Festival Tunas Bahasa Ibu 2025, SMPN 1 Bojong Jadi Pangaping Gelaran Kabupatén Purwakarta
Purwakarta – Grup Majalah Warta Sunda,- Festival Tunas Bahasa Ibu (FTBI) tingkat Kabupatén Purwakarta taun 2025 resmi dibuka di SMPN 1 Bojong, Salasa (2/9/2025). Acara anu lumangsung nepi ka Kamis (4/9/2025) ieu jadi ajang pikeun ngaronjatkeun rasa reueus kana basa Sunda di kalangan murid sakola dasar nepi ka menengah.
Pupuhu Panatacalagara, Ahmad Bakri, S.Pd, ngeceskeun yén jumlah pamilon di tingkat Totalna aya 616 peserta hasil seleksi tingkat kecamatan, ngawengku 238 murid SD jeung 378 murid SMP, ti sakabéh kecamatan di Kabupatén Purwakarta. Para peserta ilubiung dina rupa-rupa lomba, saperti biantara, maca sajak, dongeng, carpon, jeung pupuh sarta borangan.Nurut keun data, yén para pamilon ngawengku diantarana :
Jenjang SD pamilon
Borangan : 32 urang
Maca Sajak : 34 urang
Biantara : 34 urang
Pupuh : 34 urang
Aksara Sunda : 34 urang
Carpon : 32 urang
Ngadongeng : 34 urang
Jumlah Pamilon SD : 234 urang.
Jenjang Pamilon SMP
Borangan : 32 urang
Maca Sajak : 70 urang
Biantara : 63 urang
Pupuh : 51 urang
Aksara Sunda : 54 urang
Carpon : 44 urang
Ngadongeng : 60 urang
Jumlah Pamilon SMP : 374 urang
Sedengkeun ceuk Kasi Kurikulum jeung Penilaian Dinas Pendidikan Kabupaten Purwakarta, Dr. (Cand.) Dede Supendi, M.Pd., nu ogé ngajabat, nétélakeun yén FTBI téh leuwih ti saukur lomba. “Ku ayana FTBI, urang hayang barudak leuwih reueus ngagunakeun basa Sunda, henteu ngan dina panggung lomba, tapi ogé dina kahirupan sapopoe,” saur Dede. Anjeunna ogé negeskeun yén dewan juri dipilih sacara profesional jeung netral pikeun ngajaga integritas kompetisi.
Dina kesempatan éta ogé, Plt. Kepala Dinas Pendidikan Kabupaten Purwakarta, Sadiyah, S.Pd, M.Pd, dina sambutanna nyebutkeun yén basa indung téh pondasi identitas bangsa. “Basa Sunda téh warisan karuhun anu kudu dijaga jeung diajarkeun ka generasi ngora. FTBI salah sahiji usaha nyata pikeun ngalaksanakeun éta amanat,” saur Sadiyah.
Girang pangajén Adé Suryadin, ibu Hj. Onih Suryamah sareng Cécép Hérmawan, Ngaraos reureug tur bungah ku ayana kalumangsungan anu biasa lumangsung sataun sakali. Utami dina kalumangsungnganana aya pasanggiri pupuh kanggo SD sareng SMP. "Alhamdulillah ku ayana kalumangsungan ku FTBI, baris nanjeur, nanjung seni pupuh dina raraga ngariksa ngamumulé budaya Sunda, mugia kalumangsungan FTBI, tetep nanjung ogé aya dina Rido Alloh SWT. Aamiin Yaa robbal Alamin. Pangauban Kawih Sekarkawinanyaan ngiring bingah."
Salah sahiji peserta, Raya Putri Nabila (29/10/2012), siswi kelas VII-E asal SMPN 4 Purwakarta, ngarasa bagja bisa mintonkeun Borangan (Ngabodor Sorangan) . “Abdi reueus tiasa tampil ngabodor nganggo basa Sunda. Mugia tiasa meunang juara jeung ngawakilan Purwakarta ka tingkat provinsi,” ceuk Nabila bari semu haru sok sanajan nyangking juara 3.*
KEPUTUSAN
PANITIA FESTIVAL TUNAS BAHASA IBU
NOMOR 011/PAN.FTBIPWK/IX 2025
TENTANG
PENETAPAN JUARA FESTIVAL TUNAS BAHASA IBU JENJANG SD
TINGKAT KABUPATEN PURWAKARTA TAHUN 2025.
Nomor : 011/PAN.FTBIPWK/IX/2025
Ngeunnan : Penetapan Juara Festival Tunas Bahasa Ibu Jenjang SD Tingkat Kabupaten
Purwakarta Tahun 2025
Daftar Pinunjul Festival Tunas Bahasa Ibu Jenjang SD Taun 2025.
0 Response to "Festival Tunas Bahasa Ibu 2025, SMPN 1 Bojong Jadi Pangaping Gelaran Kabupatén Purwakarta"
Posting Komentar