39 Taun Lulus, PaburencayAyeuna Ngahiji déui Alumni SDN Pajagalan 47/1 Bandung.
39 Taun Lulus, Paburencay
Ayeuna Ngahiji déui Alumni SDN Pajagalan 47/1 Bandung.
Bandung – Grup Majalah Warta Sunda,-
Rasa bungah jeung haru karasa dina raray para alumni SDN Pajagalan 47 Bandung lulusan taun 1986 anu ngariung deui dina acara silaturahmi, Saptu (6/9/2025), di Bakso Ihsan Bojongloa, Astana Anyar, Bandung.
Acara anu dihadiran ku kurang leuwih 10 urang alumni ieu dimaksudkeun pikeun ngaraketkeun deui duduluran anu geus puluhan taun papisah sanggeus tamat sakola dasar. Sajeroning riungan, para alumni silih tukeur carita ngeunaan pangalaman hirup, kulawarga, nepi ka nostalgia mangsa sakola baheula. Tangtu
Panitia acara, Ina, nyarios yén ieu riungan mangrupa inisiatif bareng sababaraha alumni. “Kami ngaraos penting pisan ngajaga tali silaturahmi. Sanes ukur papanggih jeung rerencangan lami, tapi ogé janten ajang pikeun nguatkeun deui kabersamaan. Insya Allah ieu bakal janten program rutin,” saur Ina.
Samentara éta, salah sahiji alumni, Mimin Mintarsih, ngedalkeun rasa bagjana tiasa patepang deui. “Naha saeutik naha seueur, anu penting urang tiasa ngahiji deui. Aya rasa haru, inget jaman baheula nalika sakola di Pajagalan,” pokna bari mesem.
Kasang Tukangna riungan Alumni SDN Pajagalan 47 Bandung lulusan taun 1986 ngumpul deui dina hiji acara silaturahmi pikeun ngaraketkeun duduluran anu geus lila papisah di Bakso Ihsan Bojongloa.
Reuni ieu jadi ajang pikeun nepungan deui rerencangan sakelas, guru-guru baheula, sarta ngabagi carita jeung pangalaman sanggeus leuwih ti tilu dekade ngalangkungan kahirupan.
Salain ti ukur silaturahmi, para alumni oge boga niat pikeun neruskeun tataliwargi ngalakukeun kagiatan sosial anu bisa méré mangpaat ka sakola asal.
Paguyuban alumni oge keur nyusun database anggota pikeun ngaronjatkeun komunikasi jeung ngagampangkeun koordinasi kagiatan di mangsa datang.
Kalawan semangat “Ngahiji, Ngaraketkeun Duduluran, Ngabagi Mangpaat”, alumni SDN Pajagalan 47 Bandung lulusan 1986 miharep bisa terus ngajaga rasa babarayaan sarta nambahkeun kontribusi pikeun sakola jeung lingkunganana.
"Geus waktuna maheutkeun deui babarayaan, baheula batur ayeuna baraya. Kurang leuwih tilu puluh salapan taunan katukang papisah taya beja di kieuna, ayeuna urang papag kakulawargaan ti kaler-kidul, kulon wetan patepung ngahiji sabeungkeutan geusan babakti ka Nu Kawasa Robil Illahi."
Riungan anu dieusi ku suasana akrab tur sederhana ieu ngagambarkeun kumaha pentingna miara tali duduluran. Para alumni sapuk bakal terus ngayakeun kagiatan silaturahmi sacara berkala, sangkan hubungan anu geus diwangun ti leuleutik tetep kuat nepi ka kiwari.
Paguyuban alumni ogé keur nyusun database anggota pikeun ngaronjatkeun komunikasi jeung ngagampangkeun koordinasi kagiatan di mangsa datang. Nurutkeun data GG pamarset : Ani, Sidki Arab, Heri, Ina, Dani, Nita, Roni. GG Siti Munigar : Andi odang, Ivan. GG Sastra : Tono, Mimin, Wendi, Jang Rudi.
Sedengkeun Paling banyakmah daérah Nyengseret, Saurna misan tos ngantunken.
Daérah Nyengseret : Sukanto, Taufik Hidayat, Neng Nurhayati (Alm), Enti, Ai, Yana, Deni KT, Dede Lebe, Pepi, Samsu, koncleng, Mumuk, Kiwil, Sopiah Panjunan jeung rea deui teu kasebutkeun harilap deui.***
0 Response to "39 Taun Lulus, PaburencayAyeuna Ngahiji déui Alumni SDN Pajagalan 47/1 Bandung. "
Posting Komentar