WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bener Henteuna : Dalih SMK TARUNA SAKTI Purwakarta Nahan Ijzah Alumni???

Bener Henteuna : Dalih SMK TARUNA SAKTI Purwakarta Nahan Ijazah Alumni??? PURWAKARTA - www.wartasunda.id     "Larangan pamaréntah ka l...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

MUTIARA ISLAM : FAROID (ELMU WARIS) Diropéa ku : Syihabudin

FAROID
(ELMU WARIS)
Diropéa ku : Syihabudin


Bab I
Ahli Waris
Jalma nu ngabogaan hak pikeun meunangkeun warisan boh ti golongan lalaki (al waaritsuun) atawa ti golongan awéwé (al waaritsaat) kabéhna aya 25 urang.

Ahli waris ti golongan lalaki (al waaritsuun) ;
1. Anak Lalaki (Al Ibn)
2. Incu Lalaki, anak lalaki tinu jadi budak lalaki jeung saterusna kahandap (Ibnul Ibn) 
3. Bapa (Al Ab)
4. Aki, Bapa tinu jadi Bapa sarta terus kaluhur (Al Jadd min Jihatil Ab)
5. Dulur Lalaki saindung-sabapa (Al Akhusy Syaqiq)
6. Dulur Lalaki sabapa wungkul ( Al Akhu li Ab)
7. Dulur Lalaki saindung wungkul ( Al Akhu li Umm)
8. Anak Lalaki ti Dulur Lalaki saindung-sabapa (Ibnul Akhi Syaqiq)
9. Anak Lalaki ti Dulur Lalaki sabapa wungkul (Ibnul Akhi li Ab)
10. Dulur Lalaki Bapa nu saindung-sabapa (Al 'Ammu Syaqiq)
11. Dulur Lalaki Bapa nu sabapa wungkul (Al 'Ammu li Ab)
12. Anak Lalaki ti Dulur Lalaki Bapa nu saindung-sabapa (Ibnu 'Ammisy Syaqiq)
13. Anak Lalaki ti Dulur Lalaki Bapa nu sabapa wungkul (Ibnu 'Ammu li Ab)
14. Salaki
15. Lalaki nu ngamerdékakeun

Ahli waris ti golongan awéwé (al waaritsaat) ;
1. Anak Awéwé (Al Bint)
2. Incu Awéwé, anak awéwé tinu jadi budak lalaki jeung saterusna ka handap (Bintul Ibn)
3. Indung (Al Umm)
4. Nini tinu jadi indung sarta terus kaluhur (Al Umm min jihatil Umm)
5. Nini tinu jadi bapa sarta terus kaluhur (Al Umm min jihatil Ab)
6. Dulur Awéwé saindung-sabapa (Al Ukhtusy Syaqiqah)
7. Dulur Awéwé sabapa wungkul (Al Ukhtusy li Ab)
8. Dulur Awéwé saindung wungkul (Al Ukhtusy li Umm)
9. Pamajikan
10. Awéwé anu ngamerdékakeun

Wallohul muwafiq ilaa aqwaamithoriq, cag heula

Bab II
Furuudhul Muqoddaroh (Katangtuan Bagéan)

Al Fardh ceuk lugot nyaéta kadar-kadar katangtuan atawa patokan

Ari nurutkeun istilah Faroid mah nyaéta katangtuan atawa patokan hak nu narima warisan nu geus ditangtukeun ku Al Quran jeung Hadis.
Ngeunaan Furudhul Muqoddaroh ieu aya 6 bagian :
1. 1/8 (saperdalapan)

2. 1/6 (sapergenep)
3. ¼ (saparapat)
4. 1/3 (sapertilu)
5. ½ (satengah), jeung
6. 2/3 (duapertilu)

Saha waé anu meunangkeun bagéan-bagéan éta téh, urang jelaskeun dina bab Itsbatul Furud (netepkeun bagéan), insya Alloh
Wallohul muwafiq ilaa aqwamithoriq,

Bab III
Asbaabul Irtsi (Nunyababkeun Meunang Hak Waris)

1. Kuayana Nasab (katurunan)

2. Kuayana Nikah
3. Wala' (Ngamerdékakeun Abid / Budak Beulian)

Nasab, nyaéta hubungan kakulawargaan (Bab I Ahli Waris)

Nikah, hiji jalma meunangkeun warisan kusabab jadi salaki atawa pamajikan
Wala', hiji jalma meunangkeun warisan kusabab ngamerdékakeun si mayit dina waktu hirupna tina perbudakan, tur si abid éta teu ngabogaan golongan 'ashobah lalaki. (Alwala-u liman a'taqo), "Ayana hak wala (anu ngamerdékakeun) téh kusabab manéhna kungsi ngamerdékakeunna" HR. Bukhori, Muslim.


