WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

3 Pesan H. Sobari Pada Kelas 6, Disambut Baik Ketua Yayasan Al-Muhajirin

3 Pesan H. Sobari Pada Kelas 6, Disambut Baik Ketua Yayasan Al-Muhajirin Lembaga Sekola Madrasah Ibtidaiyah di Kampus 4 Sukatan...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

ASMARA DURJANA - Ku : Enna Dewi Kenanga


ASMARA DURJANA

Enna Dewi Kenanga


Saprak kawin ka Reni, Wandi muka usaha dadagangan. Najan cicing di lembur teu burung maju usahana, ari leukeun mah. Komo ayeuna kacicingan indungna ti saprak bapana tilar dunya, genep bulan ka tukang. Jadi ladang ibadah keur maranéhna bisa ngurus Indung. Atuh usaha asa beuki kaala hasilna.

Keur Wandi mah, asa kabantuan pisan ku Indungna sok nyuluran di warung, lamun Wandi keur balanja atawa nganteurkeun barang pesenan. Da kabeneran muka usaha liwat online ogé. Reni pamajikanana, teu bisa diganggu da puguh gawé, ngajar di ésdé.

Ti isuk nepi ka soré, datang ka imah tinggal tanaga panyésaan.

Tetempoan Wandi jeung Reni kadieunakeun  asa aya nu béda ti Indungna.

Mindeng dangdan, maké waléh hayang boga hénpon sagala. Nya atuh kapaksa ditedunan ku Wandi, sangkan Indungna mingkin betah. Rumasa imah dipanguruskeun Indungna.

Ti mimiti bébérés nepi ka masak, ari keur teu nungguan warung mah.

Sataun aya Indungna, warung mingkin haneuteun, da indungna mah daréhdéh ka nu balanja. Katurut ku barudak ojég nu kabeneran sok ngilu ngariung dina palataran warung. Keur mah warung sisi jalan kaliliwatan angkutan padésaan. 

Wandi beuki jongjon ngalayanan pesenan barang liwat onlén.

Maju ka dua taun ngahiji jeung Indungna, aya nu matak reuwas, naha bet jul-jol ka warung nu nagih. Sihoréng sok aya nu ngasrog nawarkeun injeuman datang ka warung mun manéhna keur euweuh. 

Wandi teu béak pikir, naha indungna bet wani nginjeum duit ka nu teu jelas itunganana.

Gancang nelepon adina nu cicing di Jakarta, bisi dipéntaan tulung ku manéhna.

"Henteu, A! Maenya nyuhunkeun tulung ka Mamah, paling ka Aa atuh, pami Enéng peryogi mah," ceuk sora adina dina telepon.

Wandi ngahuleng basa geus ngobrol jeung adina. Teu wasa merekpek ka Indungna, ukur bisa ngajangjian ka Si Abang tukang rénten nu nyebutkeun hayang geura dibayar duit nu diinjeum ku Indungna, heug cukup gedé jumlahna.

Hutang kudu dibayaran, modal gé loba kacéot, warung jadi nyirorot. Nempo Wandi papukeut mayaran hutang Indungna nu teu jelas keur naon juntrungna, teu burung mindeng jadi pacogrégan jeung Reni pamajikanana.

Hanjelu, indungna bét kaolo ku lalaki nu cenah niat mikanyaah, padahal mah ukur panipuan, hayang ditulungan mangas manéhna butuh duit.

Abong nu keur ngalaman begér mindo, Indungna kurang asak mikir jangji cokot baé duit ti tukang rénten. Nu penting Si Bébéb senang, meureun ceuk pikirna.

Amarah ngabebela  basa warung rék dijabel ku jurig rénten. Indungna kalah keukeuh ngabéla lalaki nu majar mikahéman dirina. Maké nyebutkeun, "Kitu-kitu ogé calon gaganti bapa."

Geus teu bisa nahan deui, basa nempo lalaki nu majar niat ngajait Indungna jiga nu biluk ka tukang rénten nu keukeuh rék ngajabel warung, bari nempokeun sacewir kertas nuliskeun 'perjanjian' lamun dina waktuna hutang teu dibayar warung jadi jaminan.

Indungna ukur molohok, teu rumasa cénah ngaborehkeun warung. Tapi jelas aya tékenan manéhna nu dibarengan poto kopi surat katerangan penduduk.

Wandi kapoékan, nubleskeun balati ka lalaki nu deukeutt indungna. Basa nyaho yén lalaki éta nu nyieun sandiwara sangkan bisa ngapimilik warung nu kasohor lebah péngkolan.

Teuing ti mana béjana jelema geus ngagimbung, récok. Mangsa aparat nu berwajib datang bari ngaborgol leungeun manéhna.

Katempo pamajikanana ceurik auk-aukan. Indungna nangkeup Wandi bari panon cireumbay, siga nu karék sadar yén manéhna geus ngalakukeun kasalahan nepi ka aya rajapati. Sangu geus jadi bubur, anu tumiba kudu dilakonan. Nu araya di dinya patingkumecrék mangkaruyakeun ka dirina. Marengan layon digotong kana ambulan, wandi dibawa ka kantor Pulisi.

Di jero jaruji beusi, Wandi ngaheruk, teu nyangka kahirupanana ancur kabarérang ku asmara riwan indungna. Ukur bisa ceurik batín bari ngadunga ka nu Kawasa sangkan indungna jeung Reni pamajikanana diriksa tina sagala balai, manéhna sadrah kana kaayaan, teuing nepi ka iraha hukuman keur dirina nu kasebut geus maéhan jelema, najan ngabéla diri, tetep ceuk hukum mah salah.

Poékeun ku asmara durjana ti hiji indung nu teu asak jeujeuhan, nepikeun ka ngorbankeun usaha jeung kabagjaan anak. Rénten geus mahabu ka pilemburan, néang jálma nu keur butuh duit nulung bari nyekék.

*

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "ASMARA DURJANA - Ku : Enna Dewi Kenanga "

Posting Komentar