Lulusan PKBM Makmur Kecamatan Maniis, Anak Didikna Ngajomantara ka Turki jeung Jepang
Lulusan PKBM Makmur Kecamatan Maniis
Anak Didikna Geus Ngajomantara ka Turki jeung Jepang
PURWAKARTA – www.wartasunda.id
Kagiatan seremonial nu dilaksanakeun ku PKBM Makmur
Maniis, poé Saptu, (5/Juli/2025) minangka
kabungah keur warga belajarna. Lantaran poéan éta téh ku lumangsungna iber ngeunaan
kelulusan jeung kenaikan lembaga kesetaraan kelas Paket B jeung Paket C.
Acara nu dibuka langsung ku Ketua Yayasan Cipta Alam Negeri, Jeki Junaedi dina biantarana yén hadirna lembaga kesetaraan PKBM ditengah-tengah warga masarakat tong nepika ngarasa minder ku diajar, malah mandar di lembaga kesetaraan PKBM Makmur éta. Kukituna Aa jeung Teteh, katut Bapa kalih Ibu nu sakolah PKBM Makmur tiasa maksakeun hadir dina raraga iber kelulusan jeung kenaikan warga belajar nu aya pakuat-pakait validasi data dina Data Pokok Didik (Dapodik) PKBM Makmur.
Kamelang pihakna pikeun warga belajar di PKBM ieu téh, tong nepika tinggaleun validasi data. Hususna iber ngeunaan kelulusan jeung kenaikan lembaga kesetaraan kelas Paket B jeung Paket C. Lembaga ieu hadir ditengah-tengah warga masarakat pikeun ngabantu Aa, Teteh ogé Bapa kalih Ibu menjemput impian dan cita-citanya.
Pihakna ogé, ngarasa reueus réhna lulusan PKBM Makmur Kecamatan Maniis aya nu rék mangkat ka Turki jeung Jepang, nu tadina geus pondok harepan, tapi dibantu ku pihak penyelenggara lembaga kesetaraan ti mimiti proses diajar tug dugika validasi pendataan aranjeunna kenging ijasah dugika ayeuna aya program ka Jepang tur Turki rék miang ka mancanagara. Teu eleh jeung sakola akademik nu lain. “Tapi lulusan PKBM bisa lulus ieu téh hasil dina karancagéan stake holder nu aya,” pokna Kang Jaki.
Ungkara nu ditepikeun ku Ketua Yayasan Cipta Alam Negeri dibenerkeun ku salasaurang Tutor Senior, H. Akim ka www.wartasunda.id nalika dipénta kamandangna di acara éta. Malahan nu kasauran H. Akim nyebatkeun yén lulusan nu dibinana téh hasil karancagéan penyelenggara PKBM Makmur ti mimiti para tutor, kepala sekolah, ketua yayasan sarta stake holder nu lain nu ilu biung kana kalumangsungan ieu lembaga kesetaraan PKBM nu aya di Maniis.
Sedengkeun lulusan PKBM Makmur éta nepika rék aya nu miang ka Turki, malahan 7 urang sarta 4 urang nu bade ka Jepang. Ieu téh hasil tina gawe bareng ngalewatan program nu keur dimekarkeun ku pihak Gading Training Center (GTC) sareng Hotel Akademik Cianjur (HAC) program Bantuan Pemerintah gratis diajar pikeun ngadonaturan skala prioritas partisipan kelembagaan kesetaraan paket C.
Ku hal éta, “PKBM Makmur Kecamatan Maniis Kabupatén Purwakarta, nepika koordinasi sareng pikah GTC jeung HAC nepika anak didikna kaseleksi ka Negara Turki sareng Jepang,” pokna H. Akim.
Lain halna ceuk Kepala Sekolah, E. Ali Alamsah, yén di PKBM Makmur téh lain saukur hadir, tapi loba aktifitas nu kreatifitas asalna urang rajin tur kreatifitas aya niley jual keur warga belajar. Malahan hasil tungtutan kerja leuwih daria pikeun leuwih neuleuman di dunia pekerjaan, bahkan PKBM Makmur bilihna nu tos lulus hoyong leuwih apal kana dunya kerja saperti neuleuman diajar élmu ngajahit atawa nu sanesna, pihakna terbuka siap mantuan.
Disagedengeun éta sok tong ragu yén ijazah Paket C téh sami jeung status negri gumantung kana pribadi peserta didik sing rajin prilaku, kreatif harus lebih sejahtera, jadi Bos… Bos…, lebih tinggi dari orangtua.
“Ngawilujengkeun ka Paket B sarta Paket C nu geus lulus di PKBM Makmur, peupeujeuh kunci keberhasilan téh ku rajin tina rutinitas pembelajaran saminggu dua kali.” Pokna Kepala Sekolah PKBM Makmur.***
0 Response to "Lulusan PKBM Makmur Kecamatan Maniis, Anak Didikna Ngajomantara ka Turki jeung Jepang"
Posting Komentar