WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Muhamad Daffa Sidiq: Ti Juara Nulis & Maca Aksara Sunda Nepi ka Ngudag Impian Jadi Animator

Muhamad Daffa Sidiq: Ti Juara Nulis & Maca Aksara Sunda Nepi ka Ngudag Impian Jadi Animator Tegalwaru - Grup Majalah Warta...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Ngudag Cita-cita ti Lembur: Carita Dua Urang Siswa SMPN Satap Terpadu Rawasari, Hampir Putus Sakola


Ngudag Cita-cita ti Lembur: Carita Dua Urang Siswa SMPN Satap Terpadu Rawasari, Hampir Putus Sakola

Purwakarta — Grup Majalah Warta Sunda,-

Dua urang siswa di SMPN Satap Terpadu Rawasari, Kecamatan Plered, Kabupaten Purwakarta, kapanggih dina kaayaan rawan putus sakola alatan kasusah ékonomi kulawargana. 


Dua urang budak éta téh, ayeuna geus sakola di SMPN Satap Terpadu Rawasari, nyaéta cep Ipan Kp. Babakan RT.03/02 , sareng Muhammad Hoerul Nizam, sakolana rajin tur giat. Sakumaha nu kantos dimuat ku Grup Majalah Warta Sunda sawatara waktu katukang nu judulna Target Kadés Cadasmekar, Ngadata Anak Putus Sekolah, Saminggu.  


Muhammad Ipan (lahir 2009), putra ti Ibu Iis jeung Bapa Idin, pagawé buruh. Sanajan kahirupan kulawargana saderhana, Ipan boga cita-cita janten Tentara Nasional Indonesia (TNI). Anjeunna miharep ku jalan pendidikan, impianana bisa kasorang.


Muhamad Khoirul Nijam (lahir 2013) ogé miboga kahayang anu sarua luhur. Anjeunna hoyong janten pulisi. Di luar jam sakola, Nijam sok ngabantu Aki Bubuy, nu mere anjeunna pancén ngangon domba di lembur. Tangtuna, éta henteu gampang, tapi Nijam tetep semangat pikeun neruskeun sakola.

Kapala sakola, Yanto Heryanto, S.S., nerangkeun yén pihak sakola ayeuna terus ngusahakeun rupa-rupa jalan pikeun mantuan, boh ku ngadeketan pihak kulawarga boh ku gawé bareng jeung komite sakola jeung aparat désa. Tujuanana sangkan dua siswa éta bisa tetep neruskeun atikanana nepi ka réngsé.

Inyana ogé, nandeskeun yén sakola moal ngantep siswana eureun sakola ngan ukur alatan kakirangan biaya. Ku kituna, diharepkeun aya peran ti pamaréntah sarta masarakat pikeun silih dukung ngajaga kasempetan sakola keur barudak.

Hirup basajan teu ngahalangan murangkalih pikeun miboga impian luhur. Ieu katingali tina kahirupan sapopoé siswa SMPN Satap Terpadu Rawasari, nu taun ajaran anyar 2024/2025 nampi 192 siswa, di bawah kapamimpinan Yanto Heryanto, S.S., Kepala Sakola nu boga latar pendidikan Sastra Inggris.

Sakola anu ayana di Kampung Cigotong RW 13 jeung RW 03, Désa Rawasari, ieu ayeuna ditopang ku 13 guru, ditambah 3 guru tambahan, ogé tenaga kependidikan anyar anu resmi ngamimitian tugas per 1 Juli 2024. Siswa anyar ogé parantos ngalaksanakeun Masa Orientasi Siswa (MOS) salami saminggu pikeun adaptasi jeung lingkungan sakola.

Di balik angka jeung data, aya carita-carita inspiratif ti murangkalih anu datang ti kulawarga basajan.

Kapala sakola Yanto Heryanto ngajelaskeun, sakola satap ieu henteu ngan ukur ngajar pelajaran formal, tapi ogé jadi tempat nguatkeun cita-cita jeung motivasi siswa. “Kami yakin, sanajan ti kulawarga basajan, lamun aya dukungan jeung dorongan ti sakola, anak-anak tiasa ngahontal naon anu dipikaharep,” saur anjeunna.

Carita ti Ipan jeung Nijam téh ngagambarkeun yén pendidikan di lembur ogé bisa jadi panto pikeun ngahontal masa depan anu leuwih hade.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Ngudag Cita-cita ti Lembur: Carita Dua Urang Siswa SMPN Satap Terpadu Rawasari, Hampir Putus Sakola"

Posting Komentar