Tim Futsal SMAN 1 Darangdan, Team Putri Juara 2, Team Putra Juara Harapan 1 Turnamen Futsal Competision “FOMPA”
Pelajar SMAN 1 Darangdan nu
hobina nepika ka salurkeun dina widang olahraga.*
PURWAKARTA – Warta Sunda Onliné,
T
|
eu
sakabéh hobi bisa ka salurkeun, gumantung kana kapribadian hiji jelema. Tapi ku
kauletan jeung pangaresep mah tiasa waé. Kajaba
team anu solid mawa komara kana kapinunjulan pikeun nyangking juara. Dina hal ieu mah, di tapel wates
antara Kabupatén Purwakarta – Kabupatén
Bandung Barat, Jl. Wanayasa-Bojong-Sawit, Sawit,
Kec. Darangdan, Kabupaten Purwakarta, Jawa Barat 41163.
Para Pelajar
SMAN
1 Darangdan
nu hobina nepika ka salurkeun dina widang olahraga. Malah kamari ping 5 Oktober 2019 team
Futsal SMAN 1
Darangdan kenging kapinunjulan dina widang futsal nu diayakeun ku
Forum OSIS MPK
(FOMPA) Purwakarta.
Team Putra Juara ka-4 tina 96 tim
futsal putra Tingkat SMASMK
sa-Tatar Purwakarta sarta team Putri Juara ka-2 tina 36 tim
futsal putri Tingkat SMASMK
sa-Tatar Purwakarta dina turnamen Futsal Competision nu diayakeun
ku Forum
OSIS MPK (FOMPA) Purwakarta.
Lian ti éta ogé, Team SMAN 1 Darangdan, Desi Fitriani kelas XII IPA-5 salaku "Top Score/Pemain Terbaik Putri" ajang turnamen Futsal Competision.

Kalih ti éta, nilik tina slogan SMAN 1 Darangdan, #SMA maju bersama hebat semua. “Éta nu jadi mawa sumanget ka para
siswa-siswina nu keur tandang makalangan tina ajang nu saperti kitu,” pokna.
Lain halna ceuk wawakil siswi SMAN 1 Darangdan nu ngagabung dina Team Futsal
SMAN 1 Darangdan, Desi Fitriani kelas XII IPA-5, Inyana ngarasa reueus hasil perjuangan pikeun
ngabuktikeun ka sakola nu lain. Tapi juara ka-2 éta, janten target taun payun
pikeun nyangking juara ka-1. Ku kituna pidu’a kasadayana hususna rerencangan
SMAN 1 Darangdan, sim kuring sareng saparakanca dipasihan sehat tur sumanget.
Anapon kitu ti wawakil Putra, M. Rizieq, samimawon nargetkeun juara ka-1. Malah ngahaminan
ungkara nu diluhur éta.
Wasta-wasta Tim Futsal Putri ngawengku diantarana : Desi Fitriani kelas XII IPA-5, Luryanti XII IPA, Neng Selvi XII IPA-1, Ira Farhah XII IPA-5, Iis Sumiawati XII IPS-3, Siti Maryam XI IPA-2, Rika Indriyani XI IPS-1, Reyka Nur Rengganis XI IPA-5, Silpiani XI IPA-2, Sri Susanti X IPS-1, Fitria X IPS-1 sarta Yupi X IPA.
Sedengeun Tim Futsal Putra ngawengku diantarana : M. Rizieq O.R XII IPA-5, Syahrul Iman XII, M. Fauzan Nasrulloh X, Luthfi Al Khawari XI IPS-3, Fauzan Firmansyah XI IPA-2, Ahmad Zaenal XI IPS-2, Satria X, M. Naufal X, M. Himal X, sarta Hadi XI IPA-5.***