANDAP JADI PANGAWASA
BALUNG TUNGGAL
SAHADAT NYI SRI
SAHADAT IMAN MANUSA
LAILLAHA ILELLOH MUHAMMAD ROSULULLOH ING SAWIJI
SANG MEKA-MEKA RAYA ………………. RAYA MEKA
SANG JAYA-JAYA UNA ……………………UNA JAYA
NU AYA DI SAKULITING CAI
NU AYA DI JERO CAI
SANG RATU EMBUT PUTIH
IEU ANAK INCU BUYUT REK NGAGUAR PEDARAN NGARUAT
BRAL …………………………….

BAB I
KATERANGAN CARA-CARA JEUNG PETA-PETANA REK NGARUAT
Geus jadi adat kabiasaan, mungguh dikalangan bangsa naon baé ogé nu aya di sakuliah tatar jagat raya pramudita ieu, salian tina kapercayaanana kana Agamana sewang-sewangan téh, rajeun ogé teu saeutik anu percaya tur manut kana salah sahiji tiantara kapercayaanana anu sok di paruhit-puhit (Mistik). Sanajan bari jeung aya panghalang anu sakumaha rongkahna ogé, tapi da keukeuh anu percaya mah dibélaan paséa ragot, malah kalan-kalan nepi ka rido guyang getih, marebutkeun dalung tanpa eusi, ngabélaan pamadeganana.
Pon kitu deui di wewengkon tanah Priangan tanah Ki Sunda, anu baheula gelarna kakocap “Parahiyangan“, masih kénéh réa nu percaya jeung ngukuhan kana adat-adat “talari“ karuhunna. Ku kituna téa mah nya pantes baé apan lamun urang kiwari nilik kana bukti-bukti bihari nu sidik, mapay tapak-tapak baheula nu nyata, yén tétéla wewengkon Priangan téh baheulana tilas patempatanana para “Jawata-Juwita“ anu garaib tur sarakti, anu lés nepi ka ayeuna tanpa jirimna, ngahiang ka alam kahianganana.
Sagedengeun ti éta apan méméh Pangaruh Islam asup ka tatar Priangan téh, kapercayaan “Animisme“ jeung “Dinamisme / Pre-Animisme“ (Kapercayaan anu nyoko kana kayakinan yén satiap barang jeung mahluk ngabogaan kakuatan gaib) ogé geus leuwih tiheula nyampak di ieu wewengkon Pasundan, kaasup kanyataan yén Agama Hindu gé leuwih heula asupna ka Priangan batan Agama Islam. (Hal ieu bisa dibuktikeun ku mangpirang-pirang bukti sajarah anu ngebréhkeun yen ngadegna karajaan-karajaan Hindu di wewengkon Priangan téh jauh leuwih tiheula saméméh pangaruh Islam datang - Agama Islam Mimiti gelar di Priangan ± taun 1526 M, di wewengkon Pasundan (Bantén Girang) kalawan nu mimiti ngarintahkeunana nyaéta Syéh Maulana Makdum Ibn Maulana Isrofil nu sok disebut Falatehan atawa Tagaril, nya nu engkéna katelah Sunan Gunung Jati téa - diantarana waé kabuktian ku ngadegna : 
1. Karajaan Salaka Nagara (Karajaan Hindu) ± taun 132 M, di wewengkon Pandeglang Banten ayeuna; 
2. Karajaan Tarumanagara (Karajaan Hindu) ± taun 400 M, nu perenahna deukeut Bogor ayeuna, ari nu jumeneng raja kakasihna Purnawarman;
3. Karajaan Galuh / Kendan (Karajaan Hindu) ± taun 1030 M, nu perenahna di wewengkon Ciamis, kalayan rajana Prabu Wastukancana;
4. Karajaan Sunda (Karajaan Hindu) ± taun 1030 M, nu perenahna di wewengkon Sukabumi ayeuna, rajana nu kawentar nyaéta Prabu Sri Jayabupati; 
5. Karajaan Kawali (Karajaan Hindu) nu perenahna di wewengkon Ciamis ayeuna; sarta
6. Karajaan Pakuan Pajajaran (Karajaan Hindu) ± 1333 M, nu perenahna kiduleun Bogor ayeuna
- Komplek Batu Tulis - nu di heuyeuk ku raja kawentar nyaeta Prabu Siliwangi).
Nu salah sahiji kapercayaan utamana dina Ajaran Hindu téh nyaéta ngayakinkeun saéstuna kana ayana “jirim gaib“, “pangaruh“ jeung “kakuatan“ para Dewa-Dewi, Sanghyang, Batara-Batari, Jawati-Juwita, Romanten, Baya robaya jeung sajabana, anu dipercaya salawasna marengan, nengetan, tur mangaruhan usik-malikna mahluk hirup nu gumelar di alam pawenangan nyatana alam marcapada, alam dunya ieu. Samalah dina ajaran Hindu mah kacida loba pisan ngaran-ngaran Dewa nu di piwanoh tur dipercaya “aya”-na téh, tapi nu kacida dipusti-pusti, disembah tur dipuja enya-enya mah nyaeta Dewa Siwa, Brahma, jeung Wisnu, nu disebut “Trimurti“ téa, saperti nu katangen ku urang ayeuna dina ngaran “tokoh“ jeung “lalakon“ pawayangan. Sahingga ku ayana kanyataan ieu tangtuna henteu matak jadi hemeng lamun tradisi jeung adat talari karuhun rahayat Pasundan téh, masih kénéh raket tur dalit kana kapercayaan Hindu saperti tradisi “Ngaruat“ Batara Kala ieu.
Ti jaman adat nini moyang urang baheula ogé geus jadi hiji “adat tradisi“ ti sabagéan masarakat urang henteu kurang-kurang anu mikaresep jeung percaya malah nepi ka muhit kana “wayang“, teu kalis ku wanci revolusi, teu laas ku jaman peperangan, terus tug nepi ka jaman merdika cara ayeuna, jadi hiji seni kabudayaan pribumi anu diparusti-pusti. Sok sumawona anu aya patula-patalina jeung “ngaruat“ mah leuwih diutamakeun pisan, moal boa dilalaworakeun. Naha hal kitu téh salah? tangtuna tinggal kumaha urang nyawangna, rék tina ugeran jeung papagon mana! nyanggakeun kanu uninga.
