WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

39 Taun Lulus, PaburencayAyeuna Ngahiji déui Alumni SDN Pajagalan 47/1 Bandung.

39 Taun Lulus, Paburencay Ayeuna Ngahiji déui Alumni SDN Pajagalan 47/1 Bandung.  Bandung – Grup Majalah Warta Sunda,- Rasa bu...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Perkemahan PERKASA 2025 di Kwaran Plered

Perkemahan PERKASA 2025 di Kwaran Plered

PleredGrup Majalah Warta Sunda,-

Kwartir Ranting (Kwaran) Plered ngagelar perkemahan PERKASA taun 2025 anu dipuseurkeun di lembur Talun Kp. Diwarung Kulon, RT.12/RW.04, Désa Cibogogirang Kecamatan Plered. Acara ieu dimimitian ti Jumaah sore, 5 Séptémber 2025, sarta bakal ditutup dina Minggu, 7 Séptémber 2025.


Upacara pembukaan dijadwalkeun jam 13.30 WIB, kalawan dihadiran ku pamingpin Kwaran, unsur sakola, guru pamimbing, ogé para murid anu jadi peserta.


Ketua Panitia, H. Suherman, S.Pd, ngungkabkeun yén kagiatan ieu sanés saukur tempat keur kumpul barudak pramuka, tapi ogé minangka ruang pikeun ngamekarkeun poténsi jeung kaparigelan maranéhna.

“Perkemahan PERKASA (Karakter dan Karya Siswa) ieu dipiharep tiasa janten pangalaman anu berharga pikeun murid-murid urang. Ku jalan ieu, maranéhna diajar disiplin, mandiri, ogé silih ajénan dina kahirupan regu. Ieu téh modal penting pikeun nyanghareupan datang,” saur anjeunna.

Dumasar kana katerangan panitia, kagiatan ieu diiluan ku 55 Pangkalan ngawengku 1.100 Siswa SD/MI sareng SMP/MTs, 110 Pembina Gudep, 57 Anggota Saka sarta 70 panitia. 

Lain deui ceuk Ketua Kwarran Plered,  Yeti Heryeti, S.Pd.I., dipiharep para pamilonna teh janten pamilon anu pancawaluya luyu sareng “Pendidikan karakter di Jawa Barat anu dumasar kana konsép kearifan lokal Sunda, anu ngawujud dina lima niléy: Cageur (séhat), Bageur (hadé), Bener (berintegritas), Pinter (cerdas), jeung Singer (terampil).”

Kalih ti éta, para Pembina di tiap sakola dasar jeung sakola menengah di lingkungan Kwaran Plered. Para peserta dibagi kana sababaraha regu anu bakal silih adu dina rupa-rupa lomba jeung kagiatan ketrampilan pramuka.

Jadwal Kagiatan Pokok

  • Kemis, 4 Séptémber 2025  13.30 WIB : Ngadegkeun tenda jeung pangaturan regu. 

  • Juma'ah, 5 Séptémber 2025

    • 13.30 - 14.00 : Chek In Peserta
    • 14.30 - 15.00 : Upacara Pembukaan resmi
    • 15.00 : Sholat ashar Persiapan
    • 16.00 - 17.00 giat Kreasi Seni/karnaval
    • 17.00 - 19.30 Persiapan dan Kegiatan keagamaan
    • 19.30 - 22.00 giat kreasi seni
    • 22.00 Istirahat
  • Saptu, 6 Séptémber 2025

    • 04.00 - 06.00 : Kegiatan Keagamaan 

    • O6. 00 - 07.00 : Olahraga

    • 07.30 - 08.00 : Apel Pagiat, 

    • 08.00 - 09.30 : Giat penguatan Karakter siswa Keselamatan Giat di alam terbuka Pramuka Sadar Bencana, keselamatan kegiatan di ketinggian, Rope AksesIa Purwakarta

    • 09.45 - 11.30 : Badut sulap komunitas Purwakarta

    • 11.30 - 13.00P ersiapan Pribadi

    • 13.00 - 17.00 giat Challenge day

    • 17.00 - 18.00 persiapan pribadi

    • 18.00 - 19.30 giat keagamaan

    • 19.30 - 23.00 Upacara Unggun dan Kreasi Seni

    • 23.00 Istirahat

  • Minggu, 7 Séptémber 2025

    • 04.00 - 06.00 Kegiatan Keagamaan
    • 06. 00 - 07.00 Olahraga
    • 07.00 - 07.30 Persiapan Pribadi
    • 07.30 - 08.30 Upacara penutupan giat
    • 08.30 -09.30 Pengumuman Juara
    • 09.30 sayonara 

Profil Ringkes PERKASA

PERKASA mangrupakeun singgetan tina Perkemahan Pramuka Kwartir Ranting. Ieu kagiatan rutin anu biasana dilaksanakeun unggal taun ku Kwartir Ranting di sakuliah kabupatén. Tujuanana nyaéta pikeun:

  • ngalatih kemandirian jeung kapercayaan diri anggota pramuka,
  • nguatkeun rasa persaudaraan jeung kerjasama,
  • ningkatkeun kapamimpinan jeung disiplin,
  • ogé ngajarkeun cinta kana alam jeung lingkungan.

Kalawan jumlah peserta anu cukup loba sarta jadwal anu geus dirancang sacara sistematis, panitia miharep perkemahan PERKASA 2025 tiasa janten kagiatan anu suksés sarta mere mangpaat pikeun barudak pramuka di Kwaran Plered.

Redaksi dilapangan ngawawancaraan perwakilan pamilon ti SMPN Satap Rawasari, nyatana cép Ridwan Kelas 9-B sarta néng Sri Sulastri Kelas 9-A, yén dina kegiatan ieu téh, ngalatih kemandirian jeung kapercayaan diri anggota pramuka, nguatkeun rasa persaudaraan jeung kerjasama, ningkatkeun kapamimpinan jeung disiplin, ogé ngajarkeun cinta kana alam jeung lingkungan.***



Subscribe to receive free email updates:

1 Response to "Perkemahan PERKASA 2025 di Kwaran Plered"

Anonim mengatakan...

Sae..👍👍🇮🇩

Posting Komentar