WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Ade Jo Sukses Ngorbitkeun Adi Kurniawan Tarigan Jadi Ketua PWI 2025-2028

PURWAKARTA - www.wartasunda.id,-  Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Kabupaten Purwakarta menggelar Konferensi untuk periode 2025–2028 di Ge...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Ojég Dadakan


Ku :  Carpon Komala Sutha

Poé keur meujeuhna mentrang. Motor Usman nyemprung ninggalkeun Babakan bari mawa kakuciwa. Nu rék ditagih teu nyampak. Bangun nu ngahaja taya di imahna da nyaho Usman rék datang. Usman ngarasa hanjelu duméh jauh-jauh ti Panaruban ngahaja indit ka Cililin, rék nagih. Nu rék ditagih geus jangji tapi bet sulaya.
Reug motor eureun hareupeun alun-alun. Usman nyusut késang nu mimiti nyurulung tina tarangna. Panonpoé tabuh dua beuki nyirorot. Lalaki umur duapuluh tujuh taun téh rumahuh. Tikorona garing.  Tapi dina pésakna teu nyampak duit najan sapangaji inuman pangmurahna gé. Ti lembur Usman sasat teu mawa duit sarupia gé da jeung benerna gé keur teu boga duit. Angkeuhan sanggeus tepi ka Cililin mah bakal meunang duit. Kang Jamal, dulur dahuaanna saminggu katukang nyimpang ka imahna, bet kalah nginjeum duit keur mayar listrik. Atuh Usman nu sok gampil karunyaan téh, golosor wé ngaluarkeun duit salambar, saratus réwu, padahal dina lokét bututna ukur duit sakitu-kituna, nunggelis, dipupusti tadina mah, itung-itung tunggul kuras, da ari iuran listrik mah sok miheulakeun ti tanggal ngora gé. Taya salahna tutulung ka nu butuh. Manéhana remen ka Cililin pikeun loba urusan, bisi hiji waktu béakeun ongkos pan  bisa nginjeum ka Kang Jamal nu keur Usman mah geus teu asa-asa. Sababaraha taun kungsi nganjrék di puseur dayeuh Cililin, milu dagang mih ayam ka dahuanna, harita mimiti wanoh jeung ngaran Kang Jamal tur antukna sosobatan tepika kiwari.
Usman ngahuhuleng dina luhur motor bututna. Di alun-alun lebah kalér. Hareupeun konter pulsa nu keur digembrong ku barudak ngora. Panonna rét ka warung gigireunna, nu ngajual rupa-rupa inuman seger. Usman kumerot. Hayang mah ngalegleg inuman nu katempo, mun perelu jeung botolna. Tikorona ngerelek bari sirah mah nyipta-nyipta. Leungeun ngodokan pésak nu kénca jeung katuhu, susuganan manggih récéh, tapi duit nu dipiharep taya dina sakuna. Leng Usman ngahuleng mikiran pilampaheun. Lalakon Cililin Panaruban kana duapuluh tilu kilo. Hadéna ari béngsin mah kamari dieusian di pangkalan béngsin Cibeureum, metung. Jadi ari motor mah  moal melang kabéakeun béngsin di jalan. Ngan nu matak salempang, budak di imah keur ngadago-dago dirina mawa duit. Isuk aya bayareun di sakolana. Mangka ari geus SMP mah teu cara di SD, sagala haratis. Sok aya waé bayareun téh najan ari béjana mah geus sagala ditanggunng ku sakolana tina dana BOS. Eta gé lain keur mayar saperti SPP, tapi dititah guru katerampilanna ngumpulkeun duit teuing keur meuli nanahaon, Usman teu ngarti. Pokona mah ceuk budakna téh, isuk kudu mayar limabelas rébu, tuluy ongkos angkot wé saminggueun, saperti sasarina. Usman jadi hanjelu geus nginjemkeun duit ka Kang Jamal, duméh geus sulaya. Lain pédah owel deuih. Leuheung basa mun téréh meunang wéselan ti pamajkanna nu buburuh di Arab. Apan kana tilu bulan deui. Kiriman duit tiheula mah imeut kana meuli tanah di landeuh, sakumaha peupeujeuh pamajikanna. Duit ti Arab sabisa-bisa kudu nyangsang dina banda nu pageuh saperti tanah.