Tandesna tina hal ngaruat henteu bisa nangtukeun nepi ka palebah jihat mana bener-salahna, pardu-sunatna, sah-batalna, éta mah gumantung kanu rék boga maksud jeung moalna, moal rék nitah moal rék nyaram, kumadinya téh teuing, masrahkeun baé kanu boga hukum timbangna. Ngan perlu tangtuna keur unggal-unggal mahluk pikeun ngayakeun “tarékah“ jeung “ihtiar“ geusan nyiar kasalametan lahir-batin, dunya-aherat. Ari ngaruat ceuk “adat“ jeung “saréat“ geus pasti moal beunang dipungkir deui, yén éta téh kasebut kana salahsahiji tarékah jeung ihtiar nu kaasup kana “tulak bahla“, numbal atawa nyegah kacilakaan téa, anu tujuan ahirna ngudag kana kasalametan jeung kasampurnaan hirup kumbuh di ieu alam panca roba. Dikabul jeung henteuna mah hakekatna sumerah sapinuhna ka Gusti nu Maha Suci, ieu mah ngan sakadar darma mang-rekes-keun. Moal bisa tinekanan maksud saupama urang hayang ngala buah lamun henteu daék nyiapkeun heula gantar, tarajé, bedog atawa alat ngala buah liana. Nu tujuanana naha éta ngala buah téh rék ditaékan tangkalna, diajul buahna, dituar tangkalna, atawa rék dibaledog?, tah ieu ngaruat ogé mangrupa gantar, tarajé atawa bedogna (sasatna “sarana“ atawa “alat“) pikeun ngahontal udagan buah kasalametan.
Ngingetkeun kana kaayan yén diantara urang henteu unggal-unggal sirah anu nganyahokeun persis kana bab ngaruat, ceuk ingetan pedaran hal ngaruat ieu téh ari sakadar méré terang baé mah sugan moal matak dicarékan ku para ahlina, da tadi gé ieu mah sauukur séja nepikeun deui “béja“ titinggal karuhun nu geus lawas ka sidem, keur urang salaku urang sunda bisi lali ka temah wadi, lali ka purwa daksi, lali ka purwa-na ngadadi, jati ka silih ku junti.. Ngagugulung banda batur bari banda sorangan katolér-tolér malah kapopohokeun. Moal boa jaga aya mangpaatna keur anak incu urang nu butuheun ku béja ti luluhurna. Beunang ogé ieu mah keur di jieun tamba lumayan, saibarat kalapa pesekkeun-butikkeun-pereseun keur diarah sari patina.
Anu eusi wijina tinangtu masih kénéh jauh kacida kana ngahontal eusi harti “falsapah“ kasusastraan alam Hindu nu digelarkeun dina jaman kiwari ku ahlina anu aya di urang sacara “etimologis“, komo lamun nyoko kana udagan eusi anu masagi mah, tangtuna jauh tanah ka langit, jauh kana “kronologis“ jeung “harmonis“, kitu deui dina cara-carana jeung lalakon-lalakonna saupama dibandingkeun jeung ti para ahlina nu kacida samporétna, geus tangtu moal aya anu sapagodos, ari sababna mah aya babasan “lain koki lain olahna“ atawa “lain dokter lain resepna“.
Kanu aya maksud ngaruat, saméméh nganyahokeun kana prak-prakan ngaruat jeung saniskara hal anu kudu disadiakeun pikeun ngaruat, leuwih hadé lamun urang nganyahokeun heula naon-naon atawa saha-saha anu ceuk adat kapercayaan kudu di ruat.
Ari anu kudu di ruat nurutkeun talari karuhun anu ngalir ti nini moyang téh aya 36 rupa, tiantarana nyaéta
1.    Anak nunggal (Boh awewe boh lalaki), kasebut UNTANG-ANTING.
2.    Anak nunggal anu di tinggalkeun maot ku dulur-dulurna (Boh awewe boh lalaki), kasebut TUNGGILIS.
3.    Anak tilu, anu panengah ditinggalkeun maot ku adi lanceukna (Boh awewe boh lalaki), kasebut NANGGUNG BUGANG.
4.    Anak tilu, anu dua ditinggalkeun maot kunu cikalna (Boh awewe boh lalaki), jadi budak nu kadua kasebut NYUHUN BUGANG.
5.    Anak tilu, anu kadua ditinggalkeun maot ku anu bungsuna (Boh awewe boh lalaki) jadi budak nu kadua kasebut NGAJINGJING BUGANG. 
6.    Anak awewe panengah, kasebut KULAH DIHAPIT PANCURAN.
7.    Budak anu waktu keur orokna dijurukeunana suku heula (Boh awewe boh lalaki) kasebut TARUJUN.
8.    Budak anu waktu keur orokna dijurukeunana sirahna pinuh ku getih atawa cacai bodas (Boh awewe boh lalaki) kasebut OROK BALAKUTAK.
9.    Budak anu waktu keur dijurukeunana henteu aya balian (Boh awewe boh lalaki) disebut LAMUNTING.
10.  Budak anu paeh keur dilahirkeunana (Boh awewe boh lalaki) tapi bisa menyat hirup deui ku pitulung paraji kasebut SESA LAYON.
11.  Budak anu taya bujalan (Boh awewe boh lalaki) kasebut BALUNG TUNGGAL.
12.  Budak anu waktu keur orok dijurukeunana awakna jeung sirahna pinuh ku kikilieun (Boh awewe boh lalaki) kasebut SEKAR KILAB.
13.  Budak anu waktu keur orok dijurukeunana tali ari-arina meulit kana beuheung atawa sukuna, awewe kasebut NEMAH LARA, lalaki NEMAH PANJARA.
14.  Budak anu ti barang lahirna geus tembong tanda bodas dina palebah naon bae (Boh awewe boh lalaki) kasebut SANGGA KALA.
15.  Budak lalaki anu sikina sanglir, kasebut KALA BENDA bejana cenah sok bedas, ari budak awewe anu sekarsuhun, kasebut KALA ARUM bejana cenah sok cerewed ka salaki. 
16.  Budak anu dikandungna ngala kasataun, lalaki kasebut ANDINA, awewe kasebut ANDINI. Ari anu dikandungna ngala katujuh bulan lalaki kasebut PERWATA, awewe kasebut PERWATI.
17.  Budak anu dijurukeunana dara kembar dua atawa kembar opat, jeung sarua pada-pada masang awewe reuejung lalaki, kalawan tiantara salah sahiji atawa salah sapasang eukeur waktu orokna henteu gancang-gancang dipisahkeun ka tempat jauh ; anu kembar dua kasebut DWI TUNGGAL, nu kembar opat kasebut CATUR TUNGGAL. Ceuk bejana mah magarkeun teh ceunah budak anu kembar kitu geus jadi jodona masing-masing ti ajalina, duka teuing bener henteuna mah kumaha ceuk hukumna bae.
