WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Muhamad Daffa Sidiq: Ti Juara Nulis & Maca Aksara Sunda Nepi ka Ngudag Impian Jadi Animator

Muhamad Daffa Sidiq: Ti Juara Nulis & Maca Aksara Sunda Nepi ka Ngudag Impian Jadi Animator Tegalwaru - Grup Majalah Warta...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Kapala Désa Cengkong Rék Béak Jabatan 28 Désémber 2026, Pilkades Digelar Nopémber



Kapala Désa Cengkong Rék Béak Jabatan 28 Désémber 2026, Pilkades Digelar Nopémber

Karawang – Grup Majalah Warta Sunda,- Kapala Désa Cengkong, Kecamatan Purwasari, Kabupaten Karawang, Santo, rék béak masa jabatanna dina tanggal 28 Désémber 2026. Sateuacan éta, pamaréntah geus netepkeun yén hajat demokrasi Pilkades bakal digelar dina bulan Nopémber 2026.

Dumasar kana data administrasi désa, jumlah penduduk Désa Cengkong ngahontal 21.000 jiwa, kalayan 18.000 warga boga hak pilih dina Pilkades anu bakal datang. Ku jumlah nu cukup gedé ieu, Pilkades Cengkong dipiharep bakal jadi salah sahiji pamilihan anu rame jeung meriah di Kecamatan Purwasari.

Camat Kecamatan Purwasari, Muhana, S.STP, M.M., ngécéskeun yén Pilkades ieu bagian tina gelombang pamilihan serentak di Kabupaten Karawang. “Urang miharep prosésna lancar, aman, jeung damai. Anu pangpentingna, warga ngajaga kerukunan sanajan beda pilihan,” saur anjeunna.

Dina kesempatan éta, Sekdes Cengkong, Obay ogé nandeskeun yén Pilkades henteu ngan saukur milih kapala désa anyar, tapi ogé netepkeun arah pembangunan désa mangsa nu bakal datang. Warga ngarepkeun pamingpin anyar bisa neruskeun program nu geus aya sarta nambahan inovasi pikeun ningkatkeun kasejahteraan masarakat.***





Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Kapala Désa Cengkong Rék Béak Jabatan 28 Désémber 2026, Pilkades Digelar Nopémber"

Posting Komentar