Maleman Taun Baru, Imah Roni Rata jeung Taneuh
Maleman Taun Baru,
Maniis - Warta Sunda Onliné,
D
|
INA maleman taun anyar, imah Roni
(42), warga Kampung Pasir Wétan Désa Sinargalih Kacamatan Maniis, Kabupatén
Purwakarta, imahna ludes dilalab seuneu (1/1). Ngalantarankeun ayana konsletting
listrik. Antukna wangunan imah Roni rata jeung taneuh tingal puing-puingna.
Dina hal ieu
mah, yén imah Roni nu wewengkonna di sisi cai, angin nu sakitu gedé mangaruhan
seuneu ngalentap kana sagala rupa, hususna imah mah kitu. Pon kitu deui barang
nu aya saperti motor, kulkas, TV jeung artos. Alhamdulillah teu aya korban.
Kitu ceuk Agus Mahardina salahsaurang
calon nu rék makalangan di Gédong Putih Kabupatén Purwakarta nyaritakeun Via
ponsel WhatsApp ka Warta Sunda Onliné.
“Roni, nu
pakasabanna kana tani disakuliaheun sisi cai, ogé mibanda jasa rakit pikeun nu
marancing. Hayu urang du’akeun ka Pa. Roni, mudah-mudahan
sing dipaparin kasabaran, sareng sing digampilkeun deui Rezeki na. Amin.***
0 Response to "Maleman Taun Baru, Imah Roni Rata jeung Taneuh"
Posting Komentar