18.  Budak anu dijurukeunana ngaburusut manten di leuweung di rema (Boh awewe boh lalaki) kasebut KAWA LANGSANG.
19.  Budak anu henteu puguh bapana (Indungna euweuh anu ngawin), (Boh awewe boh lalaki), kasebut KAMA SUNDEL.
20.  Opat sadulur awewe wungkul, kasebut SARIMPI, atawa opat sadulur lalaki wungkul, kasebut SARAMBA.
21.  Lima sadulur awewe wungkul, kasebut PANDAWI, atawa lima sadulur lalaki wungkul, kasebut PANDAWA.
22.  Awewe anu saumur-umur tacan pisan ngarasa kareseban, kasebut BALA NGANTRANG. 
23.  Boh awewe boh lalaki, anu tileuleutik adat tingkah lakuna mahiwal ; awewe kawas lalaki, lalaki kawas awewe, kasebut BANCI atawa MALAWADING.
24.  Laki rabi anu kawinna goreng repok, kasebut PISANG PUNGGEL.
25.  Laki rabi anu kawinna salah mangsa indit, kasebut KALA MANGSA.
26.  Laki rabi anu kawinna karana ku pamaksa batur atawa kolot, kasebut GUNA PAKSA.
27.  Laki rabi boh pamajikanana boh salakina beunang ngarebut ti batur, kasebut DURYAT MAKA.
28.  Laki rabi boh pamajikanana boh salakina sok mangnircakeun (Nyolowedor) kasebut JANA MURKA.
29.  Laki rabi boh pamajikanana boh salakina ka pernah kolot (Kulawadet deuheus keneh), kasebut TINEMAHAN.
30.  Laki rabi anu enggeus tadina pada-pada pepegatan (Salakina geus ragrag talak), wuri-wuri ahirna patepung deui kalawan teu karana ruju atawa kawin, kasebut TIKAH WANA.
31.  Jalma anu pindah salah wanci indit, kasebut KALA DURGA
32.  Jalma anu henteu tata-titi muka atawa ngabedah sawah, tanah, lembur jeung leuweung; kitu deui nyieun wawangunan, imah, leuit, jeung gudang, kasebut KALA AMER.
33.  Jalma nu sok ngarempak pacaduan tibuyutna (Nini moyangna), kasebut TUNA WIWAHA.
Jalma nu beunghar tina milik warisan atawa meunang untung tina enteng, sarta henteu daek nolih ka sanak barayana, kasebut KAYA TITIPAN.
34.  Jalma anu beunghar meunang tina pupunjung-pupuja anu kotor sarta tara daek pisan mere maweh jeung ngajalankeun sidkah ka fakir miskin, kasebut KAYA KARUN.
35.  Jalma anu beunghar menang tina tipu karinah, maling jeung rarampog (Kaasup korupsi) kalawan tara pisan daek babakti, kasebut KAYA DURJANA.
36.  Salian hal nu parenting nu geus disebutan bieu diluhur teh, aya deui nu sok rajeun “dikakalakeun“ ku Batara Kala,. Upamana bae : 
37.  Jalma nu sok sumaba / mamangkatan tengah poe jumaah henteu ngadehem palebah jalan anu ngolecer.
38.  Jalma nu sok jongjon mandi ditampian sirah cai keur wanci tengah poe ereng-erengan nepi ka menggok Panonpoe ngulon.
39.  Jalma nu sok norotot ngaheot di leuweung bari ngala suluh nepika sore.
Awewe anu reuneuh keur sedeng bulan alaeun sok sumaba / mamangkatan tara mawa panglay jeung peso leutik nepika tengah peuting.
40.  Panganten anyar anu masih keneh tacan hade geus kumawani sumaba ka tempat anggang anu lalakon lilana sapoe sapeuting atawa dua peuting (Diukur ku lalampahan leumpang / teu make kandaraan).
41.  Jeung sajaba ti eta nu kaasup matak aya mamalana.

Ceuk ujaring nu waspada, magarkeun teh cenah lamun henteu diruat, geus tangtu eta jalma cilaka, nu kasebut “Mapag Kala“ tea. Anu maksudna mah kapanggih ku Batara Kala nu sok ngamangsa jalma (Ngagunasika). Maotna maot cilaka, lain maot kulantaran flu burung, anthrax, gering muriang, nyeri beuteung, batuk, geus kolot atawa gugur di medan peperangan ngabela nusa jeung bangsa. Tapi sareatna bisa jadi maotna ku “kalakuan“ sorangan anu henteu ati-ati, wiwaha, duduga tur peryoga, upamana : kageleng kandaraan, katinggang ku babawaan nu bareurat, ragrag, tigebrus, tisruksruk, titajong, dirogahala jalma jeung sajaba ti eta nu kaasup kana cilaka.
Tah bisi kajadian cilaka sacara kitu, cenah beunang ditarekahan ku ngaruat tea, jadi atuh mati-mati jalma maot teh kudu maot sawajarna, bisa keneh katungkulan ku sanak baraya anu wajib ngubaran, manggihan, mencetan, mulasara, jeung sapapadana. Henteu saperti anu maot cilaka, sajabana sakarat engkak-engkakan dinu lain tempatna teh, baraya oge euweuh anu nganyahoankeun-nyahoankeun acan, ceuk jalma anu gasong / songong omong mah magarkeun teh “modar konyol“ cenah.
Ari saenyana, ngaruat teh nyuguh ka Batara Kala ku saniskara sasajian (sasajen), bari nyebutan aksara-aksara anu aya dina awakna. Ngan didieu moal bisa mertelakeun hiji-hiji aksarana, lain bae henteu bisa ngan kaburu ku sengkeran, nya eta hiji konci rusiahna para ahli dalang ruat anu henteu meunang di tembrakkeun ka anu rea.
Lamun sorangan henteu bisa prak-prakanana, meunang ngawakilkeun kanu bisaeun, biasana sok dalang wayang, juru pantun, atawa kokolot tukang tembang wawacan, asal make “wajani“ sarta puguh “panajemna“. Tah ieu nu jadi bangga teh nyadiakeun wajani jeung panajem, kawasna henteu unggal sirah nu terangeun.
ARI CARA-CARANA KIEU :
Ilahar nu rek diruat, tianggalna kudu enggeus ngajalankeun heula “tirakat“, nyaeta cara-carana “mutih” atawa “ngabeuti“, tiantara salah sahiji eta dua cara, kudu aya nu kapilih, mana anu rek dijalankeun.
Lamun mutih, omat pisan anu didahar teh kudu estuning sangu wungkul henteu muenang jeung lauk, uyah, sambel, somawona peupeuncitan mah. Lamun ngabeuti mah ngan wungkul nu meunang didahar teh tina rupa-rupaning beubeutian bae saperti : sampeu, hui boled, kentang, taleus, ganyol, suweg, jeung sabangsana.
