SMP Satu Atap Terpadu 1 Sukamukti Maniis Juara 2 Bola Voli Putri Ekpresi SMKN Maniis
SMP Satu Atap Terpadu 1 Sukamukti Maniis Juara 2 Bola Voli Putri Ekpresi SMKN Maniis
Purwakarta – Grup Majalah Warta Sunda,-
Rasa bungah jeung reueus karasa ku warga sakola nalika tim voli SMPN Satu Atap Terpadu Sukamukti Maniis kapinunjulan jadi juara 2 dina Bola Voli Putri Ekpresi SMKN Maniis. Kagiatan ieu dilaksanakeun di lapangan SMKN Maniis, Kecamatan Maniis, sarta diiluan ku sababaraha tim ti sakola-sakola nu aya di wewengkon éta.
Tim SMP Satap Maniis nunjukkeun semangat tarung anu luar biasa, kompak, jeung disiplin dina unggal pertandingan. Ku hasilna, maranéhna bisa ngéléhkeun lawan-lawanna nepi ka nyangking posisi juara dua. Kitu di écéskeun ku Kepala SMPN Satu Atap Terpadu Sukamukti Maniis, RW Nurasajati, S.Pd.I., ka Grup Majalah Warta Sunda, Juma'ah, 29/8/2025 di Sakolana.
Inyan oge ngedalkeun rasa syukurna sarta ngahaturkeun nuhun ka para siswa, palatih, jeung sakumna pihak anu geus méré dukungan. Anjeunna miharep préstasi ieu tiasa jadi motivasi keur siswa-siswi séjén supaya leuwih sumanget dina widang olahraga boh akademik.
Kagiatan turnamén voli ieu ogé jadi ajang silaturahmi jeung nguatkeun hubungan antarsakola di Kecamatan Maniis.
Diantara jumlah para siswa SMPN Satu Atap Terpadu Sukamukti Maniis anu kenging kapinunjulan téh wastana :
1. Arisma Kelas (IX) présrasi nu di sangking Kagiatan Voli Juara 2 di SMKN Maniis sinareng Juara 2 di SMKN 1 Plered. Cita-cita hoyong janten Atlet Voli Tradisional.
2. Siti Mutmainah Kelas (IX) présrasi nu di sangking Kagiatan Voli Juara 2 di SMKN Maniis sinareng Juara 2 di SMKN 1 Plered. Cita-cita hoyong janten Atlet Voli Tradisional.
3. Hani Nurliawati Kelas (IX) présrasi nu di sangking Menyanyi Juara 3 nepika dua kali 2024 & 2025 di SMKN Maniis. Cita-cita hoyong Kowad.
4. Siska Apriani Kelas (IX) présrasi nu di sangking Eskul Pramuka Juara 1 PBB SMKN Maniis.
5. Siti Maulida Kelas (IX) présrasi nu di sangking Eskul Pramuka Juara 1 PBB SMKN Maniis. Cita-cita hoyong janten Dokter.
Préstasi anu di sangking ku SMPN Satu Atap Terpadu Sukamukti Maniis ngawengku diantarana :
Taun 2025
1. Juara 2 Bola Voli Putri Ekspresi 3.0 SMKN Maniis
2. Juara 3 Menyanyi Solo Ekspresi 3.0 SMKN Maniis
3. Juara 1 Semaphore Ekspresi 3.0 SMKN Maniis
4. Juara 3 PBB Tongkat Putra Ekspresi 3.0 Gerakan Pramuka Arjuna & Srikandi SMKN Maniis
5. Juara 1 PBB Tongkat Putri Ekspresi 3.0 Gerakan Pramuka Arjuna & Srikandi SMKN Maniis
Taun 2024
1. Juara 3 Teknik Kepramukaan Tingkat SMP Ekspresi SMKN Maniis
2. Juara 3 Menyanyi Solo Tingkat SMP Ekspresi SMKN Maniis
3. Penghargaan salaku "Paduan Suara" Miéling HUT Kamerdikaan RI di Désa Sukamukti.
Taun 2023
1. Juara 3 Lomba Pembuatan Poster "PMSE" Pembangkitan Jawa Bali Masdar Solar Energi
Taun 2017
1. Juara Harapan Bina Lomba Peraturan Baris Berbaris Pandawa Resba Management.***
0 Response to "SMP Satu Atap Terpadu 1 Sukamukti Maniis Juara 2 Bola Voli Putri Ekpresi SMKN Maniis"
Posting Komentar