Sora silung nu ngawih ti pangamén kolot mawa harénghéng mentrangna beurang. Usman neureuy ciduh waktu tanggungan tukang és goyobod ngagilisir ka gigireunna. Geus ngabibita deui, pikirna. Teuteupanna dibalédogkeun ka lebah wétan. Ojég ngajajar kawas barisan tentara keur upacara. Katempo nu barogana bangun nu lungsé, nahan halabhab bari ngadago-dago panumpang nu  haat nyampeurkeun. Leungeun kapaksa diacung-acungkeun unggal aya angkot atawa beus eureun di péngkolan, murudulkeun panumpang nu boga tujuan sewang-séwangan. Ojég-ojég kuciwa sanggeus panumpang nu tarurun teu daék nyampeurkeun, komo bari sirahna tinggarideg nandakeun moal naék ojég.
Dakdumadak eusi sirah Usman nu tadina poék, rada kacaangan. Jadi kapikiran jadi ojég dadakan. Poé ieu wungkul. Susuganan meunang panumpang jurusan ka kulonkeun, ka Cijenuk atawa tempat nu sakirana bakal kaliwatan ka manéhna. Komo mun sajurusan mah, sarua ka lembur Panaruban. Duapuluh réwu mah tangtu meunang. Sirahna unggeuk-unggekan. Tikorona nu garing karasa deui ménta diliwatan ku cai, tapi ditahan.
Kana sababaraha menit panon Usman milu riweuh rarat-rérét kana angkot atawa beus nu kaparengan nurunkeun panumpang deukeut motorna cicing. Kandaraan umum ti dayeuhkeun lolobana ukur tepi semet ka Cillin. Nu bisa langsung ka kacamatan séjén langka atawa can waktuna tepi. Jadi, nu aya niat nuluykeun lalampahanna ka Cijenuk jeung sabudeureunna tangtu merelukeun ojég komo pikeun  lemburna jauh ka bedug mah. Milih naék ojég bari ongkos mahal tibatan kudu mangjam-jam ngadago beus nu can tangtu datang, dina ayana geus metet ku panumpang nu ngaharaja naék ti saméméh Cililin.
Sakur jalma nu karék turun heug kaparengan ngaliwatan motorna, langsung ku Usman ditawaran ojég.
“Badé ka Cijenuk Téh?” tanya Usman ka hiji awéwé nu saenyana teu luyu disebut ‘Téh’, pantesna mah ‘Wa’ atawa ‘Ni’, nilik kana buukna nu cetuk huis mah. Nu ditanya gideug.
Ngaliwat deui saurang mojang maké pakéan saragam pabrik.
“Néng… uih kamana?” tanya Usman bari kawas nu geus loma.
“Cijenuk,” témbal si mojang pondok.
Usman haripeut. “Ngojég atuh nya, ku abdi didugikeun dugi ka golodog lah!” pokna bari geuwat nyelah motor. Si mojang teu némbal anggur ngabalieur tuluy leungeunna gugupay ka pentaseun jalan. Saurang jajaka nu mawa motor anyar nyampeurkeun. Si mojang bungah tuluy diuk dina sadel tukangeun si jajaka. Usman bati molohok.
“Pa… ka Cijenuk?” saurang lalaki tengah tuwuh ditanya ku Usman.
Lalaki téh ngarérét tuluy ngarandeg hareupeun. “Enya, Jang… tapi Bapa téh bingung.”
“Bingung kunaon Pa?” Usman kerung bari gedé harepan.
“Bapa rusuh hayang naék ojég tapi nyéta duh… lokét kacopétan tadi dina jero beus.”
“Hmmm…” Usman néang akal. “Kieu wé atuh, Pa… ku abdi Bapa didugikeun dugi ka bumi Bapa, perkawis ongkos mah tiasa dibayar di ditu. Kumaha Pa?”
Lalaki tengah tuwuh bingung, tuluy ngajéntrékeun ku basa sunda gado-gado, antara kasar jeung lemes.  “Mayarna timana, Jang… kabeneran di rorompok keur taya sasaha. Sadayana kuli ka dayeuh. Rék nambut di lembur, nambut kasaha, teu biasa deuih Bapa mah tumbat-tambut.”
