“Om Binjen, Mana Janji Pulitik Ngeunaan Aksés Jalan di Désa Parungbanténg?”
“Om Binjen, Mana Janji Pulitik Ngeunaan Aksés Jalan di Désa Parungbanténg?”
PARUNGBANTÉNG – Grup Majalah Warta Sunda,-
Warga Désa Parungbanténg, Sukasari, Purwakarta ngadesek Om Binjen pikeun ngabuktikeun janji politikna ngeunaan aksés jalan anu dijangjikeun nalika kampanye. Nepi ka ayeuna, janji éta tacan aya realisasina sareng bukti nyata, padahal jalan jadi kebutuhan utama warga pikeun kahirupan sapopoé. Padahal janji pulitik anu kungsi ditepikeun ku salah sahiji tokoh politik, Om Binjen, nalika mangsa kampanye. Sedengkeun kaayaan jalan di Parungbanténg masih kénéh rusak parna tur hésé diliwatan ku kendaraan.
"Warga urang Kp. Wangun Désa Parungbanténg, Sukasari, lamun aya urusan ka dayeuh, sok nginjeum jalan Désa Cigunung Herang Kecamatan Cikalongkulon, Kabupatén Cianjur, ku lantaran patalimargana rusak parna." Kitu ditetelakeun ku tokoh masyarakat, Asép Saefulloh ka Grup Majalah Warta Sunda, poé Senen, ping 25/8/2025 di bumina.
Sanajan katelah minangka kabupatén anu terus mekar, tapi dina kanyataanana masih aya sababaraha désa di Purwakarta anu kaasup kategori désa tertinggal. Kaayaan ieu sarua jeung sababaraha désa di wewengkon Papua, utamana tina sisi aksés jalan.
“Ti baheula urang ngan ukur dijangjikeun, tapi jalan tetep waé siga kubangan. Barudak sakola hésé indit, petani ogé susah ngangkut hasil tatanén. Urang hayang aya bukti, lain ngan ukur omongan.” pokna Asép.
Kaayaan ieu ngajadikeun warga ngarasa désana kawas “ter-asing” di tengah Purwakarta anu sabenerna beuki maju. Maranéhna miharep janji pulitik ngeunaan aksés jalan téh bisa diwujudkeun dina waktu anu teu lila deui, sabab jalan téh mangrupa urat nadi kahirupan warga.
Pamaréntah kabupatén disebut-sebut geus nampa laporan ngeunaan hal ieu. Warga ayeuna nungguan léngkah nyata boh ti pamaréntah boh ti pihak nu kungsi ngajangjikeun, pikeun ngabuktikeun yén janji pulitik henteu ukur jadi panggeuing dina mangsa kampanye wungkul.
Kukituna, Purwakarta masih boga sababaraha Désa Katégori Terisolir seperti kaayaan Papua, anu desa tertinggal. ***
0 Response to "“Om Binjen, Mana Janji Pulitik Ngeunaan Aksés Jalan di Désa Parungbanténg?”"
Posting Komentar