Suksés Digelar Kejuaraan Karate Dandim Cup 2025, Dibarengan Istrénan Pengurus Forki Purwakarta
Suksés Digelar Kejuaraan Karate Dandim Cup 2025, Dibarengan Istrénan Pengurus Forki Purwakarta
Purwakarta – Grup Majalah Warta Sunda,-
Komandan Distrik Militer (Dandim) 0619 Purwakarta, Letkol. Inf. Arda Cairova Pariputra, S.I.P, M.P.M. minangka salaku pupuhuna nu langsung di istrénan ku FORKI Jawa Barat, pikeun neruskeun tapuk pingpinan dina cabang olahraga karate di Purwakarta.
"Sim kuring kakara dua bulan ngajabat Dandim 0619 téh, kajurung laku, ku rengrengan FORKI Purwakarta pikeun mupuhuan.
Nepika ayana kagiatan ieu pikeun ngalumangsungkeun kagiatan Kejuaraan Karate Dandim Cup hasil gawé bareng Kodim jeung Forki Kabupatén, hasilna lumangsung meriah sarta dipinuhan ku sumanget para atlit ngora. Kagiatan ieu dilaksanakeun di Gor Purnawarman Purwakarta poé Saptu, (23/8/2025).
Ratusan pamilon ti sababaraha sakola jeung paguron karate di sakuliah kabupatén Purwakarta ngariring aub milu makalangan némbongkeun unjuk jajaten dina kejuaraan karate.
Cabang anu dipertandingkeun ngawengku Kata jeung Kumite, boh pikeun putra boh putri, kalayan tingkatan ti pelajar SD, SMP, SMA nepi ka umum. Kompetisi lumangsung ketat tapi tetep ngadidik nilai sportifitas.
Komandan Distrik Militer (Dandim) 0619 Purwakarta, Letkol. Inf. Arda Cairova Pariputra, S.I.P, M.P.M.
Dina hal ieu mah, kaleresan Komandan Distrik Militer (Dandim) 0619 Purwakarta, Letkol. Inf. Arda Cairova Pariputra, S.I.P, M.P.M. minangka salaku pupuhuna nu langsung di istrénan ku FORKI Jawa Barat.
Tangtu kagiatan ieu téh tujuan utama nyaéta pikeun ngaronjatkeun pembinaan atlit olahraga bela diri sarta jadi wadah pikeun ngarawat kareueus jeung rasa disiplin di kalangan rumaja.
Ku jalan ieu, Dandim miharep sangkan aya bibit-bibit atlit berprestasi anu bisa mawa komara ngaran Purwakarta, boh di tingkat provinsi boh nasional.
Saur pamingpin Forki Purwakarta nandeskeun, yén pihakna bakal terus ngadukung acara sarupa pikeun ngajaga regenerasi atlit karate sarta mere kasempetan ka barudak supaya miboga jalur prestasi anu jelas.***
0 Response to "Suksés Digelar Kejuaraan Karate Dandim Cup 2025, Dibarengan Istrénan Pengurus Forki Purwakarta"
Posting Komentar