Ari lilana mutih atawa ngabeuti eta mun kuat mah opat puluh poe (Paling lila), di mimitian ti poe wedalan sorangan. Tapi kitu oge aya keneh adilna, ngingetkeun kana ukuran jeung kaayaan kasehatan, kuat atawa henteuna badan anu rek diruat. Lamun nu teu kuat meunang kurang ti sakitu oge, upamana anu dewasa mah dua puluh lima poe atawa sabulan, ari pikeun budak mah kumaha numutkeun umurna jeung taksiran kakuatan warugana bae, upamana dua poe, tilu poe, opat poe, lima poe jeung panglilana ngan semet saminggu.
Lamun anu diruat wawangunan kakara anggeus, imah, leuit, gudang, gedong, kantor, pabrik, mall, ruko, atawa wawangunan sejenna pikeun eusianeun, kudu enggeus di teundeunan beas nu lobana tujuh “unem“ (Saunem ± sarua jeung saukuran sakati / sabatok paragi naker beas nu geus di simak). Lamun tanah, sawah, lembur, babakan, balong, huma, sarta lahan anu kakara dibuka atawa dibeuli, dibedah, dibukbak, diadegan, kudu enggeus diruangan endog soang kacingcalang, jeung unggal juru watesna dipelakan tangkal hanjuang.
Anu rek boga maksud hajat, tiawalna kudu engeus nyangcang “nyeureuhan“ dalang, juru pantun, atawa kokolot tukang tembang wawacan, anu baris ngaruat tea. Sarta geus biasa, nu galib tarali paranti rek nyangcang dalang ruat teh, sajabana ti duit teh, oge kudu bari mawa bahan seupaheun, kayaning : seureuh, apu, gambir, kapol, saga, jambe, cengkeh katut bako tampang, ari Dji Sam Soe mah, ka pangarangkeun bae.
Piisukaneun ngaruat, sajabana ti sadia balandongan atawa papanggungan teh, kudu geus sadia oge sasajen jeung rarangken anu sapuratina, malar supaya engke dina prakna ngaruat teu ngawagu. Ari sarupa-rupana jeung peta-petana kieu
MANGRUPA KADAHARAN :
1. Puncak manik (Tumpeng), tungtung congcot make endog hayam, (Diteundeunna handapeun gebog wayang deukeut dalang).
2. Rujak amis tujuh rupa, gulana gula kawung sarta dibukuran,(Diteundeunna handapeun gebog wayang deukeut dalang).
3. Bubur beureum bubur bodas, nu amis jeung nu teu amis, (Diteundeunna handapeun gebog wayang deukeut dalang).
4. Kupat, dupi, leupeut, dibeungkeutan masing-masing, (Diteundeunna kudu digantungkeun luhureun dalang).
MANGRUPA BAHAN KADAHARAN :
5. Hayam hirup keneh, nyaeta pikeun huripna anu diruat, mun awewe kudu hayam bikang, mun lalaki kudu hayam jago. Mun anu diruatna wawangunan atawa tanah mah, hayam naon bae ayana jeung saenggeusna ngaruat ti beurangna dipeuncit, getihna ucrat-acretkeun kana tatapakan wawangunan atawa lebah unggal-unggal juru pakarangan tanah. Kade ulah salah paham pikeun hurip jalma mah ulah dipeuncit sanajan hayamna nepi ka kolot oge, samalah mah kudu nepi ka paehna ku sorangan kajaba di tewak careuh atawa lasun. (Di teundeunna handapeun gebog wayang deukeut dalang kalawan sukuna di talian).
6. Hulu domba meunang nigas, mun anu diruatna awewe kudu domba bikang, mun lalaki mah domba jalu, mun anu diruatna wawangunan atawa tanah mah domba naon bae, ngan ieu mah beda jeung pikeun hurip, ti samemehna prak ngaruat ti beurangna domba teh kudu enggeus dipeuncit tur getihna diucrat-acretkeun sacara meuncit hayam tea, (Diteundeunna gantungkeun luhureun dalang).
7. Pare hurik dua geugeus, (Diteundeunna dina paneer juru balandongan kenca katuhuna dalang).
8. Duwegan kalapa hejo, meunang mapas anu tacan dibobok, (Diteundeunna handapeun gebog wayang deukeut dalang).
9. Cau katut tangkalna sapasang, (Diteundeunna dina juru balandongan beulah tukang kenca katuhu).
10. Tangkal tiwu koneng, dua leunjeur sapasang, (Diteundeunna dina juru balandongan beulah tukang kenca katuhu).
11. Kalapa samanggar anu gangsal, (Diteundeunna digantungkeun make tali anu kuat dina paneer tengah-tengah balandongan).
12. Sarupaning hasil tatanen tina ngahuma sapasang-sapasang saperti : gandrung, sekul, wijen, hanjeli, jeung kunyit, (Diranggeuyankeun), jagong, kacang, (Digedengankeun), waluh, kukuk, paria, jeung gelabag bako, (Ditalian cupatna). (Nerapkeunana diatur masing-masing disabudeureun balandongan dina unggal-unggal tihang luhur)
13. Sarupaning hasil beubeutian tina palawija sapasang-sapasang saperti : sampeu, taleus, hui, suweg, jeung ganyol, dibeungkeutan, . (Nerapkeunana diatur masing-masing disabudeureun balandongan dina unggal-unggal tihang luhur). Oge bisa dilengkepan ku beubeutian nu biasa dipake samara, diantarana : koneng, cikur, laja, jahe, panglay, lampuyamg, boros kunci jeung sajabana.
MANGRUPA PAKEAN :
14. Pakean weuteuh sapangadeg, mun anu diruatna awewe kudu pakean awewe, mun lalaki pakean lalaki, (Diteundeunna disampaykeun dina tali tambang anu nganteng luhureun dalang). Engke dimana ngaruat ceuk lalakonna ngawayang geus nepi ka lebah Batara Kala ngudag-ngudag hiji jajaka anu ngaran Jatusmati, anakna nunggal Nyi Randa Sumawit, anu saterusna Jatusmati nyulumun ka balandongan, campur jeung panayagan. Geusan ngabuktikeun dina sareatna, anu diruat harita keneh kudu buru-buru nyampeurkeun ka balandongan, ngahiji jeung panayagan, sarta geuwat ku dalang disambat bari dialungan pakean weuteuh nu sapangadeg tina sasampayan tea, anu diruat kudu gancang-gancang disalin.
15. Boeh dua samping, (Diteundeunna disampaykeun dina tali tambang anu nganteng luhureun dalang). Sanggeus anu diruat salin pakean tea, kudu buru-buru deuih ku dalang ditiungan ku boeh sasamping, sirahna masing buni pisan, ceuk sareatna mah cenah malar supaya Batara Kala kalinglapeun. Ari boeh anu sasamping deui eta mah cadang hajatkeuneun ka dalang ngaruat tea, dimana lekasan ngaruat dibahankeun.
