WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Désa Manggung : Kapala Désa Nangewer Ngahudangkeun Kepekaan kana Pendidikan

Kapala Désa Nangewer Ngahudangkeun Kepekaan kana Pendidikan Purwakarta – Grup Majalah Warta Sunda,- Kapala Désa Nangewer, Kec...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Sri Mulyani Lengser, Purbaya Asup Jabat Menteri Kauangan


Sri Mulyani Lengser, Purbaya Asup Jabat Menteri Kauangan

Jakarta – Présidén Prabowo Subianto resmi ngaganti Sri Mulyani Indrawati tina jabatan Menteri Kauangan. Jabatan strategis éta ayeuna dieusian ku Purbaya Yudhi Sadewa, nurutkeun Kaputusan Présidén (Keppres) Nomor 86 Taun 2025.

Acara pelantikan dilaksanakeun di Istana Nagara, Senén (8/9/2025), bareng jeung sababaraha menteri anyar séjén. “Purbaya Yudhi Sadewa minangka Menteri Kauangan,” kitu eusi Keppres anu dibacakeun dina acara éta.

Saméméhna, Purbaya ngajabat salaku Ketua Dewan Komisioner Lembaga Penjamin Simpanan (LPS). Masa baktina di lembaga éta sabenerna rék béak dina ahir taun ieu. Ku kaputusan présidén, anjeunna meunang kapercayaan anyar pikeun ngatur kawijakan fiskal jeung kauangan nagara.

Dina pelantikan éta, aya sababaraha pejabat anyar anu bareng dilantik, di antarana:

√  Menteri Koordinator Widang Pulitik jeung Kaamanan,

√  Menteri Perlindungan Pagawe Migran √,

√  Menteri Koperasi,

√  Menteri Pemuda & Olahraga.


Perombakan kabinet ieu dipandang minangka bagian tina strategi Présidén Prabowo pikeun nguatkeun tim ékonomi jeung pulitik dina mangsa pamaréntahan anyar.

(mij/mij)



Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Sri Mulyani Lengser, Purbaya Asup Jabat Menteri Kauangan"

Posting Komentar