Usman ngégél biwir handapna. Teu niat nuluykeun paguneman tepika lalaki téh ngaléos muru masjid Agung kuloneun alun-alun. Panonna ngalieukan ka tukang. Motorna dipareuman deui. Geus imeut nu tarurun téh. Usman ngarénghap. Can aya kandaraan deui nu eureun. Leungeun katuhuna nyusut késang deui tina tarangna, tuluy tina irungna. Aya deui nu ngaliwat. Ku Usman ditanya tur ditawaran. Gideug deui, malah ngécéskeun yén dirina keur teu néangan ojég tapi taksi. Biwir Usman seuri ngenyé. Dimana teuing aya taksi di Cililin. Mun taksi kenyed aya, tah kéréték téa! Adigung jalma téh, pikir Usman. Aya deui nu ngaliwat, awéwé ngora, maké calana pondok semet tuur, kaluhurna kaos beureum burahay, nyitak kana awakna nu bayuhyuh. Pinarepna nu sagedé buah mélon nonjol. Usman nyumputkeun hayang seurina.
“Néng… ojég Néng?”
“Abdi mah nu icalan sangu di ditu tuh… badé mentas!” témbalna bari curukna nuduhkeun warung leutik di juru alun-alun. Usman kaéraan. Harepanna ngipisan. Taya saurang gé nu bisa dijadikeun panumpang. Aya nu ampir daékeun, tapi sanggeus niténan waruga motor, sirahna jadi gideug, bari humar-hemir, teu lila saurang ojég nu mawa motor hérang ngagurilap, nyampeurkeun. Usman éléh.
Usman geus béak kasabaran. Tur sadar moal aya panumpang nu haat naék motor bututna. Tuluy wé nyelah deui motor. Tapi karék gé ngageuleuyeung lalaunan, ti juru alun-alun, aya awéwé ngagupayan. Usman haripeut. Motor langsung ngarandeg. Nu ngagupayan teu daek nyampeurkeun. Tapi leunggeuna lain ukur gugupay wungkul, kalah méré kodeu sangkan ménta disampeurkeun. Wah, Usman teu miceun waktu. Nyampeurkeun ka nu nangtung hareupeun tangkal caringin leutik. Awéwé umur duapuluh tilu taun. Geulis tur amis budi. Sarérét keureutan bengeutna siga biduan dangdut nu sok midang dina tipi lokal. Dangdanan mah rada ménor. Wedak kandel, lipensetip beureum. Pakéanna bararesih. Lepis nu ngetat, nyitak dua sukuna nu ramping. Kaluhurna kaos pulas gandaria, teu sabaraha ketat tapi dina dadana lahak. Némbongkeun saeutik pinarepna nu muncugug. Biwir Usman kumétap, inget kana kalalakiana nu teu kapalidkeun dina dua taun saprék ditinggalkeun gawé ka nagara deungeun ku pamajikanna.
“Kang… ka kulon?” tanya awéwé bari dibarung ku imut ngagelenyu, matak nyentug kana dada Usman nu ngageter sapada harita.
“Muhun, Néng…”
“Lina…” mojang geulis téh ngasongkeun dampal leungeun nu geuwat disanggap ku Usman. Ngageleser lemes waktu dampal leungeun si mojang paadu rampa jeung dampal leungeun Usman nu kasar.
“Néng Lina badé ka Cijenuk?” tanya Usman nu diwalon ku unggeuk. Lina langsung merenahkeun awakna nu lenjang tukangeun Usman. Nyangégang. Geuleuyeung motor maju. Sajajalan Usman bungah duméh mawa panumpang nu nya geulis nya tangtu mayarna gedé. Teu loba tatanya sual ongkos, jadi moal nawar bangunna, pikir Usman bari sura-seuri sorangan. Waktu tepika Rancapanggung, Lina mimiti muka wangkongan. Nanyakeun dimana Usman matuh. Dijawab ku Usman, di Panaruban.
“Dupi Lina dimana?” Usman malik nanya. Lina kalah nyeuleukeuteuk. Ada déh, témbalna  cumentil. Usman nyéréngéh. Teu maksa ménta jawaban.
“Eh, nami salira téh saha?” tanya Lina.
“Usman.”
“Euh… Kang Usman, tos kagungan istri?”
“Istri tos gaduh, putra gé tos gaduh hiji. Dupi Lina?”
“Lina mah… tos lami pipirakan,” témbal Lina.
