WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Warga Désa Cigunung Herang, Singkil Muka Akses Jalan Poros ka Jakarta

Warga Désa Cigunung Herang, Singkil Muka Akses Jalan Poros ka Jakarta Dua Gunung nu aya di dua wilayah seperti Gunung Dingding...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Warga Désa Cigunung Herang, Singkil Muka Akses Jalan Poros ka Jakarta


Warga Désa Cigunung Herang, Singkil Muka Akses Jalan Poros ka Jakarta

Dua Gunung nu aya di dua wilayah seperti Gunung Dingding Ari Beungeutna Wilayah Cianjur sarta Gunung Sangga Buana Wilayah Bogor, ngarupakeun ayana aktifitas warga dina paekonomian di masing-masing wilayah, ngan nu jadi banggalah akses jalan can tarepung.


Dihandap ieu Grup Majalah Warta Sunda maluruh apruk-aprukan ka Désa Cigunung Herang, Kecamatan Cikalong Kulon, Kabupatén Cianjur. Sumangga aos salajengna warta portal konten ieu.

CIANJUR – Grup Majalah Warta Sunda,-
Pamaréntah Désa Cigunung Herang, Kecamatan Cikalong Kulon, Kabupatén Cianjur, ngalaksanakeun gawé bareng jeung pamaréntah désa tatangga pikeun muka aksés jalan anyar nu nyambungkeun ka Désa Buana Jaya, Kecamatan Tanjungsari, Kabupatén Bogor. Léngkah ieu dianggap penting pikeun ningkatkeun silihhubungan sosial, ékonomi, jeung mobilitas warga.

ODIH SAEFUL BAHRI, Kapala Désa Cigunung Herang. *


Kapala Désa Cigunung Herang, ODIH SAEFUL BAHRI nerangkeun ka Grup Majalah Warta Sunda, poé Senen, ping 25/8/2025, yén proyék pangwangunan ieu teu saukur pikeun ngarojong warga désa sorangan, tapi ogé pikeun ngirangan jarak perjalanan jeung nyambungkeun dua wilayah anu lila kakurung aksés.


Nilik ti kasang tukang, warga désana nu pakasabanna ngadon kuli ka Jakarta, ogé jangji pulitik nu kamari, kiwari nagih hayang ayana Poros jalan Jalur Cepat Cariuk - Cileungsi - Cibubur ka Jakarta. Malahan ngalelema ku cara bhakti jeung warga muka akses jalan cagak perbatasan. Tapi samemehna geus digarap ku warga masarakat 10 taun katukang ngeureuyeuh bari jeung nikreuh unggal kilo bakti warga ngalelemah tiap jengkal nu asalna jalan satapak.

Patalimarga Jalan Oray, Warga Désa Cigunung Herang, Kecamatan Cikalong Kulon, Kabupatén Cianjur, Singkil muka akses Jalan Poros ka Jakarta. *


“Ku ayana jalan anyar ieu nu dilelemah ku warga moal kudu muter jauh deui. Poma hasil tatanén patani jeung kaperluan dagang bisa leuwih gampang dibawa ka pasar dina akses jalan. Ogé barudak sakola jeung warga anu butuh aksés kasehatan bakal leuwih daria,” kitu saur Kapala Désa.

Patalimarga ieu anu ngahubungkeun antara Désa Cigunung Herang, Kecamatan Cikalong Kulon, Kabupatén Cianjur ka Désa Buana Jaya, Kecamatan Tanjungsari, Kabupatén Bogor, geus kasapukan. Malahan dilola di masing-masing wilayah, nu engkéna tepung di titik persimpangan mobilitas tranportasi patalimarga (jalan).

Pamaréntah kabupatén boh Bogor boh Cianjur ngarojong inisiatif ieu minangka bagian tina usaha pikeun nyambungkeun infrastruktur antarwates jeung ningkatkeun perekonomian daérah.

Ku hal éta, pihakna geus ngalayangkeun surat usulan ka Bupati Cianjur, ayeuna tinggal ngantosan realisasi akses jalanan dihotmik atawa pengerasan di beton.

Keur mah, dina urusan keperluan bahan material bangunan ti Cikalong Kulon ka Kampung Talaga lumayan cukup jauh aya kana 25 kilometer, poma ka ibukota kecamatan jauhna berkilo-kilo.

Dina kesempatan éta ogé, dihaminan ku mang Ismat warga Cigunung Herang jeung sabudeureunana nyarita bungah kana pangwangunan ieu. Aranjeunna miharep kualitas jalan dijaga supaya awét tur mangpaatna karasa lila.

Nurut keun data nu dikumpulkeun ku Redaksi yén akses jalan memang nu paling utama pikeun mobilitas perekonomian warga setempat keur ningkatkeun karaharjaan wargana. ***





Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Warga Désa Cigunung Herang, Singkil Muka Akses Jalan Poros ka Jakarta"

Posting Komentar