Tugas Kepala Sakola Jenjang SMA/SMK nu Jauh ti Imahna, rék Lumaku Sistem Domisili
BANDUNG – Grup Majalah Warta Sunda,-
Aya rencana ti Pamaréntah Jawa Barat pikeun ngarombak kapala sakola SMA/SMK kalayan dumasar kana domisili atawa tempat cicingna. Langkah ieu ditujukeun supaya para kapala sakola leuwih deukeut kana lingkungan, ogé leuwih ngarti kana kaperluan jeung budaya di daérah masing-masing.
Gubernur Jawa Barat, kang Dedi Mulyadi, maparin tanggapan yén kabijakan ieu saéstuna hadé lamun dilaksanakeun sacara konsisten. Anjeunna nandeskeun yén kapala sakola kudu balik deui ka daérah asalna, sangkan leuwih boga rasa tanggung jawab pikeun ngaronjatkeun atikan di lemburna sorangan.
“Lamun kapala sakola aya di lembur sorangan, manéhna moal saukur jadi pimpinan di sakola, tapi ogé bisa jadi motor panggerak kamajuan masyarakat sabudeureunana,” saur Dedi Mulyadi.
Sanajan kitu, aya ogé sababaraha pihak nu ngingetkeun sangkan prosés perombakan henteu jadi politis jeung kudu tetep nganut kana prinsip profesionalisme, sabab kualitas pendidikan henteu meunang dikorbankeun ku kapentingan séjén.
Ku ayana rencana ieu, masarakat ngarepkeun sangkan mutu pendidikan SMA/SMK di Jawa Barat leuwih merata sarta ngadeukeutan atikan jeung kaperluan lokal unggal wewengkon.
“Penempatan kapala sakola anu tempat tugasna jauh ti imah kudu geuwat dievaluasi. Maranéhna kudu dipulangkeun deui ka daérahna masing-masing,” ceuk anjeunna nalika patepung jeung para kapala sakola di Gedong Sabuga ITB, Jalan Tamansari, Kota Bandung, Rebo (20/8/2025).
Sedengkeun, Sekretaris Daérah (Sekda) Jawa Barat, Herman Suryatman, nétélakeun yén perombakan éta lain ngan ukur pikeun kapala sakola wungkul, tapi ogé pikeun guru anu bakal dipindahkeun ka sakola anu deukeut jeung tempat cicingna.
"Penempatan ieu ogé lain saukur Kepala sekolah wungkul, tapi guru-guruna badé dilumakukeun, ngan ayeuna mah nu dipayunkeun kakara Kepala sekolah, ngantosan sadinten, dua dinten mah, pasti aya rotasi mutasi Kepala SMA/SMK, " pokna Sekda Jabar. ***
0 Response to "Tugas Kepala Sakola Jenjang SMA/SMK nu Jauh ti Imahna, rék Lumaku Sistem Domisili"
Posting Komentar