WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Suksés Digelar Kejuaraan Karate Dandim Cup 2025, Dibarengan Istrénan Pengurus Forki Purwakarta

Suksés Digelar Kejuaraan Karate Dandim Cup 2025, Dibarengan Istrénan Pengurus Forki Purwakarta Purwakarta – Grup Majalah Warta S...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Dapil Pléréd – Tegalwaru – Maniis, Purwakarta Gelar Olahraga Maéngbal

Dapil PLÉRÉD – Tegalwaru – Maniis, Purwakarta Gelar Olahraga Sepakbola


PURWAKARTAGrup Majalah Warta Sunda,-
Kagiatan olahraga, utamana sepakbola, di Dapil 5 (anu ngawengku Kacamatan Plered, Tegalwaru, jeung Maniis) ayeuna keur jadi perhatian masarakat. Sababna, sababaraha turnamén bal geus digelar boh di tingkat désa nepi ka kacamatan.



Turnamén Dapil-5 Cup 2025
Turnamén ieu diayakeun di lapang Désa Cadas sari, Kecamatan Tegalwaru Kabupatén Purwakarta, sarta sacara resmi dibuka ku Bupati Purwakarta. Sakabéh désa ti tilu kacamatan diundang pikeun tanding makalangan persahabatan, nu boga tujuan pikeun ngaraketkeun silaturahmi antar warga, nguatkeun rasa kabersamaan, jeung manggihan bibit pamaén bal berbakat.

Turnamén Dapil-5 Cup 2025: keur lumangsung di Tegalwaru, ngahijikeun tilu kacamatan.
Plered: boga tradisi kuat, hasil turnamén RT jeung Camat Cup jadi bukti sumanget olahraga.
Maniis & Tegalwaru: jadi bagian penting dina ajang Dapil-5 Cup, siap mintonkeun tim panghadéna. Kitu nu ditetelakeun ku salasaurang Dewan Dapil 5, Wawan S ka Redaksi, nalika dipénta kamandangna ngalewatan celulerna, Saptu (23/8/2025). 

"Satadina yén Generasi muda: geus dibina dimimiti ti tingkat SD pikeun nyiapkeun calon atlit profesional. Ieu nuduhkeun yén Plered, Tegalwaru, jeung Maniis téh henteu ngan ukur ngajadikeun bal salaku hiburan warga, tapi ogé minangka wahana pikeun miara prestasi olahraga di Purwakarta." Pokna Pa Déwan. 

Dilokasi acara, Kepala Désa Pamoyanan, H. Supriatna, ngajelaskeun yén timna tandang jeung Tin Désa Cisarua nepika adu pinalti. Sok sanajan éléh gé, tapi Alhamdulillah maénna sportivitas ceuk bahasa legegna mah fair play

"Mudah-mudahan taun payun mah, tim na rék bajuang leuwih semangat deui," Pokna Lurah Pamoyanan.***




Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Dapil Pléréd – Tegalwaru – Maniis, Purwakarta Gelar Olahraga Maéngbal"

Posting Komentar