16. Samak weuteuh dipake ngagulung anggel weuteuh, (Diteundeunna handapeun gebog wayang deukeut dalang), engke dimana anu diruat geus disalin jeung ditiung, sarta ceuk dina lalakonna wayang Batara Kala enggeus ngaleos deui kaluar sarta lalajo nu ngawayang ti anggangna, tuluy dalang ruat kudu ngomong kieu kanu diruat : “Jig ! ayeuna mah geura balik da enggeus salamet“. Tah kakara anu diruat turun buru-buru ti balandongan, balik deui ka jero imah bari ngelek gulungan samak weuteuh jeung anggel weuteuh nu ngagulung deukeut dalang tea.
MANGRUPA CAI PIKEUN MANDI :
17. Cangkrub. Cai diwadahan dina bokor, diteundeunnan duit tengahan tilu (Benggol), (Diteundeunna handapeun gebog wayang hareupeun dalang).
18. Jajambaran dicaian make rampe, (Diteundeunna handapeun gebog wayang deukeut dalang ). Ari caina meunang ngala ti tujuh tampian atawa sumur, lamun bisa ti tujuh cai leuwi jeung ti tujuh cai mulang, ieu cai anu dina jajambaran tea engkena dipake mandi ku anu di ruat, lamun anu diruatna wawangunan, imah, gedong, gudang jeung sajabana ti eta, kepret-kepretkeun kana tihang, bilik, lante, panto, jeung palataran katut dipipir. Lamun anu diruatna tanah, pakarangan, kebon, pahumaan, jeung sajabana, cai teh di ceborkeun bae ka unggal-unggal juru jeung lebah anu caneom-caneom tiiseun.
19. Paso dicaian ku cibeas jeung uyah, (Diteundeunna handapeun gebog wayang gigireun dalang). Engkena dipake kukumbah suku anu diruat dina golodog ari rek unggah ka imah saentasna mandi tea, lamun anu diruatna wawangunan, imah, gedong, gudang jeung sajabana ti eta, diceborkeun palebah lawang dora atawa buruan hareup anu rek blas ka lawang imah, lamun anu diruatna tanah, lahan, kebon, pahumaan, jeung sajabana, diceborkeun lebah lawang jajalanan, ari sawah jeung balong mah kudu dina huluwotanana atawa palayangan cai.
MANGRUPA HIASAN :
20. Kembang tujuh rupa, dibeungkeutan gagangna, sarupaning : Eros, malati, campaka, kananga, sedep malem, angkrek bulan, jeung kembang tanjung ditiiran, (Diteundeunna dina bubuketan hareupeun dalang).
21. Pangradinan dieusi minyak kalapa, minyak seungit, sisir, eunteung leutik, wedak, pale, sipat, susubal atawa mangle, (Dditeundeunna handapeun gebog wayang hareupun dalang).
MANGRUPA BAHAN KUKUS :
22. Parupuyan make tatakan sarta sadia : menyan bodas, dupa atawa satanggi, (Diteundeunna deukeut pisan dalang). Engkena dimana dalang rek unggal-unggal ngadoa mapatkeun jangjawokan, nyinglar, ngayuh, jeung ngidung pangrajah, dikukuskeun.
MANGRUPA BAHAN - BAHAN PIKEUN SARAT :
23. Kendi kosong dituruban endog, (Diteundeunna deukeut pisan dalang). Tah engke dimana ngaruat ceuk lalakonna wayang geus nepi ka lebah Batara Kala keur milu lalajo wayang sarta nyarande kana tangkal kalapa, gawena ngan merelek bae heuay tina awahing ku tunduh, sungutna calangap. Sungut Batara Kala ku dalang Kandabuana di baledog ku endog, mani blus pisan asup kana sungutna. Pikeun ngabuktikeun dina sareatna, lebah dieu dalang ruat kudu buru-buru nakol endog turub kendi tea ku campala, masing sakali nakol, sakali geblus kana jero kendi, sarta keun bae sanajan endogna nepi ka peupeus atawa henteu oge, nu penting mah asup kana jero kendi.
24. Bokor dieusi beas, endog, kanteh, jarum jeung duit sabaru (Dalapan sen sapeser), (Diteundeunna handapeun gebog wayang deukeut dalang).
25. Damar linting tina siki kaliki atawa siki jarak ditiiran ku nyere, lamun henteu aya eta, hade ku palita pintelan kapas oge dikurililingkeun dina biwir coet, minyakna ku minyak kalapa atawa minyak suuk. Ti mimiti der ngaruat kudu geus dipasang sapareumna (Sabeakna). (Diteundeunna di tengah-tengah panayagan).
MANGRUPA PAPAES DANGDAUNAN :
26. Haur koneng dua regang.
27. Mayang jambe dua upih.
28. Janur kalapa dua pucuk.
29. Daun hanjuang dua dahan.
30. Daun kamuning dua regang.
31. Daun kelewih dua regang.
32. Jukut palias dua genggem / keupeul.
33. Daun sulangkar dua regang.
34. Jawer kotok dua tangkal.
35. Jaringao dua beungkeut.
36. Pongporang dua regang.
(Sakur anu dua-dua, kudu disapasangkeun, diterapkeun, dijieun papas dina ungal-unggal tihang balandongan, kenca-katuhueun dalang).
Pisapeutingeun deui rek ngaruat, dalang, jurupantun, atawa kokolot tembang wawacan ngaruat, saupama dina peuting harita boga hadas sapatemon rasa jeung anu jadi bojo, kudu buru-buru beberesih (Adus), samemehna sare kudu babacaan heula jangjawokan doana sare.
Didieu sakur jangjawokan-jangjawokan doana pikeun ngaruat tea, sanajan bari jeung basa-basana campur-aduk tur kalimahna henteu matak jelas jeung ngarti oge, tapi rek maksakeun maneh bae diebrehkeun nu sacerewelena, da moal ngurangan tina maksudna, malar supaya pok-pokanana enya asli pisan (Nu dipiharep teu ngurangan kana “esensi” jeung “kaotentikanana“), henteu mengpar tina papagonna, kieu geura :
DOA REK SARE :
BISMILLAHIROHMANNIROHIM,
ALLOHUMA BADAN SARE, ATI TANGHI SUKMA MUJI, ROH MADEP MARING ALLOH, LAILAHAILELLOH MUHAMMAD ROSULULLOH, ALLOHUMA NANGTU DINUR, AUBING ALLOH MADEP CAHAYANING ALLOH.
DOA ENTOS JIMA ( REK ADUS ) :
BISMILLAHIROHMANNIROHIM,
NAWAETU ADUS BANYU, KAYU AMANGGI TOWAYA ROBANI, DUS LALI DUS MANI, DUS BADAN NGADUGA WASUKMA, MULYA ALAM JATI SAMPURNA SAJERONING HURIP, ALLOHU AKBAR.
