WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Désa Manggung : Kapala Désa Nangewer Ngahudangkeun Kepekaan kana Pendidikan

Kapala Désa Nangewer Ngahudangkeun Kepekaan kana Pendidikan Purwakarta – Grup Majalah Warta Sunda,- Kapala Désa Nangewer, Kec...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Unik! Hiji-hijina Désa di Purwakarta nu Kacatet Boga Mobil Inventaris



Unik! Hiji-hijina Désa di Purwakarta nu Kacatet Boga Mobil Inventaris


PURWAKARTAGrup Majalah Warta Sunda,-
     Dina jajaran pamaréntahan désa di Kabupatén Purwakarta, aya hiji hal anu matak unik jeung béda. Hiji désa kacatet minangka hiji-hijina désa anu boga mobil inventaris resmi pikeun ngarojong kagiatan pamaréntahan jeung pelayanan ka masarakat.


     Mobil inventaris éta dipaké pikeun rupa-rupa kapentingan, ti mimiti ngadukung kagiatan operasional aparat désa, ngabantu mobilitas dina pelayanan administrasi ka warga, nepi ka ngadukung acara-acara sosial di tingkat désa, ngarojong kagiatan pamaréntahan désa, ngalancarkeun pelayanan ka masyarakat, jeung mobilitas aparat désa dina ngalaksanakeun tugas sapopoé.

     Kapala Désa Sukamukti, Kecamatan Maniis, Purwakarta, Abduloh, netelakeun yén mobil éta difungsikeun pikeun kapentingan umum, sapertos nganteur warga anu keur darurat kasehatan, ngurus administrasi, nepi ka ngarojong program pembangunan désa.


Unik! Hiji-hijina Désa di Purwakarta nu Kacatet Boga Mobil Inventaris. *

     Ayana mobil inventaris téh mangrupakeun hiji léngkah pikeun ngaronjatkeun efektivitas jeung éfisiensi kagiatan pamaréntahan désa. “Ku ayana mobil ieu, insya Allah sagala kaperluan anu aya hubunganana jeung palayanan ka warga bisa leuwih gancang jeung merenah,” saur anjeunna.

     Sanajan kitu, kaayaan ieu ogé ngundang perhatian ti sababaraha pihak, lantaran ngan aya hiji désa di Purwakarta anu meunangkeun fasilitas sapertos kieu. Sababaraha désa séjén ngaharepkeun supaya aya kasempetan sarua, sahingga pelayanan ka masarakat bisa leuwih maksimal.

     Lain deui nu kasauran ti perwakilan Tokoh Masarakat, Aseng (40), ngaréspon positif kana ayana mobil inventaris éta. Sababaraha warga nyebut yén éta mobil henteu ngan saukur pikeun “gagah-gagahan”, tapi bener-bener dipaké pikeun kapentingan umum.

     Dina kesempatan éta ogé, rédaksi ngawawancaraan salah saurang warga Kp. Sodong, RT. 001/RW.001, aki Jumanta (65), ngarasa bungah incuna kamari teu damang parna tiasa dijajap nganggo mobil pamasihan pamaréntah, ayeuna tos sehat. "Mugia, ayana mobil inventaris ieu kanggo kamaslahatan warga Sukamukti.***


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Unik! Hiji-hijina Désa di Purwakarta nu Kacatet Boga Mobil Inventaris"

Posting Komentar