Perkemahan PERKASA 2025 di Kwaran Plered
Plered – Grup Majalah Warta Sunda,-
Kwartir Ranting (Kwaran) Plered ngagelar perkemahan PERKASA taun 2025 anu dipuseurkeun di lembur Talun Kp. Diwarung Kulon, RT.12/RW.04, Désa Cibogogirang Kecamatan Plered. Acara ieu dimimitian ti Jumaah sore, 5 Séptémber 2025, sarta bakal ditutup dina Minggu, 7 Séptémber 2025.
Upacara pembukaan dijadwalkeun jam 13.30 WIB, kalawan dihadiran ku pamingpin Kwaran, unsur sakola, guru pamimbing, ogé para murid anu jadi peserta.
Ketua Panitia, H. Suherman, S.Pd, ngungkabkeun yén kagiatan ieu sanés saukur tempat keur kumpul barudak pramuka, tapi ogé minangka ruang pikeun ngamekarkeun poténsi jeung kaparigelan maranéhna.
Dumasar kana katerangan panitia, kagiatan ieu diiluan ku 55 Pangkalan ngawengku 1.100 Siswa SD/MI sareng SMP/MTs, 110 Pembina Gudep, 57 Anggota Saka sarta 70 panitia.“Perkemahan PERKASA (Karakter dan Karya Siswa) ieu dipiharep tiasa janten pangalaman anu berharga pikeun murid-murid urang. Ku jalan ieu, maranéhna diajar disiplin, mandiri, ogé silih ajénan dina kahirupan regu. Ieu téh modal penting pikeun nyanghareupan datang,” saur anjeunna.
Lain deui ceuk Ketua Kwarran Plered, Yeti Heryeti, S.Pd.I., dipiharep para pamilonna teh janten pamilon anu pancawaluya luyu sareng “Pendidikan karakter di Jawa Barat anu dumasar kana konsép kearifan lokal Sunda, anu ngawujud dina lima niléy: Cageur (séhat), Bageur (hadé), Bener (berintegritas), Pinter (cerdas), jeung Singer (terampil).”
Kalih ti éta, para Pembina di tiap sakola dasar jeung sakola menengah di lingkungan Kwaran Plered. Para peserta dibagi kana sababaraha regu anu bakal silih adu dina rupa-rupa lomba jeung kagiatan ketrampilan pramuka.
Jadwal Kagiatan Pokok
Kemis, 4 Séptémber 2025 : 13.30 WIB : Ngadegkeun tenda jeung pangaturan regu.
-
Juma'ah, 5 Séptémber 2025
- 13.30 - 14.00 : Chek In Peserta
- 14.30 - 15.00 : Upacara Pembukaan resmi
- 15.00 : Sholat ashar Persiapan
- 16.00 - 17.00 giat Kreasi Seni/karnaval
- 17.00 - 19.30 Persiapan dan Kegiatan keagamaan
- 19.30 - 22.00 giat kreasi seni
- 22.00 Istirahat
-
Saptu, 6 Séptémber 2025
04.00 - 06.00 : Kegiatan Keagamaan
O6. 00 - 07.00 : Olahraga
07.30 - 08.00 : Apel Pagiat,
08.00 - 09.30 : Giat penguatan Karakter siswa Keselamatan Giat di alam terbuka Pramuka Sadar Bencana, keselamatan kegiatan di ketinggian, Rope AksesIa Purwakarta
09.45 - 11.30 : Badut sulap komunitas Purwakarta
11.30 - 13.00P ersiapan Pribadi
13.00 - 17.00 giat Challenge day
17.00 - 18.00 persiapan pribadi
18.00 - 19.30 giat keagamaan
19.30 - 23.00 Upacara Unggun dan Kreasi Seni
23.00 Istirahat
-
Minggu, 7 Séptémber 2025
- 04.00 - 06.00 Kegiatan Keagamaan
- 06. 00 - 07.00 Olahraga
- 07.00 - 07.30 Persiapan Pribadi
- 07.30 - 08.30 Upacara penutupan giat
- 08.30 -09.30 Pengumuman Juara
- 09.30 sayonara
Profil Ringkes PERKASA
PERKASA mangrupakeun singgetan tina Perkemahan Pramuka Kwartir Ranting. Ieu kagiatan rutin anu biasana dilaksanakeun unggal taun ku Kwartir Ranting di sakuliah kabupatén. Tujuanana nyaéta pikeun:
- ngalatih kemandirian jeung kapercayaan diri anggota pramuka,
- nguatkeun rasa persaudaraan jeung kerjasama,
- ningkatkeun kapamimpinan jeung disiplin,
- ogé ngajarkeun cinta kana alam jeung lingkungan.
Kalawan jumlah peserta anu cukup loba sarta jadwal anu geus dirancang sacara sistematis, panitia miharep perkemahan PERKASA 2025 tiasa janten kagiatan anu suksés sarta mere mangpaat pikeun barudak pramuka di Kwaran Plered.
Redaksi dilapangan ngawawancaraan perwakilan pamilon ti SMPN Satap Rawasari, nyatana cép Ridwan Kelas 9-B sarta néng Sri Sulastri Kelas 9-A, yén dina kegiatan ieu téh, ngalatih kemandirian jeung kapercayaan diri anggota pramuka, nguatkeun rasa persaudaraan jeung kerjasama, ningkatkeun kapamimpinan jeung disiplin, ogé ngajarkeun cinta kana alam jeung lingkungan.***
1 Response to "Perkemahan PERKASA 2025 di Kwaran Plered"
Sae..👍👍🇮🇩
Posting Komentar