WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bapa-bapa di Perum Panorama Purwakarta, Ngadadak Jarago Masak

Bapa-bapa di Perum Panorama Purwakarta, Ngadadak Jarago Masak PURWAKARTA - Grup Majalah Warta Sunda,- Rupaning saniskara kagiata...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Bapa-bapa di Perum Panorama Purwakarta, Ngadadak Jarago Masak

Bapa-bapa di Perum Panorama Purwakarta, Ngadadak Jarago Masak

PURWAKARTA - Grup Majalah Warta Sunda,-
Rupaning saniskara kagiatan nu aya di Purwakarta dina raraga ngareuah-reuah Miéling HUT RI ka-80 taun. Saperti halna di Perumahan Panorama diayakrun Lomba masak bapa-bapa. Ieu kagiatan téh jadi cara anyar pikeun ngareuah-reuah hari kamerdikaan sacara kreatif, guyub, jeung ngajunjung ajén-inajén kesetaraan gender, keragaman, sareng gotong royong. 
Panitia sinareng pamilon Lomba Masak ngareuah-reuah HUT RI ka-80, Perum Panorama, Purwakarta. *

Warga bapa-bapa di Perumahan Panorama Kabupatén Purwakarta, ngadadak jadi jarago masak nasi goreng dina lomba HUT RI ke-80:
Kacatét yén jumlah pamilonna aya kana 6 tim, nu ngawengku diantarana tim Blok B-8, B-9, B-10, B-11, B-12 sarta tim Remaja. Unggal tina Dua urang. 
Para pamilon unjuk kabisa dina ngolah Nasi Goreng. *

Tiap tim kudu masak 1 porsi nasi goreng + 1 piring spesial pikeun juri. Persiapan lumayan serius: bawa kompor, bahan, celemek, topi koki, sareng masak collaboratively. Para pamilonna unjuk kabisa pikeun ngolah "Nasi Goreng" nu mekanisme lomba: ti mimiti nyiksikan, nga-blender, ngaduk, tasting, plating, lumayan padet!

Bari jeung babalagonjangan hareureuy gariat marasak, pokna salah saurang, “Ati-ati ka para penjual nasi goreng yén di wewengkon, di dieu geus loba anu jarago masak, jadi aya pesaing!”

Ketua pelaksana, Bambang Sigit. *

Rengsé tuntas jugala lomba masak, kakara porsi-porsi sarupa disajikeun pikeun dipeunteun ku tim yuri nepika dijadikeun santapan bersama. Kitu ceuk Ketua pelaksana, Bambang Sigit nu disarengan ku Ketua RT 09, Ayi E Kosasih, M,Pd ogé ngagungkeun kekompakan warga ngajalankeun acara nepi ka sukses. 


"Alhamdulilah dina danget ieu mah, numawi akang teh kapeto janten mupuhuan di lingkungan janten RT alhamdulilah masih kapercanten ku warga gening sok sanaos ruruntuk ogé." Pokna Pa RT. 
Nurutkeun data nu dikumpulkeun réhna saniskara kagiatan lomba anu dilaksanakeun diantawisna : 

1. Lomba Rias Rumah memperebutkan piala bergilir Ibu RT ditambih uang pembinaan + Piagam Penghargaan

2. Pertandingan Tenis Meja perorangan sami memperebutkan piala bergilir Ketua RT. + Piagam Penghargaan

3. Lomba memasak Nasi goreng bapa2 antar blok ( deret) sa RT akang aya 6 deret Blok B 7, Blok B 8, (depan belang) Blok B 10, Blok B,11 ( depan belakang) peserta dari tiap blok diwakili oleh 2 orang bapa2 janten sadayana 6 peserta untuk hadiah lomba nasgor juara 1.300 rb juara 2. 200 rb juara 3. 150 rb + piagam penghargaan.

4. Lomba2 hiburan anak2 sareng ibu2 anu dilaksanakeun ping 17,18 agustus

5. Acara Puncak dinten minggu kaping 31 agustus 2025 gerak jalan santai anu pesertana warga Rt 09 kirang langkung antawis 150 dg 200 peserta diahiri ku pembagian doorprise dilaksanakeun di alun2 pos Ronda RT 09. Diselingi ku Hiburan. Biasana dilaksanakeunana wengi.

6. Pembiayaan ngagunakeun tina uang kas RT, oge aya ti para donatur mangrupi finansial aya oge mangrupi doorprise, ksnggo doorprise dari warga, oleh warga dan untuk warga, rupina eta kagiatan anu dilaksanakeun di RT 09 anu di luluguan ku simkuring salaku ketua RTna.***



Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Bapa-bapa di Perum Panorama Purwakarta, Ngadadak Jarago Masak"

Posting Komentar