WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bener Henteuna : Dalih SMK TARUNA SAKTI Purwakarta Nahan Ijzah Alumni???

Bener Henteuna : Dalih SMK TARUNA SAKTI Purwakarta Nahan Ijazah Alumni??? PURWAKARTA - www.wartasunda.id     "Larangan pamaréntah ka l...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA TI GALURA - SDN 1 Bunder Purwakarta Ngamumulé Seni Sunda


Keterangan Poto :Ngamumulé Seni Jaipongan di SDN 1 Bunder








SDN 1 Bunder Purwakarta
Ngamumulé Seni Sunda

P
oé Senen, (20/6) Galura/Warta Sunda Onliné kenging pangangkeun pikeun nyaksenan acara Paturay tineung Kelas 6 jeung Kenaikan Kelas 1-5 SDN 1 Bunder Jatiluhur Taun Ajaran 2018-2019. Jam 09.25 WIB geus kasampak buruan sakola dasar negeri 1 Bunder Jatiluhur pinuh ku kariaan barudak hasil karancagéan orang tua siswa jeung komité kelas dina ngalumangsungkeun kagiatan Paturay tineung Kelas 6 jeung Kenaikan Kelas 1-5 SDN 1 Bunder Jatiluhur.
Dina acara éta, saniskara pintonan seni dipidangkeun. “Saperti halna tari Jaipongan ku salah sahiji siswa kelas 6 nu milu aub di Sanggar Seni Kania Kancana,” kitu ceuk Ketua Panitia acara, Nyai Ronasih (36) ngajelaskeun ka Galura/Warta Sunda Onliné dilokasi acara.
Pihakna ngawakilan kolot barudak ngarasa reueus yén para siswa na tiasa unjuk kabisa dipauneun kolotna sewang-sewangan. Nanging nu minton téh sanés kelas genep wungkul tapi ti mimiti kelas 1 nepika kelas 5 ogé milu aub.
Malah mandar acara éta ogé dina raraga mapag ibu Kepala Sekolah nu taun ajaran 2019/2020 mah moal tiasa nyaksenan acara nu saperti kitu. Ku kituna para orang tua kasapukeun pikeun ngabagéakeun tur ngawilujengkeun purna bhakti, sok sanaos waktosna sababaraha bulan deui.
Dina kasempetan éta ogé, Kepala SDN 1 Bunder – Jatiluhur, Susi Susmiati, S.Pd, M.Pd, basa dibagéakeun ku orang tua siswa, inyana ngarasa isin tur bungah amarwatasuta. Lantaran pihak orang tua siswa nepika ngabagéakeun rék mungkas salaku ASN di éta sakola. Pon kitu deui nepika para siswana milu aub ku cara marintonkeun saniskara pintonan seni Sunda. Ieu nandakeun yén barudak masih kénéh ngiring ngamumulé seni. Kajaba barudak kelas 6 mintonkeun upacara adat bari jeung sungkem ka nu jadi guru. Tandaning papisah ninggalkeun sakola nu parantos ngatik jeung ngadidik salila genep taun.
Disagedengeun éta, keur mah sakola luyu sareng visi jeung misina nya éta : Bersahabat : Bersih, Sehat, Harmonis dan Berkarakter.  Pon kitu deui ngalaksanakeun 5 budaya : Senyum, Salam, Sapa, Sopan & Santun. Kajaba ti éta 191 urang siswa kelas 6 lulus 100 persen sarta jumlah siswana 570 urang.
Ditempat anu béda di SDN 1 Lebak Anyar Kecamatan Pasawahan, orang tua siswana ogé sami kompak dina ngayakeun acara Paturay tineung Kelas 6 jeung Kenaikan Kelas 1-5. Pihak sakola kaleresan ka dongkapan Kepala Dinas Pendidikan Purwakarta milu nyaksenan acara nu saperti éta. Kitu ceuk Kepala SDN 1 Lebak Anyar – Pasawahan, Kusnaédi, S.Pd basa ngawangkong poé Saptu (22/6) jeung Galura disakolana.
Nu ngabentenkeun acara éta téh ayana ngaleupaskeun manuk japati sajodo tandaning ngaleupaskeun siswa-siswi SDN 1 Lebak Anyar.
Dina peupeueuhna Kepala Dinas Pendidikan, H, Purwanto, S.Pd, M,Pd, miharep ka siswa kelas 6, teraskeun ka sakolanu caket luyu sareng zonasi. Sangkan tong nepika putus sakola.*** Anto Sukanto.


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "WARTA TI GALURA - SDN 1 Bunder Purwakarta Ngamumulé Seni Sunda"

Posting Komentar