KAMANDANG : SISTIM ZONASI NGARUGIKEUN!!!
NYAKOLAKEUN
KU SISTIM ZONASI NGARUGIKEUN!!!
S
|
abenerna ku ayana sistim zonasi dina PPDB ti mimiti SD, SMP
Jeung SMA Negeri téh, alus pisan. Jadi euwueuh béda antara sakola - sakola
negeri. Da ayana sakola favorit téh kulantaran murid nu kaluar umumna pinunjul.
Bisa pinunjul sabab nu asupna ogé pan murid-murid pilihan. Matak pada
marebutkeun.... pada hayang asup ka sakola éta. Atuh da kari ngarautan, tinggal
ngageulisan ceuk kasarna mah. Umumna nu asup ka sakola favorit pan salian ti
pinter, kolotna ngarti jeung boga materi. Atuh... beuki unggul.
Ngan ari keur
sorangan mah sistim zonasi téh ngarugikeun sabab kabeneran rorompok jauh kaditu
kadieu... sakola pangdeukeutna 1,8 km. Maké jalur préstasi ngan 2,5% deuh...
mana ngasupkeun budak sadua-dua. Ka SMP jeung ka SMA mareng. Daftar ka swasta? Da
hayang swasta nu alus mah da kudu sayogi artos welasan juta geuning. Atuh lamun
duanana ka swasta ampir sarua jeung ONH!
Antukna mah
pasrah wé ah sadaya-daya. Da ikhtiar mah atos... ngadu'a mah teu kudu
dicaritakeun. Ngan yakin wé naon hasilna éta nu paling alus. Ceuk budak mah "skenario
Allah paling baik ibu".***
Kintunan ti pamaos
Warta Sunda Onliné nu identitasna alim disebatkeun.
0 Response to "KAMANDANG : SISTIM ZONASI NGARUGIKEUN!!!"
Posting Komentar