DOA REK MANDI BIASA :
BISMILLAHIROHMANNIROHIM,
NAWAETU ADUS BANYU, KALAWAN WADAH GEDAH KANCANA BAGENDA ALI PANGERAN, DADALI PUTIH KANG NGASIH NANGTU NGAIS, KANG DADI REMBENG IMAN FIL UDUSI, LAILLAHAILELLOH MUHAMMAD ROSULULLOH.
DOA ENTAS MANDI BIASA :
BISMILLAHIROHMANNIROHIM,
ANGRUM TIBA NINGRUM ILLA, JIPAT SIMA MIRAH DAT KERESA DAT KAWASA DAT MULYA DAT SAMPURNA, LAILLAHAILELLOH MUHAMMAD ROSULULLOH, SELELLOHU ALLAIHI WASSALAM, YA ARHAMA ROHIMI.
DOA NGISING :
SIR GUMILANG SAK GUMILANG, RAT SAMPURNANING APAL, RAT SAMPURNANING SIPAT, GANDA KU KERI SAMPURNA.
DOA NGISANG :
BANYU ERMAWAR, SARI SAMA JATI SARAT MANJING SAMPURNA.
DOA DAHAR :
BISMILLAHIROHMANNIROHIM,
POHACI SARINING DAT, POHACI SARINING PUJI, DAT KUMPULING HURIP SAMPURNA, SAMPURNA KANG MANGAN KANG PINANGAN, ALLOHUMA SIR SADANA SIR SADANI, IMAN MAPRUTING DAT.
DOA NGINUM :
BISMILLAHIROHMANNIROHIM,
MINA ROBBAHUM MINKULI SAE’IN PAROBBAHUM.
Pipeutingeun deui rek ngaruat, dalang, jurupantun, atawa kokolot tembang wawacan ngaruat, dina sorena kudu mandi beberesih diri (Kuramas), kieu jangjawokanana :
DOA MANDI KURAMAS :
BISMILLAHIROHMANNIROHIM,
ROH IDOPI ROH JASMANI, HAYU PADA ADUS MARING KASUCIAN, HAYU PADA ADUS MARING KASAMPURNAAN, ALLOHUMA NUR CAHAYA INTEN KELI KOMALA MANTEN, KANG AREP PADA RUPANA, KANG BURI PADA RUPANA, SAMPURNA RAGA KABEH, SAMPURNA DOSA KABEH, ALLOHU AKBAR.
DOA ENTAS MANDI KURAMAS :
BISMILLAHIROHMANNIROHIM,
HURUBING CAHAYA SARINING ALLOH, MURUB CAHAYANING ALLOH, LAILLAHAILELLOH MUHAMMAD ROSULULLOH.
DOA ADUS BATIN :
BISMILLAHIROHMANNIROHIM,
NAWAETU WIJILING SUKMA, DAT KANG WISESA DAT SAMPURNA, KANG SAMPURNA SARUPA KABEH, ALLOHU AKBAR.
DOA WUDHU BATIN :
BISMILLAHIROHMANNIROHIM,
BANYU MANA BANYU MANI, BANYU MADA BANYU MADI, METU SAKING KUDRATULLOH, MALIKUL ALAM, ALLOHU AKBAR.
Ti saentas wudhu jeung sajabana, dalang henteu meunang ngomong sakemek-kemek acan, sok sumawona ngopi mah dilarang pisan, tuluy kira wanci magrib dalang teh peledug ngukus diluhur balandongan, anu parupuyanana jeung menyanna meunang nyadiakeun dihandapeun gebog wayang tea, babacaanana salian ti sahadat, salawat, jeung tulak bahla teh diteruskeun kana sarsilah :
DOA SARSILAH :
BISMILLAHIROHMANNIROHIM,
SUMA ILLA RUHI MAUOLANA, KANGJENG NABI MUHAMMAD, SYARIF ABAS WARUZULIHI, WAANBIYAIHI SAE’UN LILLAHI LAHUM ALPATIHAH, SUMA ILLA RUHI WARUZULIHI, WAL SULTONI WALI JAMIL, WAL MUSLIMINA WAL MUSLIMATI, WAL MUMININA WAL MUMINATI, SAE’UN LILLAHI LAHUM ALPATIHAH, SUMA ILLA RUHI WAKUTUBU ROBANIAH, HUSUSON SAYIDINA SYEH ABDUL KODIR JAELANI, SAE’UN LILLAHI LAHUM ALPATIHAH, SUMA ILLA RUHI KUTUBU RAJANI, ROBANIAH FIL IJATI, ABDUL ROHMAN ALI ARIF PILAH AGUS MUHAMMAD SYAMSUDIN FIL IJATI ABDOROHMAN, LILLAHI LAHUM ALPATIHAH.
Terus maca surat Al-Fatihah, Surat Al-Ikhlas, Surat Al-Falaq, Surat An-Nass, jeung terus kana maca aliflamim nepi kana humulmuplihun (Surat Al-Baqoroh ayat 1 nepika ayat 5)
DOA BABAKTI :
BISMILLAHIROHMANNIROHIM,
WA ILLA HADRAOUTI HUSUSON WALI SASANGA : RADEN RAHMAT SUNAN NGAMPEL, RADEN PAKU SUNAN GIRI, SUNAN BONING ING LASEM, SUNAN DRAJAT ING TUBAN, SUNAN KUDUS ING KUDUS, SUNAN GUNUNGJATI ING CIREBON, SUNAN MARIO, SYEH LEMAH ABANG, SUNAN KALIJAGA ING DEMAK, SAE’UN LILLAHI LAHUM ALPATIHAH. ( Terus maca surat al-fatihah ).
Ngan omat dina maca patihah jeung lebah unggal-unggal jangjawokan kudu tartib, reujeung kuwas-kuwes pisan, ulah kadengeeun ku saha-saha oge.
Ari waktu ngalaksanakeunnana ngaruat teh aya dua pilihan , upamana hayang waktu anu salse tur tumaninah mah kudu ti tabuh satu (Tengah peuting) atawa upama teu salse (Riweuh) biasana sok ti tabuh opat subuh nepi ka bray beurang.
Lalakon hal ngaruat aya dua rupa, saupama nurutkeun tina babon nu sejen mah, yen Batara Guru nepi ka tiasa ngabijilkeun “kama“-na teh, kawitna nuju darmawisata sareng Dewi Uma diiring ku para dewa ka sisi basisir, Batara Guru tumpak Garuda kakalayangan luhureun para Widadari anu keur mandi, ningal anu keur marandi pating belekecen bubuligir turta matak piheroyeun pisan, bet ngadak-ngadak Batara Guru robah raraosanana, nepi ka ser bijil cacai anu kaluar tina raranganana, sarta nyakclak kana kikisik. Tah eta cacai engkena jadi bayi, tuluy dirawatan di Sawarga, eta bayi tea jadi buta anu dingaranan “Purwakala“ atawa sok disebut “Batara Kala“, pondokna mah “Kala“ anu hartina “waktu“ atawa “mangsa“.