“Oh…” ceuk Usman pondok. Moal dibéré nyaho yén pamajikaan keur teu aya di lembur ah, bisi asa dibéré kasempetan ngawangkong panjang lébar. Tuluy Usman nyalénggorkeun wangkongan. Tapi Lina bangun nu teu kataji ku wangkongan Usman, kalah tuluy deuih nanya-nanya ngeunaan pribadi Usman kawas nu hayang ditaksir. Usman hayang geura nepikeun Lina ka tempat nu dituju méh geuwat mayar ongkos, inget ka anakna nu ngadago-dago di imah. Lain teu kataji ku rupa jeung pangawakan Lina nu matak pikabitaeun lalaki, tapi sok inggis Usman jadi kapéngpéongan. Sedengkeun dirina dina kaayaan nu keur rungsing pikir. Lina teu aya tanda-tanda rék eureun téréh-téréh. Ditanya deui ku Usman rék eureun dimana, jawabanna ngan ada ajah bari ditungtungan ku nyeuleukeuteuk. Malah leungeunna jadi meulit pageuh kana cangkéng Usman. Duh, Usman saenyana teu bisa nahan birahi tapi satekah polah ditahan.
Di Cikadu, Lina nitah eureun heula. “Kang.. sakedap lirén heula, nya…”
“Dimana atuh bumi Lina téh?”
“Di Cijenuk tapi urang lirén heula yu sakedap mah, énggal…” Lina ngagugunyeng leungeun Usman nu antukna  éléh déét. Demi duit keur budakna.
Lina ngajak muru salah sahiji warung nu aya di sisi jalan. Di Cikadu jlug jleg warung-warung semi permanén. Usman lain teu apal. Najan can kungsi unggah ari peuting ka warung nu aya di dieu, tapi manéhna kacida nyahona yén di sapanjang jalan Cikadu, loba awéwé kéténgan. Tempat nu biasa dipaké parakték, nyaéta di jero warung atawa cukup dina rungkun-rungkun tutuwuhan. Dibaturan ku gelebugna angin peuting jeung sora cai ti anak bendungan Saguling.
“Kang, badé ninyuh kopi?” tanya Lina nempo Usman ngahuhuleng sajongjongan. Usman geuwat gideug.
“Naon atuh… sirop?” Lina ngarérét deui. Usman gideug deui. Haténa dumadakan guligah. Lina kalah nyirihil nempo riuk Usman. Manéhna ménta sabungkus roko ka nu boga warung. Pelenyun udud bangun nu nikmat naker. Nu boga warung ngasongkeun pesenan séjénna. Tinyuh emih dua mangkok, kurupuk satoros, rupa-rupa kadaharan jeung jeruk salak sagala rupa. Tuluy Lina  ngaharéwos kana ceuli Usman. Cenah wayahna ké pangmayarkeun heula sadayana nu tos dipesen, lantaran Lina teu mawa duit sapésér gé.
Usman bati gogodeg. Karasa poé éta naas kabina-bina. Jauh-jauh ti lembur ka Cililin, pikeun nagih bari teu hasil, di alun-alun meunang panumpang nu tétéla awéwé kécéran. Sirah Usman muih heula néang piakaleun.
“Lin, dimana jamban nya?” pokna laun ka Lina. Usman rarat-rérét ka landeuh. Kana cai nu ngemplang. Anak Saguling. Geus katelah lebah deui daérah palacuran. “Duh… teu kat hoyong ka jamban.”
Lina kerung nempo Usman cengkat tina bangku. Usman nyekel bebeurna bangun nu teu kuat hayang kiih. Teu lila Lina nyeuleukuteuk. Tapi tuluy unggeuk bari curukna nuduhkeun ka landeuh. Hadéna samehna Usman neundeun motor di hareupeun warung kosong, rada anggang ti tempat Lina diuk. Atuh laluasa api-api  nyalingkeur heula ka tukangeun warung tuluy mipir ka warung séjénna, geus kitu mah séséléké ka tukangeun nu keur ngarariung deukeut béngkél motor, bras ka hareup, ngajugrug motor bututna.
Usman ngarénghap napas panjang. Kawas tahanan nu geus kaluar tina pangbérokan. Motor bututna nyemprung ka lemburna. Antara keuheul jeung hayang seuri pagalo jeroeun dadana. Kasawang Lina keur élékésékéng ngadagoan manéhna mulang ti cai. Rasakeun! Usman surak.*

Subscribe to receive free email updates: