Ceuk: Wakil Bupati Purwakarta - Pangabutuh Pagawé P3K di Purwakarta Nunggu Kaputusan ti Pusat
Pangabutuh Pagawé P3K di
Purwakarta Nunggu Kaputusan ti Pusat
Pemda - Warta Sunda Onliné,
K
|
APAMARÉNTAHAN Kabupatén Purwakarta nu karék sababaraha
bulan katukang diistrénan ku Gubernur Jawa Barat pasangan ti Hj. Anne Ratna
Mustika jeung H. Aming. Dina program 100 poé kerjana kiwari merjoangkeun pagawéna,
malahan ayeuna keur nunggu kaputusan ti Pamaréntah Pusat, ngeunaan Pegawai
Pamaréntah jeung MoU Kerja (PPK P3K).
“P3K ka ieu
téh, kantun nunggu instruksi ti pamaréntah pusat, sabab Pemkab Purwakarta ayeuna
keur ngarumuskeun jumlah kuota P3K,” kitu ceuk Wakil Bupati Purwakarta, H.
Aming nalika ngawangkong jeung wartawan, Senen (31/12-2018).
Nurutkeun
H. Aming, kuayana P3K ieu téh, dipiharep bisa nutupan kuota nu dibutuhkeun ku
Pemda Purwakarta, keur mah jumlah pagawé nu rék pangsiun kisaran kana 1.600
urang, sedengkeun ASN nu lulus dina taun 2018 téh jumlahna ngan ukur 306 urang.
“tina
jumlah 306 urang ieu téh masih kénéh kurang pikeun ngungkulan tina Jumlah
pangabutuh 1.600 urang pagawé,” pokna.
Tapi
nurutkeun Aming, jumlah kabtuhan éta masih kénéh proses perumusan, sakantenan
ngantosan ti dinas terkait nu aya di Kabupatén Purwakarta pikeun pengajuann
pagawéna.
Sedengkeun
nu diprioritaskeun keur pagawéna téh dilingkungan dunia pendidikan nu paling
seueur ngabutuhkeun pagawéna, lantaran seuseurna nu pangiun téh ti dunya
atikan, kukituna tedunan pagawé nya nu diutamakeun keur keur pagawé
dilingkungan dunya atikan nu paling seueur pasukan pagawéna sakalian ngantosan
ti Kepala Dinas Pendidikan ngeunaan pengajuan pagawéna,” pokna H. Aming.
H. Aming
nambahkeun, yén tina penggajian keur P3K nu ngawengku ti Dinas Kesehatan jeung
Pendidikan katut pagawé lainna téh, gajihna mah diatur ku Pamaréntah Pusat.***
0 Response to "Ceuk: Wakil Bupati Purwakarta - Pangabutuh Pagawé P3K di Purwakarta Nunggu Kaputusan ti Pusat"
Posting Komentar