Saupama nurutkeun papakem padalangan kahot di Pasundan mah, Batara Guru nepika bijil cacaina teh anu jadi lantaran kasengsrem ku Dewi Tanana (Dewi Handana), lamun ceuk jurupantun mah katelah Dewi Candana tea. Tah nya papakem ieu pisan anu rek dipedar teh. Ieu anu dua lalakon henteu sapagodos, duka teuing atuh anu mana nu sabenerna, tapi ceuk ingetan mah najan itu najan ieu oge nya bener bae, da tujuanana henteu ngurangan atawa mengpar tina maksudna lalakon, da nanyakeun ka saksi oge cenah ceuk cenah deui, beja ceuk beja deui.
Ieu pedaran ngaruat , ngahaja pisan di dangding di jieun wawacan, anu maksudna malar supaya disagedengeun mere nyaho kanu can nyaho teh, oge malar bisa ditembangkeun ku para ahlina tembang wawacan, nu rek ngalaksanakeun ngaruat, nya eta pikeun ngaruat dinu hajat teu mampueun nanggap wayang atawa dinu nyalametkeun leuleutikan.
Ari jalan ngaruat aya tilu rupa :
1. Ku jalan ngawayang, (Ieu anu pangutamana).
2. Ku jalan mantun jeung kacapi, (Ieu anu pertengahan).
3. Ku jalan tembang wawacan, (Ieu anu pangentengna).
Ieu jalan ngaruat anu tilu rupa tea, ari sarat-sarat jeung sagala rupana mah geus moal beunang ditawar deui, yen kudu nyumponan kana hal-hal anu diwincik saperti cara anu diluhur tadi tea, ngan aya bedana saupama mantun jeung tembang wawacan mah anu dipapaesan teh lain balandongan, tapi dina wawangunan imah nu boga hajat bae, da asa piraku kasebut hajat leuleutikan mah make rek nyieun balandongan sagala onam, cukup ku dijero imah bae ngamangpaatkeun sarana anu aya, atuh keur nempatkeun rupa-rupa rarangken, sarat, sasajen jeung kabutuhan sejena pikeun ngaruat, disaluyukeun bae jeung kaayaan oge kabutuhanana.
Sajaba ti eta aya deui, lamun urang hayang maca pedaran ieu wawacan ngaruat, boh dibaca ngelemet ku sorangan boh dibaca digalindengkeun hareupeun batur, cai atah herang jeung rujak amis mah dina cangkir kudu bae sadia, minangka kasebut sasaji sapulukaneun pikeun ngahaturanan Batara Kala, dijagragkeun hareupeun urang sarta omat ulah reujeung borak-borak, kalawan anu maca atawa anu ngadengekeunana kudu tutug masing nepika anggeus maca jeung ngabandungan pedaran wawacanana, saupama teu anggeus cenah mah sok aya mamalana. Kitu deui mun lalajo wayang, mantun, tembang, turta ngaruat, nu lalajo kudu sing nepi ka tamat lalajona, sabab lamun salah mangsa nya balik, geus pasti cenah baris di pegat Batara Kala di jalan pasampangan. Nurutkeun kapercayaan, magar teh jalma-jalma anu tiwas di jalan atawa di tempat anu teu utama teh, saenyana mah dimangsa ku Kala, katenjona bae cenah ku urang cilaka soteh, padahal dina gaibna mah digebug ku gegendir Batara Kala pamasihan ti Batara Guru tea.
Pikeun sambian, ari ngawayang ti mimiti mah sok lalakon nu biasa bae, beunang milih anu surup jeung niatna ngaruat nu boga hajat. Dinu nyalametkeun lembur anyar, imah anyar, leuweung bukaan, sawah ayar ngabedah, upamana bae lalakon “Alas Amer“ jeung lalakon sajaba ti eta sakur lalakon nu ngadegkeun nagara anyar liana.
Dina nyalametkeun laki rabi goreng repok, salah kawin, jeung sajaba tieta sakur anu laki-rabi aya codekana, upamana bae lalakon “Partakrama“ jeung sabangsana lalakon anu nimbulkeun kateguhan, jeung kasalametan pikeun laki-rabi. Lamun nyalametkeun anak anu anyar lahir atawa anu geus gede tur aya codekana tea, upamana lalakon “Jabang Tutuka“, “Plengkawati lahir“, “Karna Medal“, “Bima mungkus“, jeung sabangsana lalakon anu budak terus mulus rahayu.
Lamun anu lubar tian kasusah, tunggara, prihatin, atawa waluya deui tina gering, upamana lalakonna teh : “Mustakaweni“, “Subadra Larung“, jeung sabangsana anu tadina dipuuk ku kabingung, kasusah, jeung ririwit ku panyakit, sarta ayeuna kakara lesot jeung menyat deui.
Anu pakaulan beunghar, naek pangkat, lulus sakola luhur, upamana lalakon : “Saembara Pancala“, jeung sabangsana lalakon anu aya patalina jeung pangajaran, didikan, atikan, tur elmu panemu.
Cindekna rek naon bae oge lalakon ngawayang nepika samemeh ngaruat mah di meunangkeun, anu sakira maksudna lalakon aya gunana pikeun kasalametan anu diruat, boh mangrupa pepeling atawa wejangan. Biasana saenggeusna lalakon biasa geus tamat, nya ditema ku ngaruat tea, tapi saupama dalangna anu ngawayang tadi henteu pahameun kana ngaruat, nya sok ngahiras dalang anu sejen deui, tapi lamun dalang mimiti bisaeun mah sok tetep neruskeun ngaruat teh ku manehna bae, sabab henteu unggal dalang wayang anu bisaeun ngaruat teh, nataan aksara-aksara anu aya dina awakna Batara Kala tea, komo ku jaman ayeuna mah sigana geus rada langka. Ari sababna kudu ku dalang anu maher tur bisa kana ngaruat teh nyaeta supaya henteu salah dina prak-prakanana, sabab upama salah jeung henteu ngeusian kana sarat-saratna jeung cara-carana, lintang ti batal jeung tambuh ngaruatna teh, oge cenah dalangna sok kawalat atawa malindes ka diri pribadina, magarkeun teh dumeh salah ngaruat. Duka teuing atuh.
Memeh prung ngaruat dalang kudu ngukus deui cara keur magrib tadi, ngan bedana teh ayeuna mah jangjawokanana kudu digorolangkeun (Dibedaskeun) henteu kuwas-kuwes cara magrib tadi.