Bab IV
Mawani'ul Irtsi (Nunyababkeun Teu Meunang Hak Warits)

Perkara anu nyababkeun ahli waris teu meunangkeun warisan anu sakuduna meunang nyaéta :
1. Beda Agama

2. Anu Maehan
3. Jadi Budak Beulian (Abid/Amat)
4. Teu Tangtu Waktu Maotna

1. Beda Agama, jalma muslim teu narima warisan ti non muslim nyakitu deui sabalikna sakumaha dawuhan Kangjeng Nabi Saw, “Laa yaritsul muslimul kaafiro walal kafirul muslima”, (teu ngawariskeun jalma muslim ka kafir, nyakitu deui kafir ka muslim) HR. Bukhori.

2. Anu Maéhan, lamun hiji jalma ngahaja maéhan kusabab hayang meunangkeun warisan ti ahli warisna, mangka éta teu aya hak pikeun meunangkeun warisan, dawuhan Kangjeng Nabi SAW, “Alqootil laa yarits'. (Nu maéhan teu meunang warisan) HR. Tirmidzi
3. Jadi Budak Beulian (Abid/Amat), kusabab si abid teu ngabogaan hak milik pribadi, sakabeh hak milik pribadina (dirampas) jadi hak milik tuanna.
4. Teu Tangtu Waktu Maotna, lamun aya dua urang anu aya hak pikeun narima atawa mikeun warisan terus maot duanana dina waktu anu mareng, tur teu kanyahoan saha nu tiheula maotna mangka eta duanana leungit hak narima waris, eta warisan dibikeun ka ahli waris anu aya sejenna.

Wallohulmuwafiq ilaa aqwaamith thoriq, cag heula

Bab V
Kaifiyatul Itsbat (Cara Netepkeun Bagéan)

Sajaba ti kudu nganyahokeun kana dalil – dalilna (Aya Bab Husus Dalil atawa Dasar Katerangan), élmu Faroid ogé merlukeun katalitian dina itungan. Para ulama ahli Faroid geus netepkeun sababaraha kaedah (pelenggeran) dina cara ngitung pikeun ngabagikeun waris.
Disagigireun ahli waris anu meunangkeun hakna 1/8,1/6, ¼, 1/3, ½, jeung 2/3 aya ogé ahli waris anu meunangkeun sésa atawa anu hak narima sakabéh sésa harta waris nu disebut 'Ashobaah. Dina cara ngitungana ogé aya bédana.
Dina cara ngitung tina pecahan (Kasrun / Kusrun) contona 1/3, angka 1 ilahar disebut “pembilang” (Bashtun) tur angka 3 disebut “penyebut” (Maqoom). Pikeun ngitung anu meunangkeun hak ½, 1/3, 1/6, mangka kudu kanyahokeun heula “kpk” kelipatan persekutuan terkecil (disebut Makhroj) nyaeta angka 6 anu bisa abus kana tilu penyebut.
Aulu nyaéta jumlah pembilang leuwih loba tinimbang penyebut atawa jumlah nu narima hakna leuwih loba bilanganna tinimbang jumlah bilangan kakayaanna, mun kieu masalah nu disanghreupan maka cara ngitungna di-aulu-keun dibalikeun penyebut jadi pembilang.
Cara ngitungna insya Alloh ke dina Bab Itsbatul Furudh
Wallohul muwafiq ilaa aqwamith thoriq, cag heula..



Bab VI
Dalil Jeung Katerangan

Dalil Ka 1

QS. Al Baqoroh 2 : 180
كُتِبَ عَلَيْكُمْ إِذَا حَضَرَ أَحَدَ كُمُ الْمَوْتُ إِن تَرَكَ خَيْرًا الْوَصِيَّةُ لِلْوَالِدَيْنِ وَالْأَقْرَبِينَ بِالْمَعْرُوفِ ۖ حَقًّا عَلَى الْمُتَّقِينَ
Diwajibkeun pikeun anjeun, lamun salah saurang di antara anjeun kadatangan (tanda-tanda) maot, lamun manehna ninggalkeun harta anu loba, pek nyieun wasiat pikeun indung-bapa sarta dulur na sacara hade, (ieu teh) kawajiban pikeun jalma-jalma anu takwa.

