FIKMIN BASA SUNDA : #NetPromini_assom - Keprok keur Salim
Keprok keur Salim
Doc_Tatang Sumarsono
G
|
eus
henteu bireuk, pikeun guru-guru jeung sakabeh murid SD Pasirkihyang. Taya duana
Si Salim budak bengal. Gawèna ngaganggu babaturan, ngaprak ka unggal kelas.
Puguh deui babaturan sakelasna mah, pang-pangna barudak awèwè sagoèk sagoèk
diceurikan.
Hiji poè Pa Tatang guru wali
kelas lima, datang ka kelas leuwih awal satengah jam. Kaget luar biasa waktu
muka panto kantor, di jero geus nyampak Salim keur sasapu maturan Mang Urnali
penjaga sakola.
"Sikap, berdiri, memberi
salam!" "AssalamualaikumWW!" Rampak murid kls 5 ngucapkeun salam
ka Pa Tatang, wali kelasna.
"Waalaikumsalam Wr."
Pa Tatang nembalan salam muridna. "Barudak, ulah waka caralik, angger
ngaradeg heula sakedap nya!" Samemeh pelajaran dikawitan." Murid pada panasaran, mimiti silih lèrèt,
ting harewos, "aya naon-aya naon?"
"Salim, ka dieu, ngadeg di
payun!" Pa Tatang nunjuk ka lebah
board (papan tulis). Salim semu pias maju. Murid sèjèn utama barudak awèwè
beuki panasaran, pacampur atoh. Malah Nèndèn noèl Dèwi gigireunana bari pok
lalaunan, "Puaslah, hayang teuing disetrap!" Dewi ukur manggut bari ngarèrèt ka Pa Tatang.
"Barudak, tah ieu Salim
anu teu bireuk purah ngaganggu
babaturan, nakal jeung kedul." "Poè ieu, tadi sa-jam ka tukang Salim
datang ka sakola pangheulana, bareng jeung Pa Urnali penjaga sakola. Malah
Salim mantuan sasapu di ruangan kantor. Maka, Salim dina poè ieu geus boga
prestasi anu hade, bapa ka hidep sadaya meredih, hayu urang babarengan mèrè
hadiah anu saderhana tapi ridho, "Keprok bareng keur Salim!" Murid nu tadina tegang milu keprok.
Ti saprak èta kajadian, Salim
robah total, datang ka sakola jadi pangheulana bae, giat kana tugas, utama poè
piketna, tara ngandelkeun babaturan. Tiis ceuli herang mata, geus teu aya kocèak-dengèk barudak awèwè.
Waktu samen (kenaikan kelas)
Salim meunang pangajèn ti Kapala sakola sebagè murid tergiat kebersihan.
Indung-Bapana nyaksèn bari ngembeng ci panon kating kebek ku bungah.
#netPromini_assom
0 Response to "FIKMIN BASA SUNDA : #NetPromini_assom - Keprok keur Salim"
Posting Komentar