Tutas maca jangjawokan kakara der, mun ngawayang mimitina nabeuh gamelan kudu dilaunkeun, mun mantun ngacapina dikentring, mun tembang dialonkeun, ngong dalang, jurupantun, atawa kokolot tembang ngamimitian kidung Artati :
PANGRAKSA :
WONTEN KIDUNG RUMAKSA ING WENGI,
TEGUH RAHAYU LUPUTING LARA,
LUPUT BALAI SAKABEH,
JIN SETAN DATENG PURUN,
PANELUHAN TANDANA WANI,
MIWAH PENGGAWE ALAM,
GUNA NINGWANG LUPUT,
GENI ATEMAHING TIRTA,
MARING ADOH TANDANING MARAING MAMI,
GUNA DUDUPAN SIRNA.
PANGAYUN :
SEKETOHING LARA SAMI BALIK,
SIGRAHING HAMA SAMI MIRUDA,
WELAS ASIH PAN DURUNE,
SAKEHING ‘BRAJA LUPUT,
LIR KAPUK TIBA AWAK REKI,
SATONING ‘WIS SETAWA,
SATO GORDA TUTUP,
KAYU AGUNG LEMAH SANGAR,
SASRUP LANDAK GUHA NINGWANG LEMAH MIRING,
LAN PANGIKIPAN MERAK.
NABI PAMUNGKAS :
PANGUYANGAN SIWERAK SAKELIR,
DUK WINACA SAGARANING SAAT,
TEMAHAN RAHAYU KABEH,
PAN SALIRA RAHAYU,
INGIDERI ING WIDADARI,
RAKSANING MALAIKAT,
KANG ANGIDUNG IKU,
PANANDANGAN ADAM SARAT,
ATI ADAM UTEUK YA BAGENDA ICIS,
UCAPKU NABI MUSA.
NABI SAPA’AT :
YA NAPASKU YA ISA LINEUWIH,
NABI YAKUB SAMI RASA NINGWANG,
YUSUP RUPAKU SAMANGKEN,
NABI DAUD SORAKU,
SULAEMAN KASAKTEN MAMI,
IBRAHIM NYAWA NINGWANG,
IDRIS YA RAMBUTKU,
GUSTI ALI KULIT NINGWANG,
ABUBAKAR GETIH DAGING UMAR SINGGIH,
BALUNGKU GUSTI USMAN.
NABI SAPANGGUNG :
YA SUNGSUMKU FATIMAH LINEUWIH,
KANG MINANGKA RAHAYUNING JAGAT,
AYUB MINANGKA USUSE,
SAKEHING WALI TUTUP,
PAN SALIRA TUNGGAL SAWIJI,
NETRAKU YA MUHAMMAD,
PANGHULUKU ROSSUL,
KINAYUNGAN DENING ALAM,
SAMPUN PEPEK SAKETOHING PARA NABI,
‘WIS DADI S’LIRA TUNGGAL.
PANUNDUNG :
ANA KAYU PERWANE SAWIJI,
DI BUANA PANGERAN SAJAGAT,
GODONG AMEGA ANGENE,
PERDATA KUWUNG-KUWUNG,
WOHI LINTANG S’LAKA ‘MAS ASLI,
KEMBANG KADYA SURIA,
KILAT SAMI BARUNG,
PANGREUNCEUP RETNA CURINGCANG,
IDER-IDER KULHU BALIK SIA BALIK,
YA BALIK SATU NINGWANG.
Satutasna mapatkeun kidung Artati, saupama pikeun nu ngawayang mah, toroktok campala dalang, tanda ngalaunkeun deui gamelan atawa ngaganti lagu, nyaeta neruskeun deui sakumaha kawajiban ngadalang, sacara mimiti anu rek ngawayang biasa, upamana :
Sesemben : Kembang sungsang kotakorawis wayang, denira ngagem makuta binukasri tinaretes ing sosotya, murub mubyar kadya srangenge kembar. Troktok…tok…tok.
Terus bae murwa, ngan murwa di dieu mah ulah make murwa anu biasa, saperti murwa wiwitan Ratu Duryudana, atawa Ratu Darmakusumah, tapi kudu murwa wiwitan Sanghyang Pramesti Guru dina ngaruat mah.
Di dieu pok-pokanana murwa moal rek dibejer-beaskeun, sumerah ka para dalang atawa jurupantun jeung kokolot wawacan tembang bae, moal ngalalangkungan, asa piraku tacan terang kana murwa Sanghyang Pramesti Guru.
Sanggeus murwa tamat, dalang, jurupantun, atawa kokolot tembang wawacan kudu neruskeun deui kidung “Saripanggung“ nyaeta ngarajah, ngayuh jeung sisinglar. Sanggeus beres nya pek bae kana lalakon ngaruat tea. Tapi saupama dalang katimbang cape kana nembangkeun kidung eta, nya henteu matak nanaon ngawakilkeun ka pasinden, jeung ku kituna deuih di palar supaya genah sorana, sarta ngidungna kudu nurutkeun guguritanana sacara nu baris di pedar dina BAB ka II, omat ulah pisan salah, kieu geura :
**** Pedaran ngeunaan guguritan ngaruat anu kamuat dina BAB II, baris saenggalna diterbitkeun, dina danget ieu nu nyusun masih keneh ngeureuyeuh neraskeun nyutat naskahna ( teu acan tuntas ), kukituna pamugi keresa nawakup, Insya Allah dina waktos anu moal lami deui pedaran BAB II baris enggal terbit. **** Bari rada ngahaja, ngarah nu maos panasaran.
( Baktos Pun Rd. Deden Ipan Sulaeman )
DAFTAR PUSTAKA
Lembaga Basa jeung Sastra Sunda, Kamus Umum Sunda, Bandung, Ekonomi, 1986.
Rosidi, Ajip, Puisi Sunda Jilid I, Bandung, CV Geger Sunten, 1995, ( Citakan ka-1 )
- - - - - - - - Kesusastraan Sunda Dewasa Ini, Cirebon, Cupumanik,1960. (Citakan ka-1)
- - - - - - - - Kesusastraan Sunda Dewasa Ini, Bandung, Percetakan Pinda Grafika Unit II, 1966, ( Citakan ka-2).
Rosana, S, Ngaruat, Bandung, P.T Adjisaka, Bandung, 1964, (Citakan ka-1)
Rusyana, DR, Yus, Panyungsi Sastra, Bandung, Gunung Larang, 1984.
Satjadibrata, R., Kamus Basa Sunda, Jakarta, Perpustakaan Perguruan Kementrian P.P. Dan K, 1954 ( Citakan ka-2 ).
Sumarsono, Drs, Tatang, Pedaran Sastra Sunda, Bandung, Medal Agung, 1984.
Suryalaga, Drs. R.H. Hidayat, Kasundaan Rawayan Jati, Bandung, Wahana Raksa Sunda, 2003, ( Citakan ka-1).


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "PEPERNIAN - NGARUAT"

Posting Komentar