Dalil Ka 2

QS. An Nisaa 4 : 1
وَاتَّقُوا اللَّهَ الَّذِي تَسَاءَلُونَ بِهِ وَالْأَرْحَامَ
Sarta kudu takwa aranjeun ka Gusti Alloh anu kalawan (ngagunakeun) asma-Na anjeun silih penta (tulung), sarta (kudu dijaga) hubungan silaturahmi (ka kulawarga)

Dalil Ka 3

QS. An Nisaa 4 : 8
وَإِذَا حَضَرَ الْقِسْمَةَ أُولُو الْقُرْبَىٰ وَالْيَتَامَىٰ وَالْمَسَاكِينُ فَارْزُقُوهُم مِّنْهُ وَقُولُوا لَهُمْ قَوْلًا مَّعْرُوفًا
Sarta lamun sawaktu pangbagian éta hadir baraya, budak yatim sarta jalma miskin, mangka pek bere maranéhanana tina harta éta (saukurna) sarta ucapkeun ka maranéhanana omongan anu alus.

Dalil Ka 4

QS. An Nisaa 4 : 9
وَلْيَخْشَ الَّذِينَ لَوْ تَرَكُوا مِنْ خَلْفِهِمْ ذُرِّيَّةً ضِعَافًا خَافُوا عَلَيْهِمْ فَلْيَتَّقُوا اللَّهَ وَلْيَقُولُوا قَوْلًا سَدِيدًا
Sarta poma kudu sieun ku Alloh lamun ninggalkeun ditukangeun maranéhanana barudak (turunan) anu lemah, anu maranéhanana salempang kana (karaharjaan) maranéhanana. Ku sabab éta mangka kudu takwa maranéhanana ka Alloh sarta poma maranéhanana kudu ngedalkeun (nyarita) ku omongan anu bener.

Dalil Ka 5

QS. An Nisaa 4 : 11
يُوصِيكُمُ اللَّهُ فِي أَوْلَادِكُمْ ۖ لِلذَّكَرِ مِثْلُ حَظِّ الْأُنثَيَيْنِ
Gusti Alloh geus nyare'atkeunn (netepkeun) pikeun anjeun ngeunaan (babagi waris pikeun) barudak anjeun. Nyaéta: bagean saurang anak lalaki sarua kalawan bagean dua urang anak awéwé

Dalil Ka 6

QS. An Nisaa 4 : 11
فَإِن كُنَّ نِسَاءً فَوْقَ اثْنَتَيْنِ فَلَهُنَّ ثُلُثَا مَا تَرَكَ

sarta lamun anak éta kabéhanana awéwé leuwih ti dua, mangka pikeun maranéhanana dua pertilu tina harta (warisan) anu ditinggalkeun.

Dalil Ka 7

QS. An Nisaa 4 : 11
وَإِن كَانَتْ وَاحِدَةً فَلَهَا النِّصْفُ

lamun anak awéwé éta saurang waé, mangka manéhna nampa satengah harta (warisan)

Dalil Ka 8

QS. An Nisaa 4 : 11
وَلِأَبَوَيْهِ لِكُلِّ وَاحِدٍ مِّنْهُمَا السُّدُسُ مِمَّا تَرَكَ إِن كَانَ لَهُ وَلَدٌ

Sarta pikeun dua urang (kolotna) indung-bapa, pikeun masing-masingna sapergenep ti harta (waris) anu ditinggalkeun, lamun anu maot éta miboga anak

Dalil Ka 9

QS. An Nisaa 4 : 11
فَإِن لَّمْ يَكُن لَّهُ وَلَدٌ وَوَرِثَهُ أَبَوَاهُ فَلِأُمِّهِ الثُّلُثُ

lamun jalma anu maot henteu miboga anak sarta manéhna ngan (ninggalkeun warisan) ku indung-bapana (wungkul), mangka indungna meunang sapertilu

Dalil Ka 10

QS. An Nisaa 4 : 11
فَإِن كَانَ لَهُ إِخْوَةٌ فَلِأُمِّهِ السُّدُسُ
lamun anu maot éta miboga sawatara baraya, mangka indungna meunang sapergenep

Dalil Ka 11

QS. An Nisaa 4 : 12
وَلَكُمْ نِصْفُ مَا تَرَكَ أَزْوَاجُكُمْ إِن لَّمْ يَكُن لَّهُنَّ وَلَدٌ ۚ فَإِن كَانَ لَهُنَّ وَلَدٌ فَلَكُمُ الرُّبُعُ مِمَّا تَرَكْنَ
Sarta pikeun anjeun (salaki-salaki) saperdua tina harta anu ditinggalkeun ku isteri-isterina, lamun maranéhanana henteu miboga anak. Lamun isteri-isterina éta miboga anak, mangka manéh meunang saparapat tina harta anu ditinggalkeun ku manéhna

Dalil Ka 12

QS. An Nisaa 4 : 12
وَلَهُنَّ الرُّبُعُ مِمَّا تَرَكْتُمْ إِن لَّمْ يَكُن لَّكُمْ وَلَدٌ ۚ فَإِن كَانَ لَكُمْ وَلَدٌ فَلَهُنَّ الثُّمُنُ
Para pamajikan nampa saparapat harta anu ku anjeun dtinggalkeun lamun anjeun henteu miboga anak. Lamun anjeun miboga anak, mangka para pamajikan eta nampa saperdalapan tina harta anu ku anjeun ditinggalkeun.

Dalil Ka 13

QS. An Nisaa 4 : 12
وَإِن كَانَ رَجُلٌ يُورَثُ كَلَالَةً أَوِ امْرَأَةٌ وَلَهُ أَخٌ أَوْ أُخْتٌ فَلِكُلِّ وَاحِدٍ مِّنْهُمَا السُّدُسُ ۚ فَإِن كَانُو ا أَكْثَرَ مِن ذَٰلِكَ فَهُمْ شُرَكَاءُ فِي الثُّلُثِ
Lamun hiji jalma maot, boh lalaki boh awéwé anu henteu ninggalkeun bapa sarta henteu ninggalkeun anak, tapi miboga saurang baraya lalaki (saindung) atawa saurang baraya awéwé (saindung), mangka pikeun barayana eta masing-masingna meunang sapergenep harta. Tapi lamun baraya-baraya saindung éta leuwih ti saurang, mangka maranéhanana ngahiji dina anu sapertilu éta.

Dalil Ka 14

QS. An Nisaa 4 : 176
إِنِ امْرُؤٌ هَلَكَ لَيْسَ لَهُ وَلَدٌ وَلَهُ أُخْتٌ فَلَهَا نِصْفُ مَا تَرَكَ ۚ وَهُوَ يَرِثُهَا إِن لَّمْ يَكُن لَّهَا وَلَدٌ

lamun salahsaurang maot, sarta manéhna henteu miboga anak tapi manehna miboga baraya awéwé, mangka pikeun barayana anu awéwé éta saperdua tina harta anu ditinggalkeun ku manéhna, sarta barayana anu lalaki meunangkeun (sakumna harta waris baraya awéwé), lamun manéhna henteu miboga anak lalaki.

Dalil Ka 15

QS. An Nisaa 4 : 176
فَإِن كَانَتَا اثْنَتَيْنِ فَلَهُمَا الثُّلُثَانِ مِمَّا تَرَك
tapi lamun baraya awéwé éta dua urang, mangka pikeun duanana éta dua pertilu tina harta anu ditinggalkeun ku anu maot


Dalil Ka 16

QS. An Nisaa 4 : 176
وَإِن كَانُوا إِخْوَةً رِّجَالًا وَنِسَاءً فَلِلذَّكَرِ مِثْلُ حَظِّ الْأُنثَيَيْنِ

Sarta lamun maranéhanana (ahli waris éta diwangun ti) baraya-baraya laki sarta awéwé, mangka bagean saurang baraya lalaki saloba bagean dua urang baraya awéwé

Dalil Ka 17

QS. Al Anfaal 8 : 75
وَأُولُو الْأَرْحَامِ بَعْضُهُمْ أَوْلَىٰ بِبَعْضٍ
Jalma-jalma anu miboga hubungan baraya (Dzawil Arham) éta sawaréhna leuwih ngabogaan hak ka sasamana (batan anu lain baraya)

Wallohul muwafiq ilaa aqwaamith thooriq, cag heula.***





Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "MUTIARA ISLAM : FAROID (ELMU WARIS) Diropéa ku : Syihabudin"

Posting Komentar