WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Ti PSM ka Kepala Sakola : Proses Inspirasi Lalakon Panjang

Ti PSM ka Kepala Sakola : Proses Inspirasi Lalakon Panjang Mangsana taun 2000-an téh, minangka keur sim kuring mitembeyan gawe ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Sésa Pangwangunan Dedi Mulyadi Patalimarga di Désa Sukamukti, Jadi Sorotan Agus Mahardika


Sésa Pangwangunan Dedi Mulyadi
Patalimarga di Désa Sukamukti,
Jadi Sorotan Agus Mahardika
Maniis - Warta Sunda Onliné,
D
ÉSA Sukamukti ngarupakun salahsahiji Désa di Kacamatan Maniis nu jarakna 10 KM ti Kantor Kecamatan Maniis. Patalimarga keur ngadongdon ka Désa Sukamukti ngaliwatan daérah perbukitan jeung pegunungan nu kayaan patalimargana turun naék, ngan pikeun nu teu apal patalimarga di éta wewengkon kuu rada ati-ati, kulantaran tikungan jeung pengkolan rada curam.
Kaayaan infrastruktur patalimarga ti taun 2015 kamari geus alus jalanna téh, nalika pupuhu pamaréntahna Dedi Mulyadi, SH, sok sanajan can bérés saratus persen, nilik ti patalimarga nu ngahubungkeun ti Kampung Cibadak nepi ka Kampung Cihuni, Gunung Manik – Kampung Gugur jeung Kampung Roké katut Kampung Pasir Gebang kaayaan jalanna masih kénéh ruksak parna.
Dina dongdonan, Agus Mahardika salahsaurang calon nu rék makalangan di Gédong Putih Kabupatén Purwakarta nyaritakeun Via ponsel WhatsApp ka Warta Sunda Onliné, yén msarakat di éta wewengkon ngareluh kaayaan patalimargana. Kajaba kitu, ayeuna usum hujan ieu téh. jalanna laleueur. Nya warga miharep ka sim kuring pikeun nepikeun bangbaluh ngeunaan patlimarga di Désa Sukamukti ka pamaréntah daérah pikeun diperhatikeun. Pon kitu deui, warga miharep ayana mobil ambulance jeung ayana bidan désa nu domisilina di éta wewengkon keur kapentingan warga. Kajaba mun aya warga nu teu damang éta mobil ambulance téh bisa nganteur ka puskoesmas bohna ka RS. Bayu Asih.
Nitenan harepan warga Désa Sukamukti, “inyana badé upaya pikeun nepikeun ka Ibu Bupati Purwakarta, yén dina taun 2019 Pemkab Purwakarta bisa ngarelokasikeun anggaran keur ngoméan patalimarga tur mobil ambulance jeung bidan désa di éta wewengkon,” pokna Agus Mahardika ka para warga di Désa Sukamukti.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Sésa Pangwangunan Dedi Mulyadi Patalimarga di Désa Sukamukti, Jadi Sorotan Agus Mahardika"

Posting Komentar