WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Désa Manggung : Kapala Désa Nangewer Ngahudangkeun Kepekaan kana Pendidikan

Kapala Désa Nangewer Ngahudangkeun Kepekaan kana Pendidikan Purwakarta – Grup Majalah Warta Sunda,- Kapala Désa Nangewer, Kec...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Désa Manggung : Kapala Désa Nangewer Ngahudangkeun Kepekaan kana Pendidikan


Kapala Désa Nangewer Ngahudangkeun Kepekaan kana Pendidikan

Purwakarta – Grup Majalah Warta Sunda,-Kapala Désa Nangewer, Kecamatan Darangdan, Asep Munajat, babarengan jeung aparat désa utamana Kadus 1 Darso Hapid, terus nenjo jeung ngalakukeun koordinasi pikeun ngungkulan masalah pendidikan di lingkunganana. Salah sahiji masalah utama nyaéta overload siswa anu karandapan di sababaraha sakola, utamana di Dusun 2.


Sedengkeun di Dusun 4 anu jumlah wargana ngahontal 2.000 jiwa, can aya fasilitas sakola. Ku sabab kitu, barudak sakola ti wewengkon éta kudu milih sakola ka désa tatangga, salah sahijina ka SDN 2 Pasirangin.

Di wewengkon Kampung Citamiang jeung Cigintung (RT. 16, 17, 18, 19, 20, 21, 24 sarta RT.4, 2, 1, 3, RT. 9, 22, 23 di ka-RW-an. 01, 02, 10, di Karajan Sindangsari, jumlah barudak sakola beuki loba, tapi fasilitas pendidikan dasar tacan aya. Padahal jumlah penduduk di éta wewengkon leuwih ti 2.000 jiwa, tapi teu acan miboga sakola sorangan.

Kondisi kaayaan sapras sakola di wewengkon Désa Nangewer, jadi perhatian Kepala Désa.*


Sedengkeun di Dusun 2 anu jumlah pendudukna ngahontal 2.600 jiwa, SDN 1 Nangewer nu lokasina di Kampung Sukadingin  RT.07/04 geus kacida overload-na. Malah aya dua ruang kelas anu kaayaanana rék rubuh. Kepala Sakola, Bu Ai Rokayah ngajelaskeun yén sabagian siswa kudu dialihkeun ka sakola tatangga di Pasirangin jeung Bangbaluh pikeun bisa terus neruskeun atikanana.

Data administrasi nunjukkeun yén jumlah warga Désa Nangewer ngahontal 7.200 jiwa, kalayan hak pilih 5.018 urang. Tina éta jumlah, 70 persén warga buruh tani, sedengkeun sisana mayoritas usaha dagang. Sajaba ti éta, aya ogé PNS 11 urang, aparat Polri 1 urang, sarta karyawan BUMN 1 urang.

Masalah pendidikan ieu geus jadi perhatian serius ku Kapala Désa Asep Munajat. Anjeunna babarengan Kadus 1 Darsul Hapid terus nyusun koordinasi jeung Camat Darangdan, Drs. Idrus Alihasan, pikeun ngudag solusi anu nyata sarta miboga daya guna jangka panjang.

Pendidikan téh kudu jadi prioritas. Ulah aya deui barudak di Nangewer anu teu meunang kasempetan sakola lantaran jarak jeung fasilitas anu teu nyukupan,” ceuk Asep Munajat.***

Kapala Désa Nangewer Ngahudangkeun Kepekaan kana Pendidikan

Purwakarta – Grup Majalah Warta Sunda – Kapala Désa Nangewer, Kecamatan Darangdan, Asep Munajat, babarengan jeung aparat désa utamana Kadus 1 Darso Hapid, terus nenjo jeung ngalakukeun koordinasi pikeun ngungkulan masalah pendidikan di lingkunganana. Salah sahiji masalah utama nyaéta overload siswa anu karandapan di sababaraha sakola, utamana di Dusun 3.
Sedengkeun di Dusun 4 anu jumlah wargana ngahontal 2.000 jiwa, can aya fasilitas sakola. Ku sabab kitu, barudak sakola ti wewengkon éta kudu milih sakola ka désa tatangga, salah sahijina ka SDN 2 Pasirangin.


Di wewengkon Kampung Citamiang jeung Cigintung (RT 7, RT 8 RW 04, sarta RT 9 di Karajan), jumlah barudak sakola beuki loba, tapi fasilitas pendidikan dasar tacan aya. Padahal jumlah penduduk di éta wewengkon leuwih ti 2.000 jiwa, tapi teu acan miboga sakola sorangan.

Sedengkeun di Dusun 3 anu jumlah pendudukna ngahontal 2.600 jiwaSDN 1 Nangewer nu lokasina di Kampung Sukadingin RW 07/04 geus kacida overload-na. Malah aya dua ruang kelas anu kaayaanana rék rubuh. Kepala Sakola, Bu Ai, ngajelaskeun yén sabagian siswa kudu dialihkeun ka sakola tatangga di Pasirangin jeung Bangbaluh pikeun bisa terus neruskeun atikanana.

Data administrasi nunjukkeun yén jumlah warga Désa Nangewer ngahontal 7.200 jiwa, kalayan hak pilih 5.018 urang. Tina éta jumlah, 70 persén warga buruh tani, sedengkeun sisana mayoritas usaha dagang. Sajaba ti éta, aya ogé PNS 11 urang, aparat Polri 1 urang, sarta karyawan BUMN 1 urang. Lian ti éta, Jumlah 25 ka-RT-an, 10 ka-RW-an, sarta 4-kadusunan.


Masalah pendidikan ieu geus jadi perhatian serius ku Kapala Désa Asep Munajat. Anjeunna babarengan Kadus 1 Darso Hapid terus nyusun koordinasi jeung Camat Darangdan, Idrus, pikeun ngudag solusi anu nyata sarta miboga daya guna jangka panjang.

Pendidikan téh kudu jadi prioritas. Ulah aya deui barudak di Nangewer anu teu meunang kasempetan sakola lantaran jarak jeung fasilitas anu teu nyukupan,” ceuk Asep Munajat.







Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Désa Manggung : Kapala Désa Nangewer Ngahudangkeun Kepekaan kana Pendidikan